>    From: "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]>
> Subject: Re: Ba: Re: Wikipedia: papatong ==> Dinosaurus...??!!

Hatur nuhun, kang, kana waleranna.

Leres pisan kang teu tiasa di jantenkeun referensi ilmiah eta seratan Harun
Yahya teh upami kitu mah.
Tapi ieu mah pamendak sim kuring wae salaku muslim ; Dina Qur'an teu
disebatkeun yen
asal-muasal manusa teh tina monyet. Janten manusa mah manusa, sato mah sato.
Naha abdi make percanten kana paham kieu. Mangga we pilariang pertentangan
dina
Qur'an tanwande(pasti ?) akang moal mendakan. Malahan mah seueur seratan
dina Qur'an
anu ngabahas kajadian alam dibuktoskeun ku panalungitkan ilmiah jaman
kiwari, contona :
Yen gunung, taneuh teh bergerak sanes cicing. Teras aya deui aliran cai
tawar anu teu ngahiji sareng cai laut tapi ayana dina jero laut, Fir'aun di
teuleumkeun
di jero laut teras di salametkeun jasadna ku Allah, Kaum Ad anu digulung ku
angin
beureum nu kacida panasna. Sareng rea-rea deui.
Saur abdi mah ieu teh sanes mung kaleresan tapi hiji buktos leresna Al
Quran. Malahan seueur nu ngabuktoskeun kana teori dina Al Quran ieu teh
sanes urang muslim
tapi urang non muslim.
Sim kuring sanes arkeolog janten teu tiasa ngabuktoskeun kana leresna teori
ieu mung upami
aya arkeolog anu jembar (luas ?)elmuna sareng ageung ka imananna kersa
ngabuktoskeun kana
teori ieu tangtos bakal kabuktosan
kana leresna teori ieu teh. Tapi ieu mah mung kasauran (pendapat ?) sim
kuring.

Hapunten kana ka kiranganna sareng kalepatanna. Sareng nyungkeun koreksina
utamina kana kecap
sunda anu kuring teu terang/lepat.

pun Ari.

> Kang Ari, kuring kungsi maca, Buku Harun Yahya teh, aya nu mostingkeun
> kahiji millis Islam. Ieu mah ceuk kuring,  eusi buku ieu ( "Runtuhnya
Teori
> Darwin/ EVolution Deceit") leuwih mirip karangan buku pangaweruh populer
> tinimbang buku Ilmiah. Janten teu tiasa dilebetkeun karya ilmiah. Eusi
buku
> ieu meunang cutut-cutat tina artikel tina jurnal Ilmiah, atawa majalah
semi
> Ilmiah jiga  majalah "Nature". Nu dicutatna nyaeta padungdengan para ahli
> (nu sadayana oge pro Teori Evolusi) dina hiji masalah ku kapendakna buktos
> enggal. Contona umpami mendakan tulang fosil. Ceuk ahli si A ieu teh
tulang
> mangkeluk nu engkena jadi manusa, Ceuk ahli si B, lain, ieu mah tulang
fosil
> monyet, Ceuk ahli si C, beda deui. Ku Harun Yahya, padungdengan ieu,
dicutat
> sapotong-sapotong, dina bagean nu nguntungkeun "teori" manehna. Atuh puguh
> we siga enya, da disalenggorkeun tina maksud nu sabenerna.
>



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke