Teh Nia, judi ageung-ageungan di Jakarta, saleresna mah ayeuna oge masih aya, malah langkung ageung ti keur di jaman Ali Sadikin marentah. Teras soal maksiat, aya buku "Jakarta Undercover" nu nyarioskeun kahirupan malem di Jakarta. Judi nu ageung, ceuk cenah dilakukeun ku nu baleunghar (utamina mah Cina) nganggo sagala cara. Salah sahijina nganggo Kapal pesiar. Seueur iklan na koran, pesiar ka Singapur nganggo kapal pesiar. Tah dina kapal pesiar ieu judi jiga di Las Vegas atawa jiga di Malaysia (naon geuning nami tempatna teh Ki Hasan?) dilakukeun, waktu kapal pesiar aya di perairan internasional (langkung ti 200 mil ti pantai), di perairan ieu, hukum indonesia, henteu berlaku. Kapal pesiar ieu ukur pura-pura jadi kapal pesiar padahal kamufalse keur perjudian.
Di nagara tatangga urang aya tempat perjudian anu ageung, jiga di Malaysia jeung di P. Chrimach Australia (kiduleun Pelabuhan Ratu) sajam hiber ti Jakarta. Saha anu jarudi didinya? urang Indonesia!. Urang Indonesia nu baleunghar resep judi, parantos rahasia umum jeung jadi sumber pendapatan kompleks perjudian nagara tatangga. Nu baleunghar di Indonesia, moal tiasa dilarang kangge judi, da tinggal hiber we ka nagara tatangga, der weh meakeun duit didinya, malah kapungkur aya wartos putra presiden wae dugi ka seseepan di Las Vegas, teras ditewak pulisi. Artosna? kenging nyandak ti Indonesia mirip jeung sheik-sheik Arab nu nyandakan artos ladang minyak, dianggo judi di Las Vegas. Tah ku alesan ieu panginten kunaon Bang Ali satuju upami perjudian di Indonesia dilegalisir, supaya artos penjudi teh tetep aya di Indonesia ulah jadi devisa nagara batur. Kapungkur anjeunna ngadamel tempat judi nu dilokalisir. Harita oge seueur nu nentang, tapi jawab anjeunna :" Lamun haram, nya entong asup kadinya!. Janten analogina sapertos daging babi anu henteu dilarang diical- galeuhkeun di Indonesia. Umat Muslim tantosna oge moal meser daging eta, da haram. Sapertos Judi anu dipajeg ku nagara, ical galeuh daging babi oge, tetep keuna pajeg keur nagara. Janten nagara urang teh tetep nampi artos tinu "haram-haram" ieu, sanes tina judi wae. Ah tos sakieu, ngiringan ngacaprux. WALUYA --- In [email protected], "Nia Sri Winiarsih" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Muhun memang seorang pamimpin teh kudu/wajib berkorban...sae pisan bahkan salut upami pamimpin wani berkorban sampai masuk naraka gara2 memperjuangkeun rakyatna. > > Tapi memperjuangkeun judi, kinten2 salain pamimpin eta anu asup naraka , saha deui anu bakal asup ka naraka?...yakin mung eta pamimpin anu asup ka naraka teh?wallohualam..najan abdi dosana agueng oge ari kedah nantang2 masuk neraka mah alim komo pikeun ngarojong judi mah embung ... > > Kantos kapungkur sakilas membaca membakar surga menyiram neraka...leres kitu..semacam itulah...tetapi utk menegakkan judi? apa cukup pantas ? risikona teu terlalu ageung? judi ok, lalu pelacuran maju oge mabuk2an ..terakhirna narkoba. > > Upami judi mung di tujukeun ka etnis cina wungkul, bisa penjudi2 miskin itu terima? naha cenah nagara2 dewek, cina kaci judi dewek tidak? boro2 di persilahkan , dilarang oge maceuh boh keur nu miskin oge anu beunghar. > > Meureun bade jakarta teh bade nyontoh las vegas...tapi beda panginten pamendak abdi anu bodo mah, di urang tidak pantas seperti itu teh, judi, obat2an, wanita2 satengah talanjang...moal jauh ti kitu engke teh panginten. Ayeuna awal2 mungkin masih tiasa di kendalikan , tapi engke?.... > > Punten ah ngacapruk. > > Nia > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

