Kang Dudi nu jujur. Abdi oge asa heran upami madungdengkeun si pleiboi dina ceting sareng baraya urang. Naha asa aneh-aneh teuing ku gambar jalmi teu diacuk, pan nu kagungan akses internet mah gampang. Oge seueur majalah, tabloid, komo DVD atawa VCD pabalatak. Janten naon anehna atuh urang teh aya deui media enggal nu sami? Sami wae sareng tayangan TV di urang nu tos teu aya etika, asa na teh urang jadi munapek. Secara etika agama jeung budaya urang, memang sakedahna mah teu kenging aya media cetak atawa elektronik jiga kitu. Tapi negara urang mah pan teu puguh, negara agama sanes, padahal berdasarkan Ketuhanan Yang Maha Esa, ngaku sekuler oge sanes, da agama gening aya departemen na. Akhirna, lantaran negara (pamarentah) teu ngalindungi rakyat tina gempuran inpo nu teu puguh, benteng pangahirna mah nya kulawarga. Sapertos acara TV nu teu pantes, nya alihkeun, atanapi pareuman wae. Oge majalah atawa tabloid oge VCD, DVD nya tong digaleuh tong dibaca, tong ditingali. Nu gaduh perusahaan, nya tong masang iklan dina media nu kitu, sugan lami-lami bangkrut. Sugan atuh ku ayana KUSnet, tiasa oge urang sasarengan teu kedah ngagaleuh, maca, ningali. Jadi gerakan moral keur ngabenteng kulawarga utamana anak incu US. Baktos, ika
Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote: haturan, heu heu heu bari meureunnya... ngan kumaha deui, sakalian rek nurutan ngacaprak... dh ===== *Uing jeung Playboy* males sabenerna mah lamun ningali pro kontra ngeunaan majalah ple boi teh, kunaon??? najan hate teu panuju, tapi era rek ngedalkeun [image: :D] . tadi peuting maca buku, *The Lone Musashi, Kehidupan Miyamoto Musashi*, uing kageeran euy he he he he he kalakuan uing nu era-era teh teu pati geseh jeung kalakuan sang legenda samurai, Miyamoto Musashi. dicaritakeun taun 1604, umur masih 21, ukur sataun musashi ngaruntagkeun ngaran hiji kulawarga sohor sa-jepang di kyoto, kulawarga Yoshioka. seijuro, denshichiro jeung nu terakhir matashichiro. sanggeus musashi hasil ngelehkeun seijuro kalawan gampang, tangtu kulawarga yoshioka ngalakukeun balas dendam (*adauchi*) nu nempatan posisi penting dina sajarah jepang. ngingetkeun kahormatan kulawarga kacida pentingna dina kabudayaan tradisional maranehanna. adi seijuro, denshichiro maju jurit keur ngalawan musashi demi malikeun deui kahormatan kulawarga, ngan teu manggapulia jiga lanceukna manehanna ge eleh gampang ku musashi. kulawarga yoshioka nu kakoncara, runtag ku hiji ronin dekil. sesa-sesana jiga nu heueuh ngajukeun anakna seijuro, matashichiro keur malikeun kahormatan, padahal ukur baruang keur musashi. sabenerna matashichiro ngan dijadikeun simbol kulawarga. lain dek diaduhareupkeun jeung musashi hiji lawan hiji, estu nu rek dilakukeun ku kulawarga yoshioka perang tutumpuran jeung musashi. sanajan nyaho, ieu teh bakal jadi perang gede, musashi teu mundur. malah murid-muridna nu rek milu ku manehna dihulag, demi kaharepna. tah tah dibagian ieu nu nyieun uing geer teh. di tengah jalan ka tempat tarung, musashi ngaliwatan hiji kuil, ngaranna hachiman, hiji kuil keur dewa perang. musashi nyimpang sakeudeung niat rek ngado'a. ngan diwaktu manehna rek narik tali gong keur menta perhatian sang dewa, musashi sadar salila ieu manehna teu pernah percaya ka dewa jeung budha. kaliru lamun manehna ayeuna menta kamenangan ka dewa. dina hatena cangcaya, kumaha dewa ayeuna bakal ngadengekeun pamentana lamun salila ieu manehna teu ngandel ka para dewa? akhirna musashi ukur kaeraan. bari ngucapkeun haturnuhun ka dewa keur pencerahanna, manehna undur ti kuil pikeun neruskeun maju jurit.* tah kitu kalakuan uing disarua-saruakeun jeung kalakuan musashi (ku uing), jadi uing era mun rek ngomong nolak ka pleiboi edisi indonesia tapi kalakuan masih sok onani!!! he he he he he he masih resep ningalian gambar porno di internet, masih sok susulumputan meuli popular, wow, pop jste [image: :D]tapi tetep hate mah ngajorowok : TOLAK PORNOGRAPI JEUNG PORNOAKSI ASUP KA INDONESIA!!!! *akhirna musashi sorangan meunang ngalawan rempugan 100 kulawarga yoshioka, ulin pedang kulawarga ieu leungit ti tatar jepang. (si buku can tamat dibaca) -- ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~ deha.wordpress.com borondongjagong.blogspot.com [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links --------------------------------- Yahoo! Autos. Looking for a sweet ride? Get pricing, reviews, & more on new and used cars. [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

