Wa'alaikum salam Wr. Wb.

Mangga Kang Ono, wilujeng sumping.
abdi Ndoell, leres ti Linggarjati, Kuningan.
abdi kénéh anu sok nagog di milis Kuningan_Asri

Hamil téh dina basa sunda diantawisna :
Kakandungan, Bobot, Bureuyeung ogé reuneuh.

conto kalimahna :
-Pun bojo ayeuna nuju kakandungan
-Bobotna pun bojo ayeuna tos lebet ka opat sasih
-Pamajikan si Anu geus bureuyeung deui baé,
 padahal mah anakna téh geus reuay.
-Ari nyanéh direuneuhan ku saha ?

punten bilih lepat mah.

-dul-
tukang teuing

--- In [email protected], [EMAIL PROTECTED] wrote:
>
> Assalamualaikum Wr. Wb.
> Wilujeung sonten ka sadayana....
> 
> Punten bade ngiring ulubiung....Nanging sateuacanna, sakali deui 
bade 
> nepangkeun heula, bilih aya batur salembur baraya sadesa anu sami 
> ngiringan ngareuah-reauah di ieu komunitas urang sunda. Nami mah 
Ono 
> Taryono, pameget, yuswa 24 taun, kawit ti Kuningan. Pami teu lepat, 
Kang 
> Ndoell oge kawitna ti Kuningan, sanes kitu Kang (Ndoell)...??!!
Padumukan 
> ayeuna di Jakarta, di wewengkon Tebet Wetan, caket ka Cawang. 
Janten kuli 
> di salah sawios pausahaan enjineering.
> 
> Dina waktos ayeuna, Abdi gaduh patarosan. Dupi basa Sunda 
na 'hamil' teh 
> naon nya Kang, Teh, Emang, Ua...??!!Di Kuningan mah, hususna di 
lembur 
> Abdi, basa Sunda na 'hamil' teh nyaeta 'reuneuh', maenya jiga ka 
sato 
> hehehe...Ketang da Abdi oge tos biasa nganggo kecap 'reuneuh' ieu 
pami di 
> lembur mah.
> 
> Abdi sok ngaraos bingung, pami aya rerencangan 'kuliah'-na pun 
bojo, 
> naroskeun ngeunaan 'kabar' pun bojo. Maksad mah bade nyarios ka 
aranjeunna 
> yen pun bojo nuju 'hamil', nanging bingung naon basa Sunda-na.
> 
> Teras, kajabi ti eta, aya oge nu naros kieu ka Abdi "Kumaha istri 
si Aa 
> teh tos 'ngeusi' tacan..??!!". Naha kecap 'ngeusi' oge tiasa 
dianalogikeun 
> sareng 'hamil'...??!!
> 
> Hiji deui Akang, Teteh....Abdi pernah mireng oge 
kecap 'bureuyeung'. Pami 
> ditilik dina kalimahna mah jigana teh hartosna sami sareng 'hamil' 
dina 
> bahasa Indonesia.
> 
> Isin mah isin, naroskeun masalah kieu di ieu komunitas teh. Katara 
pisan 
> Abdi jalmi anu bodo...(Aaah keun we lah da rumasa kurang pangabisa, 
ceuk 
> paribasana teu bodo-bodo acan).
> 
> Cag ah sakieu we heula.
> 
> 
> 
> Salam Baktos,
> 
> 
> Ono Taryono
> NB : Sakantenan kecap 'kuliah' sareng 'kabar' dina kalimah-kalimah 
diluhur kinten-kintenna digentos ku kecap naon anu langkung 
merenah...??!!
> 
>  
> 
> 
> [Non-text portions of this message have been removed]
>







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke