Duh Bah Waluya mah sok handap asor, nyebat
duka soteh pedah abdi mah tos yakin yen Abah tangtos langkung uninga perkawis
teu cocogna Islam kana kapitalisme jenten teu kedah dipanjangkeun, isin abdina.
Teras, abdi mah nyebatkeun Lenin teh sanes satuju sareng komunisme tapi
kaleresan we sami dina hal kritik kana kapitalisme. Analogi abdi mah kieu, abdi
moal ka wetan tapi bade ka kulon; Lenin oge moal ka wetan tapi bade ka kaler
Perkawis seratan nu di forward ti Media Indonesia, pamendak abdi mah sanes argumen
lengkep pikeun nyimpulkeun yen Islam teh pro kapitalis. Alesan kahiji, eta tulisan
mung ngabahas hiji pilar dasar kapitalisme, nyaeta pasar bebas. Sapertos
diposting kamari, kritik nu pangkuatna kana kapitalis teh sanes wungkul dina
tataran teknis sapertos ieu, tapi langkung jero kana asumsi2 dasarna. Kaduana, nu dibahas dina seratan eta teh peran
nagara dina ngamakmurkeun rahayatna (tataran makro), padahal nu dibahas ti
kamari pan nembe dina tataran individu nayeta kumaha sikep urang nyinghareupan
kapitalisme. Institusi nagara memang ti kamari oge teu acan kasabit2. Ku kituna
seratan eta teh rada mayunan bahasan urang, janten asa rada luncat-luncat ieu
teh diskusina.
Tapi teu nanaon, kumargi
tos disuat2 sadaya isme2na, sakantenan we atuh lah dirangkum waleranna. Ari pamendak abdi mah Islam teh aya di tengah-tengah,
maksadna satengah kapitalis satengah komunis. Tapi benten sareng kapitalisme
boh marxisme (paham nu janten pondasi komunisme), Islam mah henteu misahkeun
urusan2 metafisis khususna moral tina urusan sapopoe. Janten numutkeun logika ieu, masalah nu ayeuna aya
teh sanes muncul tina masalah desain sistemna da ari sistem mah kumaha
manusana. Boh pasar bebas (nu dipuja ku para kapitalis) atanapi pasar terpimpin
(nu dipuja komunis) bisa we duanana ngamakmurkeun rahayat mun dijalankeun
saenya2na tur ngahargaan manusa salaku manusa (ceuk basa kliseuna mah make
moral). Mun ieu teu aya, dua-duana potensial nyangsarakeun jelema: pasar bebas
potensial jadi leuweung belegedegan di mana nu kuat ngamangsa nu lemah (siga nu
kajadian ayeuna), pasar terpimpin bisa jadi tempat para pamingpin ngakelekesek rahayatna
(siga nu kajadian baheula di Soppiet). Tah di dieu panginten lebet Islam nu salah
sawios pilarna teh anti exploitasi (anti kedzaliman).
Salajengna, dibandingkeun
dua nu di payun sosialisme memang seueur nu nyebat rada caket kana Islam sabab
sosialisme oge jigana mah rada di tengah. Mung aya bentenna dina masalah prak-prakanna.
Bentenna panginten sakedik tapi munel nyaeta masalah kumaha ngagunakeun cicis nu
dipungut ti rahayat (pajak dina sosialisme sareng ZIS dina Islam). Upami pajak
mah terserah manusa kumaha bade diseepkeunnana, upami zakat, infaq sadakah tos
aya tungtunnana kedah kamana dianggena. Sanaos siga alit bentenna tapi ieu teh
hal nu fundamental, sabab ku ditungtun kieu minimal tujuan distribusi
kamakmuran tur asas prioritas tiasa kajaga.
Nu di luhur teh
nembe perbandingan isme-isme dina konteks kasejahteraan duniawi nu kentel bau
paham materialisme-na. Padahal, sadaya tangtos terang hubungan dunya (harta)
sareng kabagjaan sanes hubungan sebab-akibat tapi hubungan asosiatip. Nu gaduh
harta langkung seueur tacan tangtos langkung bagja. Naha aya ukuran sanes
ayeuna? Aya.. Contona
Baktos,
Yudi
>
> Hatur nuhun kang Yudi, kana penjelasanana sareng referensina. Janten
> kapitalisme teh asalna mah tina "budaya sodagar" panginten nya?. Tapi kieu
> kang margi akang nyebat-nyebat Lenin sagala, jadi akibat aya faham
> kapitalisme ieu Komunisme lahir. Jigana mah reaksi kana faham kapitalisme
> "bebas" di abad ka 19 (revolusi Industri). Tapi komunisme apan akhirna jadi
> ideologi nu "dimusieumkeun", da teu cocog jeung "fitrah" jelema, nu dasarna
> mah individualis ( atawa individu nu independen tinu sejen). Komunis rek
> nyieun masyarakat jelema jiga "masyarakat" rinyuh atawa nyiruan nu saragam
> jeung geus kabagi-bagi dina tugasna. Individu rinyuh atawa nyiruan ukur
> unsur tina "koloni"na, teu boga ambisi jeung kapentingan atawa neangan
> kauntungan keur individuna.
>
> Kulantaran jelema mah lain rinyuh, lamun dikitukeun jiga rinyuh teh jadi
> kararedul da euweuh kauntungan keur pribadina. Akibatna nagara Komunis lain
> jadi subur makmur loh jinawi malah bubar atawa "pura-pura" tetep komunis
> padahal geus robah jadi Kapitalis. Jadi didieu geus kabuktian, ngabebaskeun
> jelema ngudag kahayangna leuwih alus tinimbang nyengker kahayang jelema. Da
> buktina nagara nu fahamna kapitalis nagarana mararaju. Tapi kuring oge teu
> nyebutkeun alus kana Kapitalisme liberal model jaman revolusi Industri di
> abad ka 19, nu malah nyangsarakeun rakyat. Sistem nagara-nagara Kapitalis
> jaman ayeuna, geus loba dikoreksina, geus teu jiga kapitalisme liberal jaman
> baheula. Didieu kaleuwihan "dunya bebas" teh, wani ngoreksi diri, dimana
> kalemahanana, terus dibebener. Beda jeung Komunis, nu maen mutlak-mutlakan,
> asa sistem pangbenerna ................nu tungtungna malah amburadul.
>
> Eta Kapitalisme jeung Komunisme, nu memang dua faham nu patulang-tonggong.
> Tah ayeuna jeung Islam? kumaha nya, Kang Yudi na ge nyebat "duka" teu
> kersaeun ngajawab. Cikan aya baraya deui anu langkung paos?
> .............diantos waleranana
>
> Baktos,
> WALUYA
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

