Kamari teh memeh balik ti pagawean nyimpang heula ka pasar buku di Suci, pedah aya nu nawaran buku anyar, judulna Toponimi Kota Bogor, kabupaten Bogor jeung kota Depok.
Nu ngarangna Bapa Eman Sulaeman pituin urang Bogor diterbitkeun ku Yayasan Hanjuang Bodas taun 2004.
Keur Kota Bogor aya 40 entry, Kabupaten Bogor 21 entry, nu pangsaeutikna kota Depok ngan 6 entry.
Tina 40 entry keur Kota Bogor aya nu disebut Gang Pa Cilong, ieu gang teh duka teuing palebah mana (keur mah ka Bogor teh teu pati apal da kadinya ngan ukur saelol-saelol).
Ceuk eta buku Pa Cilong teh juru pantun ( teu katangen sacara pasti naha anjeuna teh lolong atawa henteu), jadi juru pantun meunang guguru ti juru pantun Ki Bajurambeng nu asalna ti Jasinga.
Pa Cilong lahir taun 1897, nu kungsi nyaksikeun kumaha leuweung pajajaran dina awal taun 19an dibabat, dibukbak dijadikeun lahan kebon (perkebunan) ku Walanda.
 Aya ucapan Pa Cilong ari waktu keur mantun Carita Ngadegna Dayeuh Pajajaran :
 
"Tah didinya ku andika adegkeun eta dayeuh
Laju ngaranan Bogor
Sabab bogor teh hartina tunggul kawung
Ari tunggul kawung.
Emang ge euweuh hartina
Euweuh soteh ceuk nu teu ngarti....jst."
 
Ari pangna disebut Cilong ceuk sakaol eta teh sebutan ceuk bangsa Walanda nu teu bisa ngucapkeun "eu" tina Cileung, nu hartina bisa wae cingeus, ari ceuk sakaol deui eta teh wancahan tina "Anclak-inclik bari lolong" da enya juru pantun mah kalolobaanana lolong, dina panungtungan kahirupanana nya Pa Cilong nganjrek di gang anu ayeuna disebut Gang Pa Cilong.
Dina ieu buku ge aya nu disebut daerah Lawanggintung, Rancamaya jste, ieu buku alus lamun dipiboga ku Urang Sunda, utamana keur urang Sunda nu mukim di Bogor.
Ari keur daerah sejen geus aya encan buku samodel kieu..?
 
 
MSasmita
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke