***
rada ngabalicet ah...
ieu mah pamikiran kuring : mangsa diajar teh dibagi tilu
- ti mimiti ngaburulu tina guha garba indung nepi ka baleg diajar kenal jeung kahirupan. mun dina imah mah ieu teh pondasina. bimbingan guru (kolot atawa saha wae) kudu pisan dina tahap ieu. si "uing" masih nyirekem.
- ti mimiti baleg nepi ka umur 25, diajar ngeunaan teori kahirupan, mimiti diajar "kumaha". mun dina imah mah mimiti diajar kumaha nyieun kusen, kumaha ngaduk, kumaha nembok, kumaha nyieun bata, kumaha nyieun bilik, kumaha nyieun talupuh, kumaha ngadegkeun imah, kumaha ngiuhan imah. bari diajar mraktekeunna. di dieu pisan uing diajar salah. guru masih penting, tapi geus mimiti si "uing" kaluar.
- nepi ka paeh.. kari prakna. maraktekeun naon nu salila ieu dipelajari bari teu poho terus neangan nu anyar... mun dina imah mah imah geus ngadeg mimiti neangan rarangkenna... guru geus teu pati penting, si "uing" geus utama...
kuring nu paralun lamun kudu nyalahkeun guru mah,
dh
Tapi tetep bae eta guru ngaji teh geus berjasa, nya, kang. Alatan manehna urang jadi bisa solat jeung bisa ngaji, kenal sareng Islam, kenal halal haram. Etateh mangrupakeun modal dasar urang keur mempelajari Islam lebih lanjut. Kuring oge boga guru ngaji. Aya Kiai Annas, Aya Pak Muhi, jrrd.
Ayeuna urang nganggap cara ngajar manehna salah. Kulantaran teu nerangkeun artina, teu nerangkeun ahlak, jrrd. Nya tos wae di maklumi. Mungkin eta lantaran keterbatasan wawasan sareng elmuna. Tak ada gading yg tak retak, cenah. Ayeunamah tinggal hayu kasalahan etateh urang benerkeun. Jadi mun urang ngajaran budak ulah ngajaran puasana wungkul, ulang ngajar solatna wungkul, tapi ajarkeun oge makna dibalik eta. Ajarkeun oge ahlak Islam, jrrd.
Kuring pernah ngdangu kecap kieu; sibaik-baik manusia adalah yang paling baik ahlaknya.On 27/09/06, Dudi Herlianto < [EMAIL PROTECTED]> wrote:punten ah ieu mah ukur nyarioskeun pangalaman keur leutik,
di lembur kuring, guru agama (ustadz, kiyaina) asa jarang pisan ngajarkeun kumaha carana kuring hirup nu islami di masyarakat, kumaha carana ngajenan batur. lolobana mah ukur sangkan bisa maca Qur'an bari jeung teu dibere nyaho naon hartina, jadi ngaji ukur ngaran. ukur sina bisa (punten) jungkel-jumpalit sholat bari teu dibere nyaho keur naon urang solat.
dh
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Culture change | Corporate culture | Cell culture |
| Organization culture | Tissue culture |
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe
__,_._,___

