Ngiringan mairan ah sakedik... Perkawis korupsi, kuring mah leuwih satuju kana pamendak Kang Dudi, yen eta mah sanes kasalahan logika, tapi manipulasi, tamba era tamba teu ngaku teuing! Atawa, mun seug nitenan kaayaan masarakat urang ayeuna (kaasup nempo ka diri, ngararasakeun lamunan), mahabuna (malah geus ngakar cenah, bunderan setan) korupsi disababkeun ku beuki kaburna harti korupsi kuanjeun, nepi ka teu bisa ngabedakeun antara korupsi jeung teu korupsi, da geus dianggap biasa tea. Korupsi nu kabejakeun dipigawe ku jalma sejen, mani karasa nyolok mata buncelik, naha urang yakin yen sapopoe di tempat gawe atawa di masarakat, urang jauh tina korupsi (sarta wadiabaladna: kolusi & manipulasi)? Di meja gawe urang di kantor, aya spidol (inventaris), pangangguran urang tulas-tulis make eta spidol, bari lain pikeun kapentingan kantor. Naha eta korupsi? Urang manggihan artikel kasundaan di internet, heug ku urang teh dicetak, make printer kantor, meakkeun mangsi nu kantor. Naha nu kitu kasebat korupsi? Urang kabeneran aya perlu ka batur, nu teu aya patalina jeung pagawean kantor, heg nelpon ti kantor, pulsana dibayar ku kantor. Dupi peta kitu kagolongkeun korupsi atanapi henteu? Dina hiji riwayat, jaman khalifah Umar (duka Umar nu mana). Nuju anteng anjeunna barang damel di rohanganana, sumping putrana nu salajengna ngadugikeun yen aya kaperyogian nu sipatna pribadi, masalah bapa jeung anak. Naon anu dipidamel pangheulana ku khalifah? Anjeunna mareuman lantera.
On Wed, 27 Oct 2004 15:31:22 +0700, dudi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Perkawis korupsi alesan pikeun ibadah kalebet > "logical fallacy (LF)/kasalahan logika (KL)" raraosan mah langkung condong > kana manipulasi logika, nyumputkeun niat awonna eta jalmi, atanapi leres > kasauran Kang Rani "sempal kapiguyon" wungkul ti sang koruptor nyumputkeun > kaera, mung masyarakat serius teuing nganggapna anu antukna janten LF/KL > kanggo anu awam. -- kumi ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $9.95 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

