Haturan Kang Riksanagara, Kang Apri oge sadaya anu haat merhatoskeun ieu jejer,
Nuhun kana pamairanana. Hayu urang teraskeun diskusi ieu jejer EWS. Sugan wae ku cara dikusi kalawan jembar, naon anu dipadungdengkeun nyoko kana hasil anu seukeut. Upama tetep EWS dipayunkeun, EWS anu model kumaha sareng kumaha prak-prakanana?. Upama EWS engke wae heula, lengkah naon anu peryogi dikapayunkeun. Sadayana dina raraga "mitigasi bencana" (ngurangan resiko bencana dugi ka tingkat minimal).
Leres, upami dibandingkeun sareng dana BLBI (artos rahayat) anu ambles mah sigana teu sataikuku2 acan dana keur ngayakeun + masang alat EWS teh. Kitu oge gumantung alat anu canggihna siga kumaha jeung sabaraha lobana anu arek dipasang.
Disagigireun masih cangcaya kana efektivitas alat dina ngolah data jeung nepikeunana ka masyarakat sasaran, si kuring oge masih ngaragukeun kana kasayogian infrastruktur + perilaku masyarakat anu diperlukeun. Dina lebah dieu, sanes teu peryogi kana EWS, ngan EWS anu kumaha anu bisa dimekarkeun keur masyarakat Indonesia danget ieu?
Dina kaayaan vandalisme anu masih mahabu (sabagian akibat kurangna atikan + kasadaran masyarakat, sabagean deui alatan kamiskinan masyarakat), infrastruktur informasi, pangaweruh, jeung kamampuh masyarakat dina prak-prakanana evakuasi + ngungsi nyinglar bencana, bawiraos aya hal anu langkung murah anu sakedahna diheulakeun. Samemehna, patarosan-patarosan di handap ieu kedah kawaler heula upami EWS canggih bade dipasang:
1. "Naha parantos aya peta kawasan rawan bencana dugi ka "pengambil keputusan" tiasa milih tempat-tempat anu pang pantesna dipasang EWS dibanding jeung kasayogian dana keur nyadiakeun EWS anu terbatas?"
2. "Naha infrastruktur sanesna (pangolah data dugi ka jadi informasi berguna, sarana pikeun nyalabarkeun informasi boh sirene atawa anu sajenisna, jst) anu diperyogikeun tos sayogi di satiap wewengkon tempat EWS dipasang?"
3. Naha masyarakat dimana EWS dipasang parantos dipaparinan tatacara nyinglar bahaya/ bencana, khususna dina jero waktu ngawitan EWS maparinan iber dugi ka masyarakat ngungsi ka tempat anu aman?"
Patali sareng 3 patarosan di luhur, di handap ieu katerangan saterasna sangkan langkung jelas:
1. Ngayakeun EWS dina kaayaan kakuatan ekonomi Pamarentah anu heureut tangtu moal bisa ngawengku sakabeh basisir Indonesia. Kukituna kudu aya skala prioritas. Sangkan skala prioritas ieu bisa kredibel, tangtu milih tempat prioritas teh kudu dumasar skala potensi bencana anu biasana digambarkeun dina wangun peta (kar). Peta kawasan rawan bencana penting pikeun dasar masang alat EWS.
2. EWS kawilang henteu aya gunana upama infrastruktur saterasna pikeun nepikeun informasi ka masyarakat tujuan henteu lengkep. Upamana wae, patarosan ieu ngait langsung kana patarosan nomer 2 di luhur: "Informasi meunang ngolah EWS teh rek ditepikeun heula ka (pamarentah/lembaga) pusat (Jakarta) atawa langsung ka masyarakat satempat/tujuan?".
Upama informasi hasil olahan EWS rek ditepikeun heula ka pusat, sarana komunikasi naon anu rek dipake nepikeunanana ka masyarakat tujuan (naha sms, telepon, jst)? Naha tos sayogi sarana/infrastrukturna kanggo eta peralatan ngadugikeun informasi di/ka daerah tujuan? Upama imformasi hasil EWS rek ditepikeun langsung ka masyarakat, naha geus siap infrastruktur di daerah/padumukan/wewengkon eta masyarakat anu dituju?
Dina lebah dieu si kuring masih cangcaya kana infratruktur sakumaha anu ku Bah Wily dipedar. Komo modus anu kadua mah (hasil informasi olahan EWS langsung ditepikeun ka masyarakat), kusabab sakitu kaayaan daerah-daerah wewengkon bencana anu umumna masih katinggaleun dina kamajuan teknologi.
3. Patali sareng patarosan nomer 3 di luhur, kaayaan (perilaku) masyarakat sasaran EWS perlu pisan ngarojong. Dina leresan dieu, sanes wae anti vandalisme + kasadaran masyarakat anu masih kurang, namung pangaweruh + kaparigelan masyarakat ti kawit nampi informasi EWS dugi ka nyinglar bencana kalawan tarapti/aman sakumaha sasaran mitigasi bencana masih kurang. Minimal si kuring percaya hal eta masih kurang, sabab, nengetan data anu aya, nepi ka ayeuna kagiatan sosialisasi ngeunaan bencana jeung tatacara nyinglarkeunana teh masih kurang dilaksanakeun, boh ku Pamarentah atawa LSM2.
EWS asana baris bisa efektif pisan upama masyarakat geus mikawanoh potensi bencana anu aya di daerahna masing-masing, kaasup kamana wae jalur pangungsian jeung prak-prakana ngungsi anu aman.
Kacindekan:
Sakurang-kurangna masang EWS teh kudu sapaket jeung sosialisasi mitigasi bencana. Jelasna, di sagigireun EWS dipasang di hiji lokasi anu kapilih, sosialisasi atawa nepikeun pangaweruh ngeunaan jeung kaparigelan nyinglar bahaya (kasiapsiagaan ngungsi jeung prak-prakan ngungsi anu aman) kudu prak dilaksanakeun dina sawaktu atawa meh bareng. Pikeun hal eta, tangtu merlukeun biaya anu henteu saeutik. Upama biaya teh teu nyukupan, mana anu kudu diheulakeun? Naha masang EWS atawa sosialisasi?
Pikeun jawaban patarosan anu akhir bieu, si kuring leuwih milih sosialisasi anu diheulakeun.
Sosialisasi upama direncanakeun kalawan daria (sungguh-sungguh) bisa mere sababaraha kauntungan, malah bisa ngalahirkeun "EWS" anu lahir tina kaarifan budaya lokal. Kauntungan-kauntungan tina sosialisasi diantarana :
1. Umumna sosialisasi paling saeutik dilaksanakeun dua poe (sapoe ceramah jeung tanya jawab; sapoe deui simulasi nyinglarkeun bahaya). Dina sajero dua poe eta masyarakat ngarasa dibaturan pikeun nyiapkeun mentalna nyanghareupan bahaya anu kamumgkinan baris datang (deui).
2. Dina survey awal pikeun sosialisasi, panitia bisa ngalaksanakeun wawancara anu jero ngeunaan sababaraha hal pakait bencana. Upama wae:
1) Maluruh informasi ti masyarakat anu nandangan bencana ngeunaan tanda-tanda alam anu real kaalaman ku masyarakat samemeh kajadian bencana (budah laut, bau asin cai laut anu ngaronjat atawa tanda-tanda alam sejenna anu khas di masing-masing daerah). Ieu informasi engkena bisa jadi ngarumuskeun "EWS kearifan lokal" anu bisa jadi leuwih manfaat (aya contona tina kasus tsunami di Aceh).
2) Maluruh informasi ngeunaan nepi ka mana wae jauhna cai (ombak laut) tsunami nyeblok darat. Hal ieu penting pikeun data/informasi penataan ruang ka hareup.
Upama wae di Pangandaran, numutkeun informasi ti masyarakat, ombak tsunami teh nepe ka 1 km jauhna ka darat. Dumasar ieu informasi ka hareupna bisa dilakukeun penataan ruang samodel kieu: a) antara 0 - 100 m ti biwir laut (tbl) lahan dikosongkeun tina sagala rupa bangunan, boh pemukiman atawa bangunan umum, bari dipelakan tatangkalan anu laluhur pikeun nahan ombak; b) antara 100 - 200 m tbl lahan dikosongkeun tina sagala rupa bangunan kajaba fasilitas rekreasi (bangku-bangku tempat nyawang pamandangan, jst), c) antara 200 - 500 m tbl karek aya bangunan fasilitas umum, sedengkeun pemukiman tetep teu meunang aya, d) antara 500 - 1000 m tbl pemukiman terbatas (imah penjaga pantai, arena rekreasi) karek diijinkeun aya, e) ti 1000 tbl karek meunang aya pemukiman.
3) Dina acara sosialisasi ditepikeun pangaweruh ngeunaan asal-usul bencana, sajarah kajadian jeung lobana korban di tiap tempat anu kungsi kajadian jeung naon sabab-sababna eta loba korban. Dina ieu acara, mataholangna masyarakat diajar akrab jeung bencana lengkep jeung tatacara nyinglarkeunana. Kukituna, masyarakat di daerah potensin bencana geus dibekelan boh pangaweruhna (knowledge), kaparigelanana (skill), oge mentalna. Asana, hal baris lumayan mere kasiapsiagaan ka masyarakat sasaran tinimbang ukur dibekelan alat EWS anu can tangtu kaharti kumaha prak-prakan gawena eta alat
-------------
Cag sakitu heula, wilujeng diskusi saterasna.
baktos,
manAR
On 7/22/06, riksanagara <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kahatur Kang Oman, Bah Waluya sareng Kang Apri,...
Punten ah,...sakedik ngiringan
1. Abdi sapagodos pisan kana pamendakna kang Apri,....dana kanggo
TEWS teh teu `sapira` dibandingkeun dana BLBI (artos rahayat) anu
`amblas` diembat/digasab/dirampok ku sababaraha warga Indonesia (anu
seuseurna `sipit`) anu disupport ku para gegeden anu gaduh kawasa.
Kedah sabaraha seueur deui rahayat alit anu kedah janten korban?
2. Cobi we upami Bumi na para gegeden (misalna Menteri; gubernur ;
dirjen; anggota DPR jrrd) maksadna anak pamajikan nana aya di garis
pantai laut selatan, caket sareng pangandaran,....(upami misalna
Jakarta teh aya di pantai selatan), pasti `kumaha carana` program
EWS teh bakal diimplementasikeun saenggal-enggalna. Janten anu
janten masalah na mah sabaraha ageung na program TEWS berinterface
sareng `kepentingan` para gegeden anu ngawasa di Indonesia.
3. Upami di Thailand nagara anu teu langkung beunghar ti Indonesia
EWS anu terintegrasi sareng masyarakat tiasa di implementasikeun
(ayeuna tos dipasang, sanes rencana)kedahna di Indonesia oge tiasa.
Mugia we di antara para gegeden ieu masih keneh aya anu dikersakeun
ku Gusti Alloh ngagaduhan kanyaah; ridho sareng ikhlas ngabela
rahayat alit.
Baktos
RN
--- In [email protected], "M. Apri" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> >
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Yahoo! Groups gets a make over. See the new email design.
http://us.click.yahoo.com/XISQkA/lOaOAA/yQLSAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/
__._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

