Upami nitenan sajarah, kacondongan (sikep ngalaksanakeun) agama anu 
ngagegedekeun urusan ritual teh memang (digunakeun pikeun) 
ngalanggengkeun kakawasaan anu...feodal atawa nindes tea. Cenah 
nyalindung dina satukangeun ritual mah "aman-aman saja", moal 
digugat da geus ngarupakeun dogma (padahal sabagian atawa sabagean 
gede tina "ritual" teh boa-boa ukur budaya). 

Hal ieu kabuktian, ti mimiti abad 6-7 M, khususna nalika Mu'awiyah, 
dinasti Umayyah di Damaskus, ngawariskeun kakawasaan pamarentahan 
(ku cara sistem karajaan) ka anakna, Yazid, aya hiji mangsa dina 
sajarah ummat Islam anu pinuh ku produksi hadist. Hadist-hadist anu 
diproduksi utamana hadist-hadist ngeunaan gedena ganjaran ibadah 
ritual; dina mangsa anu sarua, ngalelepkeun pentingna urusan sosial 
jeung kaadilan. Pikeun anu aya maksud maluruh leuwih jauh, mangga 
uningaan buku-buku ngeunaan "ullumul hadist" ("rijaalul 
hadist", "kaefa sima al hadist", jst), tapi ulah dipilihan eta buku-
buku anu samadzhab atawa ti pangarang anu sapamadegan bae (sok 
sanajan samdzhab, tiasa bae anu nganggit buku-buku hadist teh beda 
pamadegan). Sigana mah dina mangsa atawa periode harita oge mimiti 
seueur dihasilkeun hadist-hadist anu bias ku issu gender. 

Aeh naha bet jadi ngaguar hadist nya. Wangsul deui ka ibadah ritual 
vs ibadah sosial. Akhir-akhir ieu salah sahiji program gubernur 
Jabar teh nyaeta "kesalehan sosial" tea. Tapi dina prak-prakanna 
malah ngalahirkeun/nyiptakeun proyek anu ritual oge (proyek lomba 
adzan di radio). Padahal upama aya niatan balik deui kana sinergi 
antara agama jeung budaya, "kesalehan sosial" teh geus diwanti-wanti 
ku karuhun urang dina "ngertakeun bumi lamba" atawa "napakeun 
dunya"; sakumaha dimensi sosial teh ngarupikeun dimensi pang 
pentingna dina agama (Islam). Kantun prakna sanyatana mah, 
dimimitian ku ngalaksanakeun kaadilan.

Ti kapungkur parantos aya anu nandaan jeung ngiberan, Kang, yen 
deukeutan agama sacara emosional memang matak narik ati, hurung 
mancur sakapeung pating gurilap ku "kasalehan", ngan hanjakal, 
kurang nanceb kana sumanget bajoang sacara kolektif alias 
kamasyarakatan. Urusan poko masalah kamasyarakatan moal tiasa beres 
roes ukur ku dzikir atawa ceramah-ceramah anu sifatna ngabangkitkeun 
emosi (atawa narik keur tontonan). Disawang tina (strategi) 
pangwangunan budaya, pikeun ngabeberes pasoalan-pasoalan 
kamasyarakatan teh sakurang-kurangna perlu 3 lengkah (revitalisasi 
nudaya) tea: 1) pamahaman anu jero sahingga nimbulkeun kasadaran, 2) 
ngarencanakeun sacara babarengan (kolektif), 3) ngabangkitkeun 
kreativitas-kreativitas budaya. 

Jeung Gusti eta anu Maha Uninga kana bebeneran.

Baktos,
manAR 

   


--- In [EMAIL PROTECTED], MRachmat Rawyani 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Tah...tah...tah... Geuning nyambung yeuh sareng anu
> dipedarkeun ku Kang Oman, yen eusina ajaran alquran
> teh 90 % eusina perkara urusan kahirupan di dunya,
> lain urusan soal ibadah ka Allah.
> 
> Asana teh jaman penjajahan Walanda, anu ngagedekeun
> perkara ibadah ritual tinimbang ngamalkeun eusina. Ari
> kitu mah atuh pola ibadah urang ayeuna teh teu beda
> jeung jaman walanda? Pantesan atuh korupsina mani pang
> jagona.
> 
> Punten ah, sanes nyindir kanu sok ngiringan zikir
> bersama anu sok dipintonkeun ku sababaraha stasiun
> televisi. 
> 
> 
> mrachmatrawyani
>  
> --- Tito Suryana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> .> 
> .> Lantas dimana letak kesalahannya? Saya kira
> > persoalan utamanya adalah pada
> > kesalahan cara berpikir. Banyak orang yang memahami
> > agama dalam pengertian
> > ritual dan fiqih belaka. Dalam konsep mereka,
> > beragama berarti melakukan
> > shalat, puasa, zakat, haji dan melagukan (bukannya
> > membaca) Alquran.
> > Padahal esensi beragama bukan disitu. Esensi
> > beragama justru pada budi
> > pekerti yang mulia.
> > 
> > Kedua, agama sering dipahami sebagai serangkaian
> > peraturan dan larangan.
> > Dengan demikian makna agama telah tereduksi
> > sedemikian rupa menjadi
> > kewajiban dan bukan kebutuhan. Agama diajarkan
> > dengan pendekatan hukum
> > (outside-in), bukannya dengan pendekatan kebutuhan
> > dan komitmen
> > (inside-out). Ini menjauhkan agama dari makna
> > sebenarnya yaitu sebagai  sebuah sebuah cara hidup
> > (way of life), apalagi
> > cara berpikir (way of   thinking).
> > 
> > Agama seharusnya dipahami sebagai sebuah kebutuhan
> > tertinggi manusia.
> > *Kita  tidak beribadah karena surga dan neraka
> > tetapi karena kita lapar
> > secara  rohani.
> > *Kita beribadah karena kita menginginkan kesejukan
> > dan kenikmatan  batin
> > yang tiada taranya.
> > *Kita beribadah karena rindu untuk menyelami jiwa 
> > sejati kita dan merasakan
> > kehadiran Tuhan dalam keseharian kita.
> > *Kita  berbuat baik bukan karena takut tapi karena
> > kita tak ingin melukai
> > diri  kita sendiri dengan perbuatan yang jahat.
> > 
> > 
> > 
> 
> 
> 
>               
> _______________________________
> Do you Yahoo!?
> Express yourself with Y! Messenger! Free. Download now. 
> http://messenger.yahoo.com





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
$9.95 domain names from Yahoo!. Register anything.
http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke