aya kecap2 basa sunda, nu siga basa lemes, tapi mun diilikan, cenah eta teu lain basa lemes siga dina UUB. sanaojan sami we tujuanana mah, enggoning ngalemeskeun basa.
kang Adang S, pangarang sastra sunda -ayeuna pupuhu Caraka Sundanologi -nu pangsiunan tangtara siliwangi, kantos nerangkeun dina kongress awal2 KUSnet, taun 2001an, cenah nu kitu teh basa dusun. hartina, enya dilelemes tapi teu dina basa sunda baku. nya rada barayana basa sunda nu pikeun budak leutik, basa ogo atawa ngogo. angge acukna, neng...biasa dilarapkeun ka balita kelas A. balita kelas B mah, bawah lima puluh tahun. tuang, dahar, neda, pikeun budak jadi emam. duka tah nu jadi os dihandap kieu lebet ka bsd (basa sunda dusun) atawa henteu. sanajan =sanaos kaharti=kahartos karasa=karaos pribadi=pribados tongo= tongos...eh salah nu ieu mah. robah hurup: kanggo= kangge minggu= minggon robah=robih mj http://geocities.com/mangjamal Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

