Assalamu'alaikum wr wb

Ka para wargi sadayana, meni rame pisan sareng masing2 gaduh pamadegan
sewang2,
Sim kuring ngaraos kawajiban nyumbang tina sagala rupi anu sim kuring terang
perkawis ieu,
kumargi tos saminggon langkung ieu patarosan teh masih keneh padungdeng ,
antugna kuring gaduh pamadegan kieu,
namung hapunten bilih lepat, da sim kuring oge nuju di ajar keneh sareng ieu
mah mung emutan sim kuring hungkul, malihan mah
upami sim kuring lepat, punten weh ka para wargi sadayana neda ridho na
ngalereskeun sim kuring,
Pangemut sim kuring kieu masalah Babi haram teh:
Kumargi urang mah nganggem agama anu mulya nyaeta Islam, janten satiap jalmi
kedah kenging cocobi / ujian / trial dugi ka urang
tilam ti alam dunya, hartosna , urang moal leupas tina cocobi sagala rupi
salami urang kumalayang di alam ieu, boh cocobi lahir atanapi batin,
ageung atanapi alit, sadar atanapi teu sadar, eta cocobi teh aya wae salami
aya keneh syaiton , jin, iblis ,iwal ti urang kumaha mayunan eta cocobi teh
,
tah hubungan nana sareng daging babi anu di haramkeun, sakaterang sim kuring
anu parantos naroskeun perkawis eta daging ka non Islam,
saurna daging babi teh pang raos na, pang hipu na, pang seu-eur na gajih na,
janten janten tiasa di sebat pang-pang na weh, ( duka teuing enya-henteu na
mah-da ieu ge saur batur non Islam ) namung eta kasauran teh langkung ti 15
jalmi anu ku sim kuring kadangu, janten boa-boa enya nya.........?
tah hubungan nana sareng katerangan sim kuring ti awal na, sim kuring
nyandak kasimpulan reh na Allah swt nguji ka umat na dugi ka mana
urang tiasa iman ka Mantena, margi seu-eur anu matak raos tur nikmat di
lakukeun di alam dunya ieu apanan seu-eur anu di larang ku agama,
sapertos na judi, mabok, jinah sareng sajabana, tah sagala rupi eta teh
upami tos di lakonan meni anteng tur  bakalan hilap kana sagala rupi,
seu-eur jalmi anu ancur sareng sangsara lahir sareng batin na ku jalaran
ngalakonan anu kararitu teh, janten daging babi oge tiasa di lebetkeun kana
salah sawios katagori tadi tea, nyaeta ujian ka umat Islam supaya tetep
taqwa dina puasa ku jalaran teu nuang daging anu raos eta.

Sakali deui ka pala wargi.neda di hapunten bilih lepat pamadegan sim kuring
sareng bilih rada sesah kahartos ieu seratan sim kuring,
da ieu mah mung pandangan sim kuring manawi katampi, sareng aya manfa'at
na.amiin

Wassalamu'alaikum wr wb
S M Natapradja

----- Original Message -----
From: "Emod Morales" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Tuesday, April 25, 2006 11:27 PM
Subject: [Urang Sunda] Re: Naon Sababna Daging Babi Haram(Saur saha daging
babi diharamkeun....?)


> Lamun bagong sok baranghakan anu pikageuleuheun, ari lauk dibalong
> anu aya pacilingan, pan dikampung mah lauk teh diparabannana tina
> pacilingan, kumaha tah..?
>
> Ceuk saha daging babi diharamkeun ? Geuning pa Haji mungkus huluna..!
>
>
> --- In [email protected], sara raka <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> . seuer jalmi intelek hoyong terang naon sababna bagong diharankeum.
> sakaterang abdi lantaran bagong sok baranghakan nu pikgeuleueheun
> >
> >   elmu Gusti Allah nu maha luas ngenaan ieu.
> >
> >   ngaramekeun weeh ieu mah   mmm
> >
> > kamalinaan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >
> > palebah dinya, enya cenah kungsi aya ayat nu model kitu. nu inget
> teh,
> > soal Khamar atawa sarupaning arak inuman nu matak mabox. cenah ieu
> > mah, asalna teu diharamkeun, tapi sanggeus kapanggih yen akibatna
> loba
> > gorengna tibatan alusna, nya kaluar larangan, yen khamar teh haram.
> >
> > beh dieu ku para ahli, kapanggih yen nu matak mabok dina inuman
> teh
> > alkohol, enya alkohol, sanes alketip atawa almunium, jadi inuman
> teh
> > diatur kadar alkoholna. biasana bir, maksimal kandungan alkoholna
> > maksimal 5%, mun nu sejen, nu asup kelas spirit (wiski, vodka,
> jeung
> > sajabana) sok aya nu nepi ka 40%, matak mun eta cai wiski
> diasongan
> > seuneu, sok hurung. beu...
> >
> > ceuk cenah deui, di Brazil (beh ditueun Burujul) mah loba mobil nu
> > bahan bakarna teh lain bensin, tapi alkohol.
> >
> > perkawis nyandung oge cenah, ayatna turun saatos perang, nu
> > ngabalukarkeun seueur randa (randa nu ieu duka sahana gusti randa
> > yeuh).
> >
> >
> > jeung sajabana
> >
> > peun ah
> >
> > --- In [email protected], ono.taryono@ wrote:
> > >
> > > Saleresna padungdengan ngeunaan ieu jejer dimimitian ku imel
> Abdi nu
> > > naroskeun naon sabab musababna daging babi diharamkeun dumasar
> kana
> > suroh
> > > Al Baqarah ayat 173. Ieu patarosan teh mucunghul lantaran aya
> > kapanasaran,
> > > rasa hoyong terang tea, susuganan we aya diantawis baraya kusnet
> nu
> > tiasa
> > > medar ngeunaah sabab musababna atanapi saur para ahli
> mah 'asbabun
> > > nuzul'-na. Kumargi cenah, saur guru ngaji Abdi kapungkur di
> kampung,
> > > satiap ayat Quran nu diwahyukeun ka kanjeng Nabi teh
> aya 'asbabun
> > > nuzul'-na.
> > >
> > > Punten, sanes niat Abdi hoyong masoalkeun eta larangan nuang
> daging
> > babi.
> > > Teu pisan-pisan nun.....
> > >
> > > Sok sanaos kitu, alhamdulillah seueur elmu nu tiasa dipulungan
> ku
> > Abdi ti
> > > pairan-pairanna Akang-Teteh baraya kusnet sadaya. Abdi
> ngahaturkeun
> > > mangrewu-rewu nuhun.
> > >
> > > Baktos,
> > > OTA
> > >
> > >
> >
> >
> >
> >
> >
> > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> >
> >
> >
> >
> > ---------------------------------
> >   YAHOO! GROUPS LINKS
> >
> >
> >     Visit your group "urangsunda" on the web.
> >
> >     To unsubscribe from this group, send an email to:
> >  [EMAIL PROTECTED]
> >
> >     Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of
> Service.
> >
> >
> > ---------------------------------
> >
> >
> >
> >
> >
> > ---------------------------------
> > Yahoo! Messenger with Voice. PC-to-Phone calls for ridiculously
> low rates.
> >
>
>
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke