|
Haturan Kang Oman, Kang Tito sinareng Kang
Hasan...,
Kang Oman, Insya
Alloh minggon payun sim kuring di bdg, mung teu acan tiasa janji nepangan
bilah teu kabujeng kumargi teu acan jelas jadwal kegiatanana, upami aya waktos
mah torojol baelah da alamat mah tos ayalah. (punten ngalangkungan
jarum)
Perkawis korupsi alesan pikeun
ibadah kalebet "logical fallacy (LF)/kasalahan logika (KL)"
raraosan mah langkung condong kana manipulasi logika, nyumputkeun
niat awonna eta jalmi, atanapi leres kasauran Kang Rani "sempal kapiguyon"
wungkul ti sang koruptor nyumputkeun kaera, mung masyarakat serius teuing
nganggapna anu antukna janten LF/KL kanggo anu awam.
Kang Hasan, punten ngiring nimbrung
nya! etang-etang ngabuburit bae ieu mah. Perkawis istri hoyong
make-up ku alesan ibadah (nyugemakeun caroge)
> carogena ngagunakeun logika (fikr/uteuk) samentawis istrina
meryogikeun estetik (rasa/hate) ku alesan anu logis antukna tulalit.
Make-up sejarahna kumaha, nya? Moal kitu kawitna tina balur supados teu
dikerepuk rengit sapertos urang irian? Teras panginten aya jalmi anu gaduh
citarasa estetis balur teh dipapantes anu antukna ayeun janten etiket yen
sakumna istri kedah nganggo make-up malih ayeuna mah tos janten etika anu logis,
teu logis upami istri henteu nganggo make-up. lieur jadina....!!!
Kang Tito, punten teu
dipayunkeun kumargi ngait kana "ruh" mah abot pisan. Ieu aya ayat
kanggo ngayakin keun (sugesti) keging milarian ku search engine kapungkur
aya posting software Al-qur'an upami teu lepatmah ti Kang Surya, kumaha Kang
Surya hadir kitu?)anu unina "Roh itu termasuk urusan Tuhan-ku, dan
tidaklah kamu diberi pengetahuan melainkan sedikit"[17;85] sok
sanaos sakedih tapi tiasa dibuktoskeun existensina.
Upami diudag kana ruh-na ka kurung
sadayana manawi nya, Kang Tito. Janten naon-naon anu dipilampah ku urang teh
kedah tuntas/palipurna, terang mana syareat mana anu hakiki/haq-na,
ibadah ritual/mahdoh mangrupi tarekah kanggo ngahontal tujuan
akhir-na nyaeta asalna ti Pangeran balik ka Pangeran, asalna
suci balik kudu suci upami henteu suci moal bisa balik ka asal. Janten
upami kitu mah hirup teh mangrupi lalampahan ruh anu "terjebak" diraga
manusa, da engke ge raga badagna mah ditinggalkeun. Ibarat mobil
ditinggalkeun supirna nalika sisupir tos teu butuheun mobil, tiasa kumargi tos
dugi ka tujuan atanapi mobilna reksak, supados dugi katujuan mobil
ulah boga kahoyong anu neko-neko, percanteunkeun bae ka supir, ceuk
supir mengkol-mengkol ulah lempeng upami mobilna ngalawan hartosna eta mobil aya
gangguan kedah dibengkel. Tah ayeuna dimana ruang kontrol diri urang tempat
dumukna supir? (sakitu heulalah kabujeng leiur deui bae...), Kang Tito anu
dipihormat, hapunten ngajina sim kuring deet keneh.
Wassalam,
dudi_ss
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
|
- [Urang Sunda] Ti milis tatangga Tito Suryana
- [Urang Sunda] ritual vs amal nyata MRachmat Rawyani
- [Urang Sunda] Re: ritual vs amal nyata Oman Abdurahman
- Re: [Urang Sunda] ritual vs amal nyata dudi
- [Urang Sunda] Ibadah...korupsi MRachmat Rawyani
- [Urang Sunda] Ibadah....korupsi MRachmat Rawyani
- Re [2]: [Urang Sunda] Ibadah....k... dudi
- Re: [Urang Sunda] Ibadah....korup... Tito Suryana
- [Urang Sunda] Logika-logika anu s... Oman Abdurahman
- Re: [Urang Sunda] Logika-logi... mh
- Re: Re[3]: [Urang Sunda] Logi... dudi
- Re: Re[3]: [Urang Sunda] Logi... kumincir
- Re: Re[3]: [Urang Sunda] Logi... Tito Suryana
- [Urang Sunda] Re: Ibadah....korup... Rahman
- Re: [Urang Sunda] Re: Ibadah.... MRachmat Rawyani
- Re: [Urang Sunda] Re: Ibadah.... Tatang Sariman
- [Urang Sunda] Re: Ibadah....k... Rahman
- [Urang Sunda] Re: ritual vs amal nyata The saint
- Re: [Urang Sunda] Re: FW: [INFO] CTV Waluya
- Re: [Urang Sunda] Re: FW: [INFO] CTV joko tingkir
- RE: [Urang Sunda] Re: FW: [INFO] CTV R. Duli Dimyati D.

