--- In [email protected], "O. Taryono" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Nyarioskeun ngeunaan cai ieu, Abdi janten emut ka Bah Willi. Kumaha > Bah numutkeun pamadegan Abah...??!
Kang Ono, wilujeng gaduh bumi. Bumina dimana ieu teh? di Jakarta? cik palih mana? Biasana ari ngebor mung 15 meter, air taneuhna, masih kapangaruhan ti luhur (permukaan), komo upami kapungkurna eta lahan teh tilas sawah atawa rawa anu diurug. Sigana kedah dijeroan, tapi ieu oge teu ngajamin dinu jero aya caian, gumantung kana daerahna. Upami dijeroan, usahakeun cai ti luhur (air permukaan) teu lebet, carana dugi ka 10-15 meter sumur disolobongan ku pralon (casing, jambang). Ruang diantara pralon sareng liang bor dieusi keusik atawa koral (kerikil) sagede jagong. Tapi nu sae mah dicor ku semen, ngan biasana tukang bor pantek mah sok teu tiasaeun, malah engkena nutup sumur. Janten kedah atos-atos upami dicor. Perkawis Jet Pump, aya nu tiasa nyedot dugi ka 30/35 meter, ngan wattna ageung dugi ka 500 Watt, tapi upami ngawitan jalan, tiasa langkung ti 1000 watt. Listrik di bumi kedah dipasang 1300 Watt atanapi nu aman mah 2200 Watt. Nu rada mirah Jet Pump buatan eropa, merkna teh Grundfost/ Dub jrrd. Tapi kuring ningali iklan dina koran aya Jet Pump buatan Jepang, merkna Sharp, Wattna kirang ti 500 watt, tiasa nyedot dugi ka 30 meter. Duka tah leres henteuna mah. Cobi taroskeun kanu tokona. Baktos, WALUYA Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

