Kang Rachmat eta mah sanes Kang Jajakakapaksa (Mamat Rachmat) tapi anjeuna mah Kang Rachmat Taufik Hidayat nu janten direkturna penerbit Kiblat. Hadiah Sastra Rancage diancokeun kanggo para pangarang anu nyerat dina basa daerah unggal taun, diantawisna Basa Sunda, basa Jawa sareng basa Bali, basa daerah anu sanes mah teu acan kumargi teu acan aya karya sastrana. Hadiah Rancage kanggo basa Sunda ti ngawitan taun 1989, basa Jawa ti ngawitan taun 1994 atuh kanggo basa Bali ti taun 1998. Anu kasinugrahan Hadiah Rancage 2005 nyaeta. Basa Sunda : Sastra :Mh Rustandi Kartakusumah/Kumpulan Carpon Amanat Daina nafas panungtungan, Jasa: KH Ahmad Maki Basa Jawa, Sastra : Suparto Brata/ roman Bonyane Wong Culika, Jasa : Suryanto Satroatmodjo. Basa Bali, Sastra : I Made Suarsa/ kumpulan puisi : Ang Ah Lan Ah Ang, Jasa : Drs Made Taro. Jasa didieu nyaeta anu ngabogaan jasa kulantaran gede sumbanganana kana kalangsungan hirupna basa daerah.
Ti Bandung teh ngadius ka Batawi ti tabuh tujuh isuk isuk, ari sugan teh enyaan we ti Cupumanik rek lobaan anu ngilu, behna mah ngan saurang nyaeta Kang Rachmat Taufik Hidayat da nu sejen mah geus aya nu tiheula jeung aya oge anu rek bareng jeung nu sejen, atuh dina kendaraan teh ngan ukur tiluan. Nepi ka Batawi antara tabuh sapuluhan da rada kalangsu sakeudeung palebah kaluar di Cawang, anu lilana kalahka kukulibekan di Senen di pasar buku sisi jalan, Alhamdulillah manggih hiji buku ngeunaan Jawa Barat anu terbit taun 1953, dina eta buku loba gambarna, aya gambar Situ Aksan, Taman Sari, Alun alun Bandung anu geus kacida jauhna jeung mangsa kiwari. Nepi ka TIM teh dur lohor, atuh langsung we ka masjid heula teu waka ka Teater Kecil da ceuk anu panggih di palataran hareup can aya sasaha, kira satengah jam ti harita nya langsung ka Teater Kecil tempatna ngaleler hadiah bakal lumangsung, kasampak tos aya Pa Ajip Rosidi, atuh kuring nyolongkrong sasalaman, anjeuna katingal sibuk tapi teu hilap ngahiap heula sangkan ngicip ngicip idangan nu tos disadikeun, kuring teu waka kana idangan tapi langsung we ningalian buku anu ngajejer, saterusna mah tepung jeung Kang Tirta, Kang Rachmat Rawyani, Teh Pupi. Matak reueus tepung jeung para inohong Sunda, kayaning Pa Achdiat K Mihardja, Ramadhan KH, HD Bastaman, atuh kitu deui Kang Godi Suwarna, Bu Aam Amalia, Etty RS, Euis Balebat, Kang Dipa jste, kitu deui aya inohong sejena kayaning Taufik Ismail, Sutjipto Hadi Purnomo. Kuring mah asa hayang ceurik waktu sasalaman jeung Pa Achdiat K Mihardja, teu sangka bakal papanggih jeung nu ngarang roman Atheis, sakitu tos sepuhna ( 93 taun yuswana) masih keneh sumanget kana ngarang, hayang ceurik soteh lain ku nanaon eta we ngarasa bagja bisa patepung sareng anjeuna, padahal hasil karya anjeuna geus dibaca jaman kuring keur budak keneh. Acara lekasan kira kira tabuh opat, aya biatara ti Pa Ajip sareng ti Pa Suparto, sareng aya Prakpilingkung ti Nano.S Tos ah sakitu heula...! Aeh aya nu kaliwat aya maca puisi Jante Arkidam ku Kang.........punten hilap deui namina (basa Indonesia) sareng Kang Godi Suwarna (basa Sunda) Mulang ka Bandung kira tabuh lima, jadi minuhan kendaraan teh da aya Kang HW, Kang Dadan, Kang Rachmat sareng saurang deui. MSasmita (dijalan teh bet inget ka MJ....hanjakal inyana teu bisa ngiluan...tuh nya genah ge geus pangsiun) ----- Original Message ----- From: "MRachmat Rawyani" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Sent: Tuesday, June 14, 2005 5:30 PM Subject: [Urang Sunda] Kusnet di Rancage > Kuring jeung kang Tirta jadi "korban" acara rancage di > TIM. Ti tabuh 10 enjing kang Tirta tos mucunghul di > teater kecil, tapo masihkosong molongpong. Kitu oge > kuring ti tabuh 11. > Nembe rame teh ngawitan tabuh 12 an. jul-jol tamu. Ua > Sasmita oge kapergok nuju dipayuneun meja anu pinuh > ku buku-buku. > > Enyaan Mang Ayip Rosidi teh hiji tokoh anu gaduh > sayang lancah (jejaring) anu luas pisan. para tokoh ti > sagala etnis/daerah, birokrat/swasta ngaluuhan eta > acara. Mung hanjakal kuring di Teater kecil teu dugi > ka cacap. Acara can dibuka, kuring geus ngabius duei > ka nDepok. aya jangji ngajemput pun anak ti sakola. > > Minangka oleh-olehna mah, aya sababaraha foto. Foto > kuartet nyaeta teh Mpup, kang Rachmat > (jajakakapaksa?), Ua Sasmita sareng Kang tirta. Ari nu > trio mah sareng Mang Ayip. Eta hiji deui foto salah > sawios para tamu anu dongkap dina acara rancage. > > Wartos anu langkung daria mah perkawis Rancage, mangga > dipedarkeun ku Ua Sasmita atanapi Kang Tirta, sae oge > pami teh Mpup, kang Rachmat masihan laporan "pandangan > mata" atanapi "maen Mata?" > > > baktos, > > mrachmatrawyani > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

