Puasa taun ieu, puasa kaopat kalina keur kuring di ieu nagara nu kaasup nagara muslim minoritas. Puasa di dieu beda jeung puasa lembur, taya sora nu leuwih rame nu ngaji di masigit saperti dina bulan-bulan biasa, taya oge nu rame keur ngahudangkeun pikeun saur. Masing-masing ngatur waktu keur shalat, saur atawa keur buka nu jadwalna meunang ngunduh ti internet.
 
Atuh ti pamarentah oge taya "semboyan" atawa spanduk-spanduk nu kadangkala pagede-gede nu tulisan "Hormatilah orang berpuasa". Nu apaleun keur puasa, salian ti muslim, ngan babaturan di lab, di luar eta kantin sakola tetep buka, tempat judi tempat buka, nu jual sake tur bir taya nu tutup, pon kitu deui "tempat hiburan malam" angger buka, taya nu ngadadak tutup pedah bulan puasa.
 
Salaku minoritas, nu rame ngan di masjid atawa tempat-tempat nu ngadadak dijadikeun keur tempat taraweh, teu perlu speaker keur ngumumkeun sangkan buru-buru datang, masing-masing ngatur dirina tea. Taya nu ngarasa kaganggu ku angger dibuka "tempat maksiat", alesanna unggal poe oge teu pernah datang ka eta tempat hiburan.
 
Ras inget ka lembur, mun bulan puasa "tempat hiburan" kudu tutup, atuh restoran kantin jeung tempat-tempat nu nyadiakeun dahareun oge kudu tutup, tujuanna ngarah nu puasa teu kaganggu. Lebah mana ngaganggu, lebeng teu kaharti ku akal kuring, naha urang bisa kagoda mun nempo batur dahar beurang-beurang di hareupeun ?
 
Kuring pernah maca, puasa teh bukti taatna kana parentah Allah, hubungan husus antara urang jeung Allah. Puasa sakuduna dipigawe dina kaayaan jiwa nu tenang. Tapi nu katempo malah sabalikna, nyebutkeun yen urang keur puasa sabab kitu maneh kudu hormat ka kuring !!
 
Atuh ti peuting teu eleh ramena, kadangkala patarik-tarik make speaker di masigit. Bulan puasa keur nu non muslim teu leuwih ti sakadar nyieun baribin ka tatangga.
 
Balik nanya ka diri, naha enya puasa teh bukti taat kana parentah Allah nu sacara husus merlukeun jiwa nu tenang ? waalahualam.
 
budhi
kurono kopo 241
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke