Nalika jaman Sultan Agung naklukeun tatar sunda, para bupati diwajibkeun (dipaksa) kudu linggih di pusat kerajaaan Mataram (keraton), maksadna kedah diajar basa, tata cara hirup, jeung sakabeh nu hubunganana budaya jawa, para bupati saparantos linggih di Mataram kinten 1 taunan, di daerah asalna kedah nerapkeun budaya jawa, geus puguh urang mataram (jawa) di tempatkeun kana posisi pamarentahan di tatar sunda, ti demang, tumenggung, nepi dipati. Walanda, jepang non muslim nu ngajajah urang teu maksa-maksa teuing budayana ka urang, manehna ngan ngajajah dina pulitik, ekonomi wungkul, hiji tempat mun dijajah pulitik, ekonomi mun tos leupas, teu pati lila tiasa ngaleungitkeun pangaruhna, tapi mun budaya mah lila pisan moal cukup 50-100 taun, contona tatar sunda saparantos leupas ti Mataram 200 taun kahareup-na, pangaruh jawa-na masih kuat, dalah ayeuna oge nu tos ampir 370 taun pangaruh jawa di sunda makin kuat, komo ayeuna mah tos nasionalisasi tea, punten sanes kuring anti jawa ieu mah yeuh.
Kuring mah teu satuju yen Sultan Agung teh nyerang Batavia, keur ngusir penjajah, Walanda (pahlawan nasional), padahal memang tos niat anjeuna rek "ngusaan tanah jawa", ngan kabeneran harita di Batavia nu kuasa urang Walanda, sigana mun harita nu kawasa di Batavia urang sunda oge pasti bakalan diserang, bukti-na aya sababaraha senapati nu dihukum pati jalaran gagal naklukeun batavia malihan teu saeutik  nu dihukum picis (dipaehanna bari dipotong, dikeureut bagian awak jalma, panon dicabut, jrrd), tah maehan siga kieu mah lain ajaran Islam, padahal manehna make gelar "Sultan", geus puguh kudu mere upeti ka Mataram
----- Original Message -----
Sent: Wednesday, June 22, 2005 5:36 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] SUKAPURA

Nu leres mah bupati sunda ngajawakeun maneh, pan raja leutik kedah nyaruakeun maneh jeung raja gedena.

Gunawan Yusuf <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
rupina ti jaman Sultan Agung ka dieu, contona Dipati Ukur kawitna ti Banyumas, malihan Sultan Agung nerapkeun budaya jawa ka para bupati sunda
----- Original Message -----
From: dudi
Sent: Wednesday, June 22, 2005 3:46 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] SUKAPURA

Oh, kitu geuning dongengna sukapura teh Kang Tirta.
 
Pantesan atuh Gus Dur kantos nyarios "yen pangagung ditatar sunda teh asalna ti wetan" mung pangagung mana bae sareng periode mana-manana, sikuring teu terang, di Kang Tirta aya kitu?
 
Wassalam,
dudi_ss
----- Original Message -----
Sent: Wednesday, June 22, 2005 1:58 PM
Subject: RE: [Urang Sunda] SUKAPURA

Waduuuh...kedah muka kitabna atuh  -:)
Pami teu lepat mah ngaitna teh ka Rakyan Dharmasiksa nu di Saungggalah daerah Singaparna ayeuna. Ngalih ti Kawali teu langsung ka Pakuan tapi dumuk heula di Saunggalah. Luluhur galuh nu di Sukapura mah nyaeta Sempak Waja. Kitu pami teu lepat tina sababaraha sumber. Ku alm. Saleh DS mah Sukapura/Tasik teh nu disebat Galuh, Galuh Inti nya Kawali - Ciamis, Galuh Luar nya Dayeuh Luhur - Banjar/Cilacap.

Lukman Hakim <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

      Ari versi padjajaran kumaha, kank Jalak?

 


From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Jalak Pakuan
Sent: Wednesday, June 22, 2005 1:35 PM
To: [email protected]
Subject: RE: [Urang Sunda] SUKAPURA

 

Tah anjeuna nu salah sahiji  turunan Yudanagara nu boga eta silsilah teh. Eusina nya nyaritakeun sajarah Sukapura versi turunan Yudanagara.

 

JP

Lukman Hakim <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

 Digarut aya anu ngagaduhan naskah babad Sejarah Sukapura, duka naon euisna, sugan aya anu kantos ninggalan, mangga dibewarakeun euisina.

 

 

 Babad Sejarah Sukapura

 R. Soelaeman Anggapraja, Jln. Ciledug 225, Garut Latin Sunda 23

 

 

-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of dudi
Sent: Wednesday, June 22, 2005 9:44 AM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] SUKAPURA

 

Baraya,

 

aya anu terang kitu, naha leres pangagung sukapura teh kawitna ti mataram

atanapi aya sukapura ditempat sanes anu di jawa?

 

tah kanggo referensina ieu aya silsilah oleh-oleh ti musieum yps tea, mung

teu ka potret ka handapna numawi janten kirang yakin.

 

Wassalam,

dudi_ss

 

 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

 

Yahoo! Groups Links

 

<*> To visit your group on the web, go to:

    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

 

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:

    [EMAIL PROTECTED]

 

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:

    http://docs.yahoo.com/info/terms/

 



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id


Yahoo! Sports
Rekindle the Rivalries. Sign up for Fantasy Football

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Sports
Rekindle the Rivalries. Sign up for Fantasy Football

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Mail
Stay connected, organized, and protected. Take the tour

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke