Saleresna padungdengan ngeunaan ieu jejer dimimitian ku imel Abdi nu naroskeun naon sabab musababna daging babi diharamkeun dumasar kana suroh Al Baqarah ayat 173. Ieu patarosan teh mucunghul lantaran aya kapanasaran, rasa hoyong terang tea, susuganan we aya diantawis baraya kusnet nu tiasa medar ngeunaah sabab musababna atanapi saur para ahli mah 'asbabun nuzul'-na. Kumargi cenah, saur guru ngaji Abdi kapungkur di kampung, satiap ayat Quran nu diwahyukeun ka kanjeng Nabi teh aya 'asbabun nuzul'-na.

Punten, sanes niat Abdi hoyong masoalkeun eta larangan nuang daging babi. Teu pisan-pisan nun.....

Sok sanaos kitu, alhamdulillah seueur elmu nu tiasa dipulungan ku Abdi ti pairan-pairanna Akang-Teteh baraya kusnet sadaya. Abdi ngahaturkeun mangrewu-rewu nuhun.

Baktos,
OTA



"soni rosa" <[EMAIL PROTECTED]>
Sent by: [email protected]

04/24/2006 02:47 PM

Please respond to
[email protected]

To
[email protected]
cc
Subject
Re: [Urang Sunda] Re: Naon Sababna Daging Babi Haram(Saur saha daging babi diharamkeun....?)





Haturan kang...
ngiring mairan bari rada mahiwal.
ieu mah pangalaman kuring anu kungsi kokotetengan
panasaran hayang nyaho naon sababna daging babi
diharamkeun.
panasaran...
kulantaran waktu baheula keur budak guru agama pernah net
elakeun yen sarat abus islam teh salah sahijina nyaeta:

                     "baleg jeung boga akal"

ti harita kuring boga kayakinan naon wae anu masih bisa
kahontal ku akal mah pasti aya jawabana (teuing bener
henteuna mah..he..he..).

kira2 tahun 1992 keur kuring ngarasa meunang jawaban "Naon
Sababna Daging Babi Haram"

jawabna gumantung kana ti beulah mana urang nyawangna,
saupama/diantarana:

"Lantaran Gusti Aloh maha welas tur maha asih"

, katerangana basajan pisan "aya mang rewu-rewu kadaharan
daging anu bisa didahar ku urang, kulantaran bageurna
mantenna ngan hiji anu teu meunang didahar nyaeta sakadang
B.A.B.I" he....he....

"Lantaran manusamah hese/kurang/sok poho/tara  tumarima
kana kanimatan ti kami"

 katerangana enya eta tina mang rewu2 kadaharan daging
anu meunang didahar ku urang dicaram hiji wae mani keukeuh
hayang ngalanggar jeung sok di tambahan ku kukulutus oge
murukusunuh .. hi..hi...meureun.

kabehdieunakeun ka pikir deui:
anu  'terlibat' dina palaturan teh pan aya dua pihak
mantena jeung urang/manusa.
jadi kuayana 'daging babi haram" tea urang bisa leuwih
tetela nyawang sifat2 mantena jeung sifat2 urang nya
manusa tea.

mangga geura cobian jadi seueur pisan jawabanana.
sareng teu langkung bade nyawang ti lebah mana, ti sifat
gusti Aloh/sifat manusa, sawangan positif/negatif,
sawangan optimis/pesimis.

heug rek timana wae nyawangna, muga2 wae ngajadikeun hirup
urang sarerea jadi leuwih aya hartina.

cag.
tutup lawang sigotaka.

sonirosa
On Mon, 24 Apr 2006 12:55:54 +0700
 "oman abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Rampes,
>
> Talatah Kang Gibson teh, mun dibasakeun ku anu
>saujratna, meureun kieu:
> "tinimbang ngamasalahkeun atawa ngotektak neangan sabab
>musabab Pangeran
> ngaharamkeun ngadahar daging babi (anu geus qot'i atawa
>teu kudu dipasoalkeu
> deui) mendingan neangan atawa natanyakeun atawa
>ngamasalahkeun sabab musabab
> masih lobana kajadian korupsi di nagara urang  jeung
>cara ngahulagna.
>
> Daging babi geus jelas diharamkeun, ieu urusan atawa
>wilayah Pangeran. Nepi
> ka iraha oge lamun neangan sabab-musabab ilmiahna moal
>aya anggeusna kana
> wilayah otoritas Pangeran mah. Malah bisa jadi, lamun
>hiji sabab tina
> katerangan paelmuan dicekel salaku kayakinan, bisa
>mengparkeun kayakinan
> urang kana aturan Pangeran. Sabab, paelmuan tea sifatna
>relatif, gumantung
> data jeung bukti anyar.
>
> Anapon korupsi, jelas-jelas akibat sosialna sakitu
>gedena. Apan agama teh
> utamana keur ngatur kahirupan hirup kumbuh masyarakat,
>sanes? Hayu urang
> milih-milih skala prioritas dina madungdengkeun hiji hal
>teh, sangkan teu
> mubah tanaga jeung pikiran.
>
> baktos,
> manAR



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke