Baraya,
 
Warta ngeunaan "selimut cinta ala abg Bandung" (scaab) dina koran Pos Kota anu diposting ku Kang Ganjar kamari ieu, nguatkeun beja ti babaturan poe saptu kamari ngeunaan mahabuna gaya hirup "american style" di rengrengan rumaja di Kota Bandung. Aya untungna oge boga babaturan anu sok gaul (bari jeung teu kudu kabawa palid) di lingkungan kahirupan dugem (dunia gemerlap) Kota Bandung teh, eta mindeng meunang laporan atawa reportase haratisan sabudeureun kahirupan rumaja di Kota Bandung anu lolobana mah geus sakitu pikamelangeunana.
 
Poe Juma'ah kasorenakeun kaparengkeun si kuring bisa babarengan jeung manehna katut adina lalampahan ka Ciwidey ngiangkeun dagangan konsumsi perkebunan teh di ditu. Dina sela-sela obrolan ngeunaan prospek dagangan," kacaletot" oge ieu dua kanca balantik teh ngadongengkeun pangalamanana panggih jeung anggota scaab di BIP. Kieu yeuh ringkesna ieu dongeng inyana teh:
 
Harita teh, cenah, inyana keur dungang-dangong di BIP ngabuburit (harita bulan puasa), teu lila aya anu nyampeurkeun lalaki tangtungan bodigar (bodyguard). Ieu bodigar teh ngajakan diuk dina bangku waralaba kadaharan anu neba di BIP. "Dagoan di dieu, aya anu arek ngajakan bisnis", cenah ceuk si bodigar satengah maksa bari tuluy mangmesenkeun softdrink keur inyana. Inyana, kanca kuring anu dicaritakeun ieu, nya ngelehan, daek nuturkeun kahayang si bodigar. Sanggeus diuk bari nyanghareupan softdrink pesenan si bodigar, teu lila aya dua lalaki, tangtunganana sarua jeung si bodigar, jangkung gede, pakeanana ala preman, ngajanteng kenca katuhueun inyana siga anu ngawal jeung mastikeun sangkan ieu kanca kuring teh teu ingkah. Anapon si bodigar ngaleos indit ngajugjug hiji mobil anu diparkir di kompleks BIP.
 
Karek sajongjonan inyana diuk-softdrink mah teu diinum da keur puasa-torojol si bodigar teh datang deui bari dituturkeun ku hiji abg umur smp kelas tilu atawa jauhna sma kelas hijian. Si wanoja teh tuluy ngagabung, diuk hareupeun inyana bari pesen inumeun. Teu lila, sanggeus wawawuhan alakadarna, tuluy bae ieu abg teh ngobrol. Nya kagok asong sobat kuring teh, ari sakalieun ngobrol mah dilayanan bae. Tina obrolan kapanggih ieu abg teh karek kelas hiji sma di salah sahiji sma swasta di Kota Bandung (anu mindeng meunang beja soal scaab mah tangtu apal, kira-kira sma mana anu dimaksud teh). Ieu abg oge nyaritakeun kahirupan scaab di sakolana jeung slta-slta sejen di Kota Bandung. Ngan, lain scaab cenah istilah manehna pikeun laku nu dipilampah ku dirina jeung batur-baturna teh, balikta gaya hirup "american style". "Di sakola kuring jeung di lingkungan campur gaul kuring, american style teh jadi hiji kareueus, lamun aya babaturan anu masih parawan eta hartina teu gaul", ceuk babaturan kuring ieu malikan ucapan si abg waktu manehna nyarita dina panglawungan di BIP anu keur dicaritakeun.
 
Teu lila riungan inyana jeung abg katut para pangawalna teh bubar kulantaran babaturan kuring ieu nolak pangajak abg. Enya, si abg teh dina tungtung obrolanana ngajaka inyana ka hotel. "Teu kudu salempang ku biaya, da teu mahal ieuh", cenah ceuk si abg ka inyana teu kireum-kireum. Aya kahariwang ki sobat waktu inyana mireungeuh para bodigar nyi abg siga anu satengah maksa. Nya antukna sobat kuring teh gura-giru muru mobilna bari terus ngabiur ninggalkeun BIP.
 
------
Baraya scaab atawa american style di Kota Bandung sakitu matak pikahariwangeunana. Lain bae nuduhkeun laku lampah para abg (wanoja) anu geus teu nolih ajen-inajen moral (murid sakola, bulan puasa, ngangajak lalaki anu lain muhrimna ka hotel, mangga emutkeun), oga aya kacondongan anu leuwih pikapaureun: kahirupan scaab teh aya organisasina, aya mucikarina lengkep jeung bodigarna.
 
Tina obrolan babaturan saterusna, aya info, yen cenah di rengrengan anu resep kana model scaab ieu, geus dipikawanoh sababaraha sakola (sma) jeung paguron luhur (pl) salaku gudangna scaab. Malah aya album - siga album sampel kaen di tukang konveksi - anu patalepa sumebar di antara maranehna. Dina album teh lengkep ngaran, umur, ukuran awak (lengkep jeung bagean-bagean awakna anu sakuduna mah dirahasiahkeun), karesep, asal muasal, alamat kontak, jsb, jeung tangtu bae fotona (tangtuna oge lain foto satengah badan-ka luhur - hehehe, teuing ari satengah badan kahandap mah, da tacan kungsi ngilikan). Duh Gusti......karunya teuing makhluk Gusti anu sakuduna mah ngarupakeun manifestasi tina sifat/asma Gusti anu pangkuatna-feminisme, indung, atawa jamaliyah- ari ieu didadagangkeun siga kaen, "sampel"-na patalepa di jajaran si "hidung belang".
 
Nurutkeun info ti ki sobat tadi, kapanggih oge (sabagean tina) asal muasal nerekabna scaab di Kota Bandung. Ceuk inyana dumasar pangalaman jeung carita babaturanana, laku lampah scaab teh asalna ti pendatang atawa seler sejen anu ngumbara di Kota Bandung. Dina patengahan bulan, anu ngumbara-umumna anu sakola-di Bandung teh lolobana kakurangan beaya hirup. Keuna di abg atawa rumaja siswa pl, kaayan kieu teh nya ditarekahan ku cara jadi anggota scaab tea. Kumaha ari wanoja Sunda? Kusabab campur gaul, nya kabawakeun oge, nurutan jadi scaab. Ngan, bedana, ari wanoja seler sejen mah ancrub jadi scaab teh bener-bener aya faktor keur nalangan kasusah hirup sakola di pangumbaraan, ari urang Bandung atawa TS mah ukur keur kasenangan. Emhh...kacida....matak karunya.
 
Asal muasalna pisan, ceuk ki sobat neruskeun, anu alancrub kana laku scaab teh tina campur gaul di tempat nganjrekna (kost-kostan) jeung lingkungan kampusna. Mimitina mah kacolongan kaparawanan atawa katipu atawa kaolo ku babaturanana anu antukna jadi kagok baseuh. Bisa oge kaleungitan gede mahkotana teh dimimitian di tempat scaab kusabab kaolo ku babaturan tepi ka daek datang ka tempat anu kararitu.  "Ayeuna mah ulah diingkeun teu dilongokan budak atawa kulawarga bapa anu indekost teh, ulah sakali-sakali wanoja kulawarga urang indekos di tempat anu campur jeung lalaki atawa di tempat-tempat kost anu gaulna moderen, jeung lamun bisa nyakolakeun budak teh kudu milih, ulah asal sma atawa paguron bae", kitu ceuk ki sobat nutup caritana. Kajeun ti nu leuih ngora oge nasehat teh, diregepkeun pisan da memang bener.
 
Gusti.......mugi Gusti nyalindungan para rumaja urang oge di sakuliah dunya, tina laku kabawa ku sakaba-kaba (Kang Akos: tetela "juragan" sakaba-kaba teh kacida jahatna :))- heureuy ieu mah).
 
 
Baktos,
manAR  
 
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke