KAHURUAN

Kahirupan manusa gumantung pisan kana seuneu. Tapi dina tempat jeung 
jumlah anu teu dipikaharep, seneu jadi ngabahayakeun. Tah ieu nu 
disebut KAHURUAN.

Seuneu gampang ngajadi ( hurung) jeung bisa gancang mencar ( 
ngalentab) kamana-mana. Jeung nyababkeun karugian anu gede lain bae 
pakaya tapi nyawa manusa. Kusabab eta, bijaksana pisan lamun urang 
sakabeh  nyegah KAHURUAN saencan kajadian.

Kumaha seneu bisa hurung ?

Unsur Kimia Seneu

Seneu  merlukeun tilu elemen supaya hurung
 
1.Heat/Panas:  Panas diperlukeun jang naekeun suhu material nepi ka 
titik hurung

2.Fuel/Bahan Bakar:  Bahan bakar bisa mangrupa teuas, cair atawa 
gas. Type jeung jumlah bahan bakar bisa nentukeun metode naon anu 
digunakeun keur mareuman kahuruan.

1.Oxygen/Oksigen:  Seneu bisa hurung dina atmosphere anu ngandung 
paling saeutik 20% oksigen. Tanpa oksigen, lolobana bahan bakar bisa 
dipanaskeun nepi ka titik pengapian, tapi moal kaduruk / hurung..

Segitilu Seuneu

Gabungan tina tilu elemen eta disebut "Segitilu Seuneu", nu 
ngabalukarkeun reaksi kimia AXOTHERMIC nu disebut SEUNEU.

Lamun salah sahiji tina tilu elemen eta leungit / euweuh atawa 
dicokot, seneu moal kajadian ( hurung ) atawa pareum. Tetekon 
mareuman seuneu nyaeta ngaleugitkeun salah sahiji atawa leuwih tina 
eta elemen seuneu. 


Bagbagan Seuneu dina KAHURUAN

Seuneu dikategorikeun jadi sababaraha kelas gumantung tina bahan 
bakar (banda) anu kadurukna.

1.Seuneu kelas A  Kahuruan bahan padet saperti : kertas, karet, kai, 
kaen dan palastik.

2.Seuneu kelas B  Kahuruan bahan bakar cair saperti : Bensin, minyak 
tanah. Seuneu ngan saukur hurung diluhur bahan ieu, sabab oksigen 
teu bisa asup kajero cairan.

3.Seuneu kelas C  Kahuruan dina paralatan listrik anu masih aya 
setruman, saperti : perkabelan, motor listrik (Lamun aliran 
listriknya dipareuman, jadi seuneu kelas A).

4.Seuneu kelas D  Kahuruan logam, saperti : magnesium, titanium atau 
sodium.

Bagbagan ieu diperlukeun pisan dina mareuman seuneu jang nentukeun 
metoda jeung bahan pamareumna.


Alat Pamareum Seuneu

Alat pamareum seneu nu umum digunakeun nyaeta:

1. Alat Pemadam Api Ringan (APAR).  / Naonya Sundana..?

2. Interior wet standpipes/hidran. / Naonya Sundana..?

Alat Pemadam Api Ringan (APAR) efektif pisan jang mareuman kahuruan 
leutik. Imah atawa kantor dianjurkeun sahenteuna boga dua APAR.

Tah..sakitu heula sim kuring ngacapruk

Cag..Ah
Emod Morales






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke