kahatur Kang mj

Atuh, Kang, bakat pinter kuring mani diwatesan ageungna. Sanaos kitu, rarancang 
kuring engkena (????) teh ngabijilkeun kamus Sunda-Perancis kulantaran teu acan 
kantos dibijilkeun (upami teu lepat). Tos sapuluh rebu kecap dikempel ku kuring 
dina hiji database dugi ka ayeuna. Sualna teh kabeungharan kosa kecap basa 
Sunda nu luar biasa, nu meureun hiji-hiji di dunya.

Salian ti eta kuring katarik pisan ku tata basa jeung sajarah bangsa Sunda. 
Alasan nu panungtungan tapi nu penting, saurna para wanoja Sunda nu 
panggeuslisna di dunya....he..he..he..

Baktos, Kang Denis
  ----- Original Message ----- 
  From: mj 
  To: [email protected] 
  Sent: Wednesday, March 01, 2006 11:39 PM
  Subject: [Urang Sunda] Re: Naros hartos -kang Denis



  heuheu. ampun paralun kang, sanes ka dinya maksad seratan sim kuring teh.
  mung mupuas ka urang sunda sorangan nu paroho deui basa sunda. hehe.

  tangtos we ari sikep sim kuring ka kang Denis mah reueus nu aya. margi
  sanaos dengeun2, tos kersa diajar basa Sunda. urang dieu diajar basa
  Inggris Perancis Jerman teu aneh, tapi mun batur diajar basa Sunda rada
  aneh, margi kabisaaan di urang, nu diajar basa teh dipatalikeun sareng
  kapentingan ekonomi, sakola atanapi padamelan.

  sim kuring oge ngaraos reueus ka Mikihiro Moriyama, nu desertasina di
  Leiden perkawis budaya cetak kesastraan Sunda abad 19. ngulik sajarah basa
  Sunda, tos tiasa ngengingkeun gelar Doktor.  Bukuna, Semangat Baru,
  Kolonialisme, Budaya Cetak dan Kesastraan Sunda Abad ke 19, baris dibedah
  di pangulinan sim kuring, Rebo 5 April 2006.

  tah kang Denis oge diantos karyana perkawis basa Sunda atanapi budaya
  Sunda sanesna.

  baktos ti bdg
  mj



  -----------

  kahatur Kang mj

  Mudah-mudahan peta kuring enggoning ngiring dina ieu forum moal dianggap

  kawas kalakuan nu angkuh, sanaos abdi sanes urang Sunda pituin. Nu diarah

  ku kuring teh mung diajar basa Sunda kabehanana wungkul(boh lemes boh

  loma, boh di Wetan boh di Kulon, boh buhun boh moderen) sakalian

  ngabantos upami tiasa mah sareng ngecek dina kamus-kamus. Ari wangun

  tinulis dina pesen kuring, neda dihapunten, sanes kulantaran

  ngumalungkung  (dugi ka matapahan) tapi kulantaran teras-teras diajar

  tina buku wae.

  Hormat baktos
  --------------------

  http://geocities.com/mangjamal






  Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




  SPONSORED LINKS Corporate culture  Business culture of china  Organizational 
culture  
        Organizational culture change  Jewish culture  


------------------------------------------------------------------------------
  YAHOO! GROUPS LINKS 

    a..  Visit your group "urangsunda" on the web.
      
    b..  To unsubscribe from this group, send an email to:
     [EMAIL PROTECTED]
      
    c..  Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. 


------------------------------------------------------------------------------



[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke