henteu kana parentah Anjeunna. Tos we dugi kadinya, teu kedah
dipilarian alesan nu lebet akal. Sabab nyaeta nu ngaramkeun babi teh,
sapertos nu parantos disebat ku Bah Surtiwa, Agama Yahudi oge
ngaharamkeun. Malah urang Yahudi mah ditambahan nu haram teh, salian ti
daging Babi oge sabangsaning sato ti laut, iwal ti lauk, sapertos
hurang (udang), cumi-cumi jrrd.
Haramna Babi, sigana nuluykeun parentah anu parantos aya dina kitab
suci anu tipayun (Taurat, Injil). Urang Arab nyalira di jaman Kangjeng
Nabi, sigana teu kantos terang kumaha bungkeuleukanana babi, sabab babi
teu bisa hirup di sagara keusik. Babi (piaraan atawa bagong) sato anu
perlu cai loba. Jadi teu mungkin hirup atawa dipiara di Tanah Arab.
Daging babi dipikaresep ku urang Romawi jeung bangsa-bangsa Eropa nu
harita mah masih "barbar" (tingali geura komik Asterix, aya adegan
urang Galilea keur manggang babi). Agama Kristen nu aslina mah
ngaharamkeun babi, jadi ngahalalkeun dahar daging Babi, sanggeus diagem
ku urang Romawi jeung bangsa-bangsa "barbar" ieu.
Di Asia, urang Cina, cenah nu beuki pisan babi teh, ari urang Jepang
mah tadina henteu, baheula kabeuki maranehna ngan lauk cai. Sanggeus
boga hubungan jeung urang Eropa, Jepang kakara beuki daging. Di urang
oge aya etnis nu teu pati beuki daging, urang Mamuju. Waktu kuring boga
pagawe lokal urang Mamuju, dibere dahar jeung daging. Teu didahar,
kalahka ngomong kieu :"Untuk besok, saya dengang ikang saja Pak, saya
tidak suka daging!"
Punten ...ah ngiring ngacaprux ....
Baktos,
WALUYA
--- In [email protected], "S M Natapradja" <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
>
> > Kumargi urang mah nganggem agama anu mulya nyaeta Islam, janten
satiap jalmi
> kedah kenging cocobi / ujian / trial dugi ka urang
> tilam ti alam dunya, hartosna , urang moal leupas tina cocobi sagala
rupi
> salami urang kumalayang di alam ieu, boh cocobi lahir atanapi batin,
> ageung atanapi alit, sadar atanapi teu sadar, eta cocobi teh aya wae
salami
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

