Leres pisan kang ngalangkungan C*L* langkung enggal. 
(pangalaman kuring)

On Mon, 27 Mar 2006 22:31:51 -0800 (PST)
  AA misan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Salam ka baraya Kusnet,
>  Ieu mah asli pangalaman pribadi alias kisah nyata. Lain 
>fiksi. Opat minggu ka tukang kuring geus narima surat 
>wawaran ti Tenn. DOT (Tennessee Departement Of Safety) 
>Title & Registration Div. - Nashville,mun di Bandung mah 
>Kantor Pelayanan Samsat, yen kuring kudu mayar pajeg 
>mobil paling telat tanggal 30 April 2006. Tadi beurang
>  alhamdulillah kuring kabeneran keur nganggur pedah 
>'Spring Break'.Estu poe ieu mah teu kudu kokoreh oge teu 
>kudu maca buku atawa ngingkig ka perpustakaan. Wah pokona 
>mah tadi beurang bener-bener ngarasa jadi jelema 
>bebas.Sapoe hidup tanpa beban tea, nu ceuk basa deungeuna 
>mah 'Enjoying Myself' bin 'Having A Great Time' .  Basa 
>rek kaluar imah ku kuring kareret surat ti 'samsat Amrik' 
>nu ku kuring ditapelkeun dina kalender yen kuring kudu 
>mayar pajeg bulan hareup . Ah teu basa teu carita si 
>surat teh ku kuring dijewang maksud teh rek mayar pajeg 
>mobil poe ayeuna najan  sa bulan keneh deui oge kana 
>due-date na .Pikir kuring ngarah salse jeung kabeneran 
>keur nganggur deuih. Bari sakalian ngopor hayam di warung 
>Bangkok tukangeun kantor samsat pisan ,ongkoh beuteung 
>geus kukurubukan hayang dieusi .
>  Teu sa parapat jam kuring geus nepi ka kantor pajeg 
>kandaraan,  katingali ku kuring aya sababaraha welas 
>wajib pajeg nu boga maksud nu sarua jeung kuring ,juljol 
>ka eta kantor .Bus kuring ngasupkeun STNK heubeul jeung 
>biaya pajegna. Teu kungsi lima menit ngaran kuring geus 
>dipanggil.'Thank you,' ceuk mojang bule geulis jeung 
>seungit bari ngasongkeun pelat nomer anyar nu masa 
>berlakuna nepi ka April 2007.  Ah kuring oge thank-you 
>deui bari leos balik. Lima menit bereeessss, euy !
>  Meureun ceuk mojang Amrik mah sing saha bae nu aya di 
>nagarana teh lain jelema cicing, padahal kuring mah 
>harita keur nganggur.
>  Tah ayeuna mangga geura urang toong babarengan 
>GALAMEDIA Salasa 28 Maret 2006 dina kolom Interaktif 
>CeplasCeplos, aya baraya urang nu rek mayar pajeg mobil 
>kudu ngadaweung cindeten en dipeuyeum heula di eta kantor 
>samsat Bdg Tengah sababaraha jam pedah (jigana mah) teu 
>nitah 'jelema nu dijero' alias abdi rayat (pulisi + 
>Dispenda) . Beu kacida teuing ! Padahal si bapa teh rek 
>mayar kawajiban, lain rek menta. Bener pisan yen spanduk 
>nu ditulis 'BAYARLAH KENDARAAN ANDA DENGAN TIDAK MELALUI 
>CALO/PERANTARA' teh wadul alias bohong badag ! Kuduna mah 
>tulisan eta teh kieu yeuh 'BAYARLAH KENDARAAN ANDA DENGAN 
>MELALUI CALO/PERANTARA' 
>  Ngarah gancang anggeus ! 
>  Komentarna mah teu langkung baraya.
>   
>  Baktos
>  Misan .
>  Tennessee-Amrik .
> 
>               
> ---------------------------------
> Yahoo! Messenger with Voice. Make PC-to-Phone Calls to 
>the US (and 30+ countries) for 2ยข/min or less.

========================================================================================
Ikuti Lomba Puisi Online Jawa Timur, dapatkan hadiah menarik setiap bulannya 
dan hadiah total senilai 60 juta rupiah
hanya di http://www.plasa.com
========================================================================================
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke