Heuheuy deuh....., geuning kitu nya, alesan korupsi pejabat teh? muhun abong-abong jalmi luhung elmu boh agama atanapi darigama eta geuning rajin sholat (komo panginten dalil-dalil mah tos ngolotok) da puguh waktos anomna nyalantri, sakola laluhur gaduh kalungguhan ge luhur.
 
Eta nitenan niatna mah sae "milarian nafkah kulawargi" sami sareng sim kuring, moal kitu kaasup golongan koruptor padah eta gaduh niat anu sami? ih bararaid teuning....! 
 
Upami ditelek-telek geuning niat teh pagawean hate, hate tea pajarkeun teh sok sanaos deet tapi moal kakobet, kukituna upami aya jalmi ngaduh niat sae, nyariosna sae, hasilna korupsi (goreng) tetela eta mah Ua jalmi error margi teu sinkron antawis niat, tekad, ucap, lampah, paripolahna. Jalmi anu teu acan sidik mana haqq sareng batil, mana anu sae sareng mana anu langkung sae, mana anu langkung sae sareng mana anu pangsaena.
 
Upami kongang mah hoyong seuri nyakakak, maca kalakuan koruptor posting ti Ua Yani......, tapi ari pek teh aya anu ngaharewos "tong tarik teuing ari nyengseurikeun diri sorangan teh....!"
 
 
Wassalam,
dudi_ss
 
 
 
----- Original Message -----
Sent: Tuesday, October 26, 2004 3:27 PM
Subject: [Urang Sunda] Ibadah....korupsi

Aya rerencangan kuring anu ayeuna dumuk di luar
Indonesia, sok nyindir ka sim kuring "Nyaho heunteu
kunaon pamingpin Indonesia sok korupsi, tapi teu
ngarasa dosa?"
Ceuk manehna keneh, "sabab niatna ibadah. Ibadah rek
ngabantu kahirupan kulawargana. Tah kusabab kitu,
tingali geura para pamingpin Indonesia negakkeun
shalat  mah rajin, tapi korupsina oge paling getol."

Ieu mah heureuy ti rerencangan kuring, tong  jadi
emutan.


mrachmatrawyani


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke