Asana teh, nu jadi udagan urang dina konteks interaksi antarsuku di Indonesia hususna, taya lian konsep egalite, kesetaraan, pajajaran. Tapi dina prakna, aya hal2 nu kudu jadi pertimbangan. Pajajaran lain harti sama rasa sama rata, tapi adil, dina harti nempatkeun hiji2 dumasar kaayaanana masing2. Dina konteks Jawa Barat (+ Banten baheula mah), nu kuduna diwilah2 teh lain Sunda, Banten, atawa Cirebonna, atawa entitas2 asli nu sejenna, tapi warga asli (pribumi) jeung nu ngumbara/pendatang/migran. Mun disebut diskriminasi tea mah, kuring panuju (pisan)! Sabab, ceuk kuring ieu mah, kudu aya mekanisme sangkan warga pribumi teu kasilih ku nu daratang, boh dina hal hak2 ekonomina, komo masalah pertanahan mah. Masalah pacengkadan antar nu gaduh kalungguhan di masing2 wewengkon, kuring nganggap lain sagemblengna karep rahayat. Di nu kitu mah loba pulitisasina, malah kadang sok aya kapentingan2 pribadi/golongan nu numpakan, ditabeuh ku sentimen rasial nu digede-gedekeun nu di akar rumputna sorangan teu ieuh karasa.
-- k#5 -------- Original Message -------- > Waleran sim kuring; > Puguh kang sim kuring ga rada hariwang, salaku penduduk minoritas di > jawa barat--sabab saya urang cirebon--ku tulisan diluhurteh. Hariwang > bisa hak-hak politik sareng hak-hak anu sanesna dibatesan ku suku anu > mayoritas (baca=sunda). Tapi mun kaayaan jiga tulisan diluhur teh > kalaksana nya kedah kumaha deui? Kecuali nurutan kelompok mayoritas. > Apan demokrasimah cenah suara terbanyak anu meunang teh. ________________________________________________ Message sent using QuasarMail 1.0 ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Make a clean sweep of pop-up ads. Yahoo! Companion Toolbar. Now with Pop-Up Blocker. Get it for free! http://us.click.yahoo.com/L5YrjA/eSIIAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

