Kanggo kang Hasan sareng baraya urang sunda sadayana; Surat Alwaqiah (1-95) Diketik ulang ku Durachman ([EMAIL PROTECTED])
Naskah asli; Al-Amin, AL-QURAN Tarjamah Sunda diterbitkeun ku CV. Diponegoro, Bandung) Kalayan asma-Na Allah, Nu Maha Murah, Nu Maha Asih 1. Moal aya saurang oge anu bisa ngabohongkeunana. 2. Aya anu dihinakeun, aya anu diluhungkuen. 3. Upama bumi digenjlongkeun satarikna. 4. Jeung gunung-gunung diancurkeun nepi ka bubuk. 5. Nya jadi weh lebu anu mahabu, 6. Jeung kaayaan maraneh jadi tilu golongan: 7. Nyaeta jalma-jalma golongan katuhu; saha jalma-jalma golongan katuhu teh? 8. Jeung jalma-jalma golongan kenca; saha jalma-jalma golongan kenca teh? 9. Jeung golongan jalma-jalma anu ti heula; nya maranehna anu pangheulana, 10. Nya maranehna jalma-jalama anu diparekeun, 11. Di sawarga Naim, 12. Lolobana anu ti heula; 13. Jeung ngan saeutik anu pandeuri mah. 14. Dina kartil-kartil anu ditaretes, 15. Bari tinggelehe di dinya, pahareup-haruep . 16. Nu bakal ngalayananan nu ngarora tetep ngora, 17. Kalawan mawa cangkir, poci, lumur anu dieusian arak tina sumbern. 18. Maranehna moal ngarasa lieur jueng moal marabok. 19. Jeung bubuahan ti antara anu ku maranehna dipilih, 20. Jeung daging manuk ti antara anu ku maranehna dipikabeuki. 21. Jeung (widadari) nu cureuleuk; 22. Anu siga mutiara peperenian; 23. Minangka ganjaran pikeun saniskara anu ku maranehna geus diamalkeun. 24. Maranehna di dinya moal ngadenge omongan anu lian-lian, jeung moal ngadenge omongan pidosaeun; 25. Salian ti pok-pokan: "Wilujueng, wilujeung." 26. Jeung jalma-jalma golongan katuhu; saha jalma-jalma golongan katuhu teh? 27. Maranehna teh dina handapeun tangkal widara nu hentu cucukan. 28. Jeung dina handapeun tangkal cau anu pasusun-susun; 29. Jeung dina iuh-iuh nu ngampar panjang, 30. Jeung cai nu ngocor taya kendatna, 31. Jeung di tempat bubuahan nu leubeut. 32. Anu taya kendatna jeung hentu dilarang. 33. Jeung dina amparan-amparan anu diluhurkeun. 34. Saestuna Kami ngajadikeun widadari-widadari dina kajadian anu istimewa; 35. Nyaeta Kami ngajadikeun maranehna parawan-parawan salalawasna, 36. Nu pinuh ku kacinta, turta sapantar, 37. Pikeun jalma-jalma golongan katuhu tea, 38. Tinu ti heula (kaasup golongan katuhu teh) lobaan. 39. Jeung ti nu pandeuri oge lobaan. 40. Jeung jalma-jalma golongan kenca; saha jalma-jalma golongan kenca teh? 41. (Maranehna) dina angin samun (nu kacida panasna), jeung dina cai nu ngagolak, 42. Jeung kaiuhan haseup hideung, 43. Anu henteu tiis, sarta hentu pikangeunaheun. 44. saestuna maranehna teh samemeh na mah aya dina kamewahan. 45. Jeung maranehna tonggoy ngalampahkeun dosa nu gede. 46. Jeung salawasna maranehna nyarita:"Naha upama urang geus paeh, jeung geus jadi taneuh katut tulang-taleng, urang teh bakal dihudangkeun deui? 47. Jeung naha nya kitu deui karuhun-karuhaun urang anu ti heula? 48. Pok caritakeun:"Saestuna jalma-jalama anu ti heula jeung anu pandeuri, 49. Pasti bakal dikumpulkeun dina hiji mangsa anu pinasti tina hiji poe anu geus dimalumkeun. 50. Tuluy sasestuna maraneh, yeuh jalma-jalma anu salsar!anu ngabarohongkeun! 51. Pasti (maraneh) bakal ngadahar tangkal, nyaeta tangkal zakkum! 52. Nya beutueng maraneh bakal bungkiang ku eta teh. 53. Tuluy sabada kitu maraneh bakal nginum cai anu kacida ngagolakna." 54. Maranehna bakal nginum cara onta anu kacina halabhabna! 55. Ieu teh susuguh pikeun maranehna poean wawales. 56. Nya Kami anu geus ngayugakeun maraneh; naha atuh maraneh henteu daek percaya? 57. Nya naha maraneh geus nitenan naon anu ku maraneh dipuncratkeun? 58. Naha maraneh anu ngayugakeunana, atawa naha Kami anu ngayugakeunana? 59. Nya Kami anu geus mastikeun pati di antara maraneh, jeuang moal bisa Kami dihalang-halang; 60. Dina hal ngaganti maraneh ku anu saperti maraneh, jeung ngajadikeun maraneh dina kajadian anu hentu dipikanyaho ku maraneh. 61. Jeung saestuna maraneh geus nyaraho kajadian anu munggaran, atuh naha maraneh henteu areling? 62. Nya naha maraneh geus nitenan naon anu ku maraneh dipelak? 63. Naha maraneh anu nuwuhkeunnana atawa Kami? 64. Upama Kami ngersakeun, tanwande Kami ngajadikeunana jadi regang-regang garing; nya jadi nalangsa weh mareneh teh; 65. (Bari maranehna nyarita): "Saestuna kaula sarerea kalah ka malik hutang; 66. Malah kaula sarerea teu beubenangan pisan." 67. Nya naha maraneh geus naritenan cai nu diinum ku maraneh? 68. Naha maraneh anu nurunkeunana tina mega, atawa Kami? 69. Upama Kami ngersakeun, tanwande Kami ngajadikeun eta cai jadi asin liwat saking. Nya naha atuh maraneh henteu daek muji sukur? 70. Nya naha maraneh geus nitenan seuneu anu ku maraneh dihurungkeun? 71. Naha maraneh anu ngajadikeun kaina; atawa Kami?************* 72. Kami geus ngajadikeunana jadi panggeuing jeung bekel pikeun jalma anu nyanyabaan. 73. Ku kituna prak geura ngamahasucikeun kalayan asma Pangeran maneh Nu Maha Agung. 74. Kami sumpah demi tempat-tempat turuna bagian-bagian Quran. 75. Jeung saestuna eta teh sumpah agung, upama maraneh nyaraho mah. 76. Saestuna eta teh Quran nu mulya. 77. Dina kitab nu diraksa (di Lauhil Mahfuzh). 78. Hentu aya nu nyabakna, anging anu geus disucikeun. 79. Diturunkeunana ti Pangeran Nu Murbeng Alam sakabeh. 80. Naha atuh kana ieu carita (Quran) maraneh bet ngabohongkuen? 81. Jeung naha maraneh (muji sukur) kana rejeki ti Kami teh ku jalan ngabohongkeunana? 82. Naha atuh basa nyawa geus nyedek kana tikoro. 83. Jeung harita maraneh nyaraksian. 84. Sarta kami leuwih deukeut ka manehna batan maraneh, tapi hentu katenjo ku maraneh; 85. Upama maraneh henteu kapurba (ku Kami) naha atuh hentue. 86. Mulangkuen eta nyawa, lamun enya maraneh balener mah? 87. Tapi upama kaayaan eta nu maot tea ti golongan jalma-jalma anu kadeuheus mah; 88. Nya pikeun manehna kalaluasaan katut kaluginaan jeung sawarga Naim. 89. Sarta upama kaayaanana ti golongan katuhu; 90. Nya kasalametan pikeun maneh anu ti golongan katuhu, 91. Jeung upama kaayanana ti golongan anu ngabohongkeun turta salasar. 92. Susuguhna teh cai panas liwat saking, 93. Jeung digebruskeun kana seuneu naraka; 94. Saestuna hal-hal nu ditataan bieu teh yakin anu hak. 95. Ku kituna prak geura ngamahasucikeun kalayan asma Pangeran maneh Nu Maha Agung. *** ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give the gift of life to a sick child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
alwaqiah.doc
Description: MS-Word document

