KAng Oman,
abdi pernah ngaos dina Ihya Ulumudin, Ghazali.
Cenah Filsafat teh dicaram kunaon?
Jalak
--- Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Leres, upami maos sejarah elmu pangaweruh, widang
> kaelmuan anu
> mimiti aya teh nya falsafah tea. Falsafah sigana
> dikawitan di
> Yunani, teras disebarkeun jeung dibeungharan ku
> ahli-ahli pikir
> muslim. Nya munasabah upama seueur ahli elmu eksakta
> baralik deui
> pamuaranana kana pamianganana. Kalebet Teh Karlina
> tea.
>
> Ceuk cenah, aya dua aliran utama dina mangsa awalna:
> Plato
> (Platonis) jeung Aristoteles (Aristotelian). Nu
> kahaji katelah
> ku "ide"-na tea, sagalana dikawitan ku "ide" atawa
> pipikiran, anu
> diteruskeun ku adagium "Aku berpikir, maka aku ada"
> tea (ti saha
> nya, hilap deui). Ari Aristotelian kawentar ku
> motode empirisna anu
> ngalahirkeun positifisme dina widang paradigma
> kaelmuan. Ti
> rengrengan filosof muslim mah anu kawentar salaku
> anu neruskeun
> Aristoteles teh nya Ibnu Sina tea.
>
> Di dunya Islam, falsafah kabagi dua. Anu kahiji di
> dunya Arab anu
> cenah falsafah maot samangsa jeung ngantunna Ibn
> Rusyd. Tapi di
> dunya Islam hiji deui, khususna di Iran, falsafah
> masih terus
> tumuwuh subur. Falsafah warisan Yunani, khususna
> Aristotelian,
> samemehna, dialokan di dunya Islam ku elmu kalam
> (tokohna, upamana,
> Al-Ghazali) tea, Irfan atawa metode tasawuf tea
> (tokohna Syek Akbar
> Muhyidin Al-Arabi atawa Ibn Arabi tea), jeung metode
> "pencerahan"-na
> Al-Maqtul (Suhrawardi).
>
> Kabehdieunakeun, ti Persia, anu tradisi falsafahna
> terus hirup,
> mucunghul falsafah anu ngagabungkeun anu tilu tadi,
> nya anu kawentar
> salaku "Al-Hikmah Al-Muta'aliyyah"- ti Mulla Shadra
> (Shadruddin Al-
> Shirozi). Upama di dunya kulon ayeuna keur rame
> aliran postmo anu
> ngabongkar sagala lambang, di dunya wetan, khususna
> anu diluluguan
> ko tokoh-tokoh falsafah ti Iran, malah lahir
> falsafah anu
> ngagabungkeun sababaraha metode dina neangan
> bebeneran samemehna,
> kayaning: nalar atawa pikiran rasional (positifisme,
> elmu kalam),
> dzauq (rasa/Irfan), pencerahan atawa ilham
> (isroqiyyah) dina tradisi
> hikmah anu luhur (kearifan puncak). Anu dina jero
> kurung bieu
> sakaligus ngarupakeun judul buku tarjamahan dina
> basa Indonesia
> tina "Al-Hikmah Al-Muta'aliyyah" (anu
> narjanahkeunana doktor widang
> IT/fungsi kontrol ti itb).
>
> Kana tangtu Teh Karlina parantos lalayaran dina
> jalur-jalur falsafah
> anu ditataan di luhur. Sakuduna urang ngarasa reueus
> aya ti kalangan
> wanoja anu ahli filsafat sapertos Teh Karlina. Jeung
> deui, sigana US
> oge Teh Karlina teh, sanes? keur smp-na mah cenah di
> Sukabumi
> anjeuna teh?
>
> Baktos,
> manAR
>
>
>
=====
Sumedang Tandang Nyandang Kahayang
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - 250MB free storage. Do more. Manage less.
http://info.mail.yahoo.com/mail_250
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources
often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today!
http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/