--- Budhi Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Bieu, basa keur nyimpen sepeda di parkiran bank, > kuring panggih jeung > kapala sakola Aiko, nu karek kaluar ti bank tur rek > ka sakola make > sapeda. Ras inget poe sejen, harita rada girimis, > panggih oge, ngan > harita mah anjeunna kana mobil. Jadi keur anjeunna, > boga mobil leuwih > keur fungsina lain keur gaya. muhun kang,abdi ge seringgaduh rasa simpati sapertos kitu, harita tos rada lami saleresna mah basa abdi masih di perancis sareng dijermankeneh, abdi sami gaduh tatanggi sareng dosen anu sapertos kitu.anjeuuna kumargi ngawulangna saur ukuran orang eropa mah pasnginten caket kulantara biasa, pami di bandungmah ti Dipati ukur dugika antapani jarank ka sakola anjeuunangawulang teh..anjeuuna mah malihan sering papah teras pami nuju rada rusuh panginten ngago sapeda, mobilna dianggo di bojona..margi saurna langkung manfaat teras langkung aman kanggo istrina nganggo mobil, margi kanggo antar jemput murangkalihna nu sakolana rada tebih saur ukuran orang eropa, nu pasti mah pami di ukur ku ukuran abdi mah, murangkalihna teh sakolana tebih pisan. abdi nyonto ka anjeunna, jarak sakola abdi ti bumi harita kinten2 ti dipatiukur ka cihampelas..alhamdullillah tara pernah naek nanaon kasakola teh.iswalti ti nikreuh papah, da kadang sok sareng sareng atatanggi abdi kitu deui sareng guru abdi, teras engke dijalan nyamper rerencangan, abdi kadang sok hoyong deui diditu margi asa langkung manusiawi panginten. ayeuna di bandung boro2 tiasapapahnikreuh kitu, da tempat kanggo papahna ge tos pinuh ke pedagang kaki lima. > Pirajeuneun nempo di sakola Aiko, kabeh guruna nu > jauh, marake mobil, > sedengkeun nu deukeut kana sapedah, meureun pedah > nempo conto nu jadi > kapala sakola, sakirana deukeut tur bisa kana > sapedah mah, teu kudu make > mobil. Jadi, conto pamingpin ku kalakuan leuwih hade > tinimbang ku > ucapan. > amin mugia hiji waktos, di urang ge tiasa kitu nya kang. > Sakola Aiko teh sakola swasta, ngan dina urusan > babayar mah sarua jeung > sakola negeri. Mun ras inget ka lembur, nu boga > sakola katempo > beungharna, sedengkeun mun ningali guru-guruna asa > beda. Meureun dina > urusan panghasilan teu beda jauh, antara nu boga > jeung nu digawe, ieu > meureun oge nu nyababkeun sumanget gawe jadi hade > the. Jadi, nu boga ku > cacara babarengan sarerea bakal maju. amin hiji waktos urang tias akitu > Asana, kuring teu pati apal kana hadist, Rassullah > oge ku cara dakwah ku > paripolah hasilna leuwih nyugemakeun. Naha urang > Jepang nu lain Islam > bisa kitu ? Hiji konci nu dicepeng ku maranehna teh > nyaeta REINKARNASI. justru abdi ge rada heran, salami abdi sakola teras eringkali ngalongok sepuhdijerman, abdi ge sering tumars kitu ka sepuh, naha nya asa langkung agamis didieu daripada di indonesia,padhaal komo angkatan abdi mah seuseueurna ajaran anu dianutna agnostik, tapi aduh sadidinten teh silih belaanana sareng rerencagnan, silih tulungna sareng rerencangan, silih pataros pami patepang...tos sesah di bandung mah pami enjing2 jalan2 dipayuneun apartemen, teras urang patepangsareng jalmi padahal teu kenal2 acan, harita abdi apartemennya di bilangan paris 13....eh masih keneh kersa naros..bonjour..(wilujeng enjing pami di urang mah) > Urang Jepang percaya pisan, mun salila hirupna hade > basa hade budi tur > mere mangpaat keur balarea, engke sanggeus maot > manehna bakal hirup deui > jadi jalma sejen nu leuwih luhur sacara martabat tur > leuwih beunghar > sacara materialis, kitu oge mun sabalikna. Konsep > ieu, sarua jeung surga > jeung naraka dina ajaran Islam, nu teu kudu > dijelaskeun da tos pada > apal. > > Ras inget ka lembur, di Cigugur Ciamis kidul, keur > budak aya leuweung > kolot, taya nu wani asup ka dinya da cenah larangan > mun asup ka dinya > bakal kitu kieu. Harita cai walungan mun halodo oge > tara saat, meureun > ieu nu disebut "kearifan lokal" tea. asa ngiring waas kang > Ayeuna eta leuweung geus heureut, da cenah ngan > sakadar tahayul ceuk > agama mah, atuh ayeuna cai walungan oge ngoretrak > saat mangsa halodo. Ah > .. geuning urang teh bet salah dina ngalarapkeun > agama keur kahirupan > sapopoe, boa-boa loba kacida kasalahan dina > ngalarapkeun ajaran agama nu > nyababkeun kahirupan urang hese menyat . panginten agama teu dilebetkeun kana konsep kailmuan, tapi lebetna kana rutinitas panginten, ah abdi ge kirang apal saleresna mah aya naon..da abdi ge nembe lebet islamna mah..justru abdi lebet islam teh nuju di eropa sanes di INdonesia..pemahamanabdi ge tangtosnabakalan benten sarengnu diageungkeun didieu panginten...margi abdi mah ningal diditu teh asa langsung agamis..margi elmu agama tos lebet kana sadidinten..panginten nya,sapertos jarang rerencanganpami nu janji bade patepang jalir..jarang pami rapat ge diulur waktosna..wah seueur nu kataji,kdang abdi ge sok hoyong mulih deui ka lembuh sepuh diditu, supados abdi tiasa diajar seueur deui,malihan abdi mah janten bingung didieu teh...asa aneh aya sekelomok organisasi yang mengatasnamakan agama tertentu..malkukan aksi anarkis untu k memberantas kemaksiatan alasanana...duh meni kacida ..meni asa pang leresna, abdi janten ragu ? kadang abdi sok ragu.. margi asa arararinggis didieu mah..abdi hoyong ...kadang hoyong mulih deui kaditu, eh janten curhatnya ane > Budhi > Kurono kopo 241 > > > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

