Wararaas Kang, enya asa kaingetan pangalaman keur leutik ku tulisan ngeunaan kolong teh. Inget keneh bae keur meujeuhna kembang pakarangan ceuk babasan mah harita teh, ari ti peuting lamun hayang kahampangan teh sok milarian kolong. Praktis da pacilingan teh sasatna di jero imah, lebah manah bae asal aya conggang (di Garut mah "rongrang" tea lain, istilahna) dina balagbag (palupuh) imah, nya didinya hajat leutik teh dilepaskeunana.
 
Aya deui Kang, kolong teh biasana nampeu ka balong. Da nyakitu, di tempat anu loba balongan mah, balong teh mindeng papipir jeung imah. Tah, lebah ngabedahkeun balong, kolong teh sok jadi pamiceunan leutak anu geus lila nyaeuran balong.
 
Sigana enya, baheula, kahirupan masyarakat Sunda teu lepas oge ti kolong. Kolong imah, nyimpen sagala rupa panineungan jeung sajarah anu nyicingan eta imah. Ieu teh, pakait jeung  judul jejer, asa ngailhaman ngeunaan hiji babasan. Boa-boa, ka hareup, babasan "tungkul ka jukut, tanggah ka sadapan" teh meujeuhna ditambahan nu "noong ka kolong".
 
baktosna,
manAR 
 
 
 


mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
barudak sunda kiwari mah jigana, utamana nun
digedekeun di kota, boa apal boal heunteu kana naon
anu disebut kolong. pikeun urang sunda entragan 70-an
katukang mah tangtu arapal, sabab loba panineungan
jeung nu disebut kolong teh. paling heunteu, pernah
make kolong dina kaayaan walurat, upama tengah peuting
geus teu katahan hayang kiih. nya sok diponcorkeun
kana rongrang, lolongkrang palupuh, terus mancer ka
kolong.

loba deui kagunaan kolong teh. salian sok dipake liang
pancuran walurat, oge sok dipake kandang ingon-ingon.
baheula mah ngukut ingon-ingon jiga hayam, marmot,
jeung kelenci teh kandangna sok di kolong. numatak
kitu, najan teu aya weker oge, wayah janari
kasubuhnakeun urang lembur mah geus ting karuniang
hudang, sabab kageuingkeun ku hayam jago kongkorongok
di kolong.

urusan kolong teh geuning lain tempat, lain wandana.
kolong imah urang sunda ukuranana biasanya kurang ti
satengah meter. beda deui jeung kolong imah urang
banjar misalna, kolong imahna teh leuwih luhur, bisa
dipake keur kandang ingon-ingon jiga embe jeung
sabangsana.

salam,
mh


=====
dapur: http://free.angeltowns.com/studio579/


           
__________________________________
Do you Yahoo!?
Take Yahoo! Mail with you! Get it on your mobile phone.
http://mobile.yahoo.com/maildemo


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.



__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke