Muhun, kudu jentre naon bae produk Amrik teh. Sabab ari di Arab Saudi mah sagala gumantung ka Amrik. Bandera nagarana mah muhun bertuliskan kalimah tauhid, hiji kalimah nu kudu dipraktekeun dina kahirupan sapopoe. Tapi da ari sikep pamarentahanana mah "mangeran" ka Amrik atuh. Gaya hidup para sultan jeung keluarga kerajaan Saudi jauh pisan tina kaagungan "kalimah tauhid" tadi.
Satutasna maca buku "Dinasti Bush Dinasti Saudi" Hubungan rahasia Antara Dua Dinasti Terkuat Dunia, kenging wartawan New York Times Craig Unger, asa jajauheun Arab Saudi wani nunjukkeun sikep ka Amrik. Sabab estuning geuning, ieu dua dinasti teh sobat dalit nu geus lila ngawangun jaringan dina urusan fulus. Kaharti, kaharti pisan, naon
sababna Arab Saudi sakitu dodongkoanana ka Amrik jeung jiga nu nyeri huntu mun nyanghareupan kajahatan Israel. Emh....sok ras inget ka Kanjeng Nabi Muhammad nu lahir di Mekah, inget ka Baitullah, ka Madinah. Meureun mun tea mah Kanjeng Nabi ningali, tada teuing carinakdakna.
Wass
ESS
waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sukur atuh urang Arab Saudi rek ngabaikot prodeuk Amrik mah. Ngan naon
nya nu rek diboikot? Boeing 747 paragi tutumpakan maranehna ka luar
negeri, Bahan pangan (Gandum+ daging), komputer jeung softwarena,
pesawat Tempurna, da pesawat tempur Arab Saudi teh ti Amrik sadayana.
Cik ah, disebatkeun, naon cenah nu rek diboikot teh. Dina Detikcom
kamari oge diwartoskeun, Malaysia oge hayang ngabaikot prodeuk AS,
ngan Perdana Menterina henteu satuju, sabab sieun engkena jadi malindes
ka Malaysia sorangan. Tah lamun Malaysia awut-awutan, saha nu nanggung?
Baktos,
WALUYA
--- In [EMAIL PROTECTED]ups.com , Mohammad Arief <md_arief_r@...>
wrote:
>
> Bagaimana dengan kita ?
Do you Yahoo!?
Get on board. You're invited to try the new Yahoo! Mail Beta. __._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
__,_._,___

