Inget keneh harita kasauran juragan dosen anu keru maparinan kursus ngeunaan "logika", geuning loba nakeranan kasalahan logika dina kahirupan sapopoe. Pikeun usaha "social engineering" (= ngawangun budaya), perlu pisan paham atawa saeutikna nengetan kana kasalahan migunakeun logika dina kahirupan sapopoe.
Naon anu dicaritakeun ku Kang Rachmat, ngeunaan anu korupsi kalawan alesan pikeun ibadah, eta kalebet "logical fallacy" (LF), kasalahan logika (KL) sakapeung sok jadi mitos tea. Conto sejen LF atawa KL upamana bae katangen dina ucapan-ucapan di handap ieu: - "Mending keneh di jaman Pak Harto euy tinimbang jaman reformasi Amin Rais mah, sabab reformasi kalahka mambahan paciweuh, harga- harga beuki mahal". - (kulantaran geus tilu kali pas manehna datang, hujan turun):"Tah mun datang si eta, pasti turun hujan" - "Bisa heuteu Pangeran nyiptakeun batu anu beuret kacida tepi ka Pangeran kua anjeun heunteu tiasa ngangkat eta batu"? (pertanyaan teu logis, sabab geus mengpar tina definisi "Pangeran" anu disatarakeun jeung batu) - dina perang Shiffin, nalika sahabat Nabi saw, Ammar bin Yasir ra, syahid ditelasan ku pasukan Mua'wwiyah, salah saurang sahabat Nabi saw sanesna emut kana hadist anu nguningakeun yen Ammar bin Yasir baris ditelasan ku golongan jelema-jelema dzholim, teras bae eta hadist teh dibewarakeun di tengah pangperangan. Ti pihak anu nelasan Ammar, ngangles kieu:"Ari Ammar dibawa ka pangperangan ieu ku saha? Tah nya atuh pimpinan perang anu mawa Ammar ka medang peperangan ieu anu satemenna geus mateni Ammar mah". Dina kahirupan sapopoe, urang mindeng ngalakukeun atawa boga sikep hirup anu jero-jerona nembrakkeun kasalaha logika. Upamana bae, urang boga pamadegan ceuceub atawa heunteu resep kana feodalisme, tapi kalakuan urang nunjukkeun sikep feodal (upamana bae: heunteu kaopan/teu tahan dikritik, jst). Kasalahan logika dina kasus ibadah-korupsi, diantarana geus nyampurkeun haram jeung halal. Atawa, ngahalalkeun sagala cara pikeun ibadah. Leuwih jauh: ngaheulakeun ibadah tinimbang laku adil. Ari ceuk golongan mutashowiffin mah cenah ngaheulakeun "tahalli" (ngahias diri ku ibadah) tinimbang "takholli" (meresihan diri tina hal-hal anu haram). Mung Gusti anu Maha Uninga. Cag. manAR --- In [EMAIL PROTECTED], MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Aya rerencangan kuring anu ayeuna dumuk di luar > Indonesia, sok nyindir ka sim kuring "Nyaho heunteu > kunaon pamingpin Indonesia sok korupsi, tapi teu > ngarasa dosa?" > Ceuk manehna keneh, "sabab niatna ibadah. Ibadah rek > ngabantu kahirupan kulawargana. Tah kusabab kitu, > tingali geura para pamingpin Indonesia negakkeun > shalat mah rajin, tapi korupsina oge paling getol." > > Ieu mah heureuy ti rerencangan kuring, tong jadi > emutan. > > > mrachmatrawyani > > --- dudi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Sakumaha naon anu dipedar ku Ua Tito sareng Ua Yani, > > janten ras emut kana naon tujuan diciptakeunana > > manusa nyaeta supados (100%) ibadah (QS:51;56), > > upami jalmi gaduh emutan yen "ibadah ritual" > > (atanapi khos/khusus/mahdoh) wungkul anu baris > > ditarima ku Pangeran tangtos bae aktifitas hirup > > sanesna henteu diniatan ibadah padahal langkung ti > > 90% aktivitas urang diluar ibadah mahdoh (sholat, > > puasa, zakat, haji, umroh anu wajibna atanapi anu > > sunnahna). > > > __________________________________________________ > Do You Yahoo!? > Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around > http://mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> $9.95 domain names from Yahoo!. Register anything. http://us.click.yahoo.com/J8kdrA/y20IAA/yQLSAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

