Mangga wae atuh dijalankeun ku nyalira...ari bahasa kieu kanggo dakwah paantos kuno kulantaran aya kecap "sami'na wa athaona", "Eces", "Jentre". Tah didieu basic concept padungdeng anu teu acan tiasa sakabeh jalmi ngahartoskeun. Al Quran ngan hiji, kunaoan ari mazhab pamahaman aya ratusan ? kade oge aya gerakan Nazaroh contona Jusuf 2000 anu sumangetna..ulah lah urang Islam ngasah otak....malah nganjurkeun "samina wa athona'. terus manehna nyadiakeun Quran palsu (nu atos diselipkeun ayat2 ngecoh)...hadits palsu...
Lamun urang teu bisa ngajawab kana masalah2 tadi te naon wae isme atanapi konsepsipanggihan nyar..jiga model baju meureunlah...urang hese rek syiar agama Islam ka nu non Islam... Kade oge mun urang terus wae ngagembo2r keun samina wa athona..ka sasama urang Islam utamana kanu terdidik (IAIN oge barareda pendapat !)...bisa2 nu nggeus Islam bisa jadi kafir.. Contona..urang Islam disebut teroris..kalahka ngambek..protest..malik nyebut teroris kanu nuduh...beu kunaon kieu...padahal gampang jawab wae...lamun fakta mah kan fakta..anu penting argumentasi na jeung "root cause" na. Osama bin laden oge teu kabeuratan disebut teroris...naha ari pangikutna..mani riweuhnya.....protest... --- Syaripudin <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kabeh dulur, > > Sampurasun. > > Sateuacana, sim kuring bade sasadu, lantaran tos > lawas, tara nyarios tur > tulas tulis ngganggo Basa Sunda. Janten, mugia > wening galih upami anu > kacutatkeun di handap ieu, tina kamerenahan bahasa, > kirang luyu. > > Punten, mugia urang sadaya ngajembarkeun hate tur > merenahkeun pikiran, > yen saestuna ajaran agama teh (sautamana mah Islam), > anu utamina pisan > teh kanggo diamalkeun. Sok sanajan, pikeun > dihontalna sagala kajayaan > didunya atanapi di akherat, kudu ngarti kana ilmuna, > tapi tetep ilmu teu > aya gunana upami teu diamalkeun. Kitab atanapi buku > atanapi file > komputer, sakumaha kandel atanapi gigaan byte, moal > bakal mangpaat upami > ngan ukur digoletakkeun di juru imah atanapi diapal > dina uteuk. Naha > kanggo naon elmu sholat upami jalmina tara sholat. > Da kawajiban tur > mangpaat sholat mah moal lunas alatan urang geus > ngarang kitab sholat > anu pang kumplitna, bari jeung can pernah sholat! > > Sapamendak abdi, ulubiung tur nalungtik kana > isme-isme nyeleneh kiwari > (pluralisme, islam liberal, islam transformatif, > islam inklusif, islam > alternatif, islam modern, islam neo-modern, gender, > feminisme islam > jrrd), ngan ukur aya dina kecap, buku atanapi > implengan. Maranehna nu > ngangagas, nu merjoangkeun, nu ngabelaan, nu gaduh > web-sitena; teu aya > nu leres-leres nyepeng tur ngamalkeun naon anu di > kecapkeunana. Buktos > anu tos dijejer beaskeun dina ieu milist, nya Kang > Jalal nyalira. > Anjeuna tetep teu rido upami mojang kemuemeutna > nikah sareng jajaka > kafir. Tah kitu deui sareng Nurkholis Madjid, Ulil > saparakanca oge, > alim pisan upami murangkalihna murtad atanapi dahar > babi. Padahal > aranjeuna teh gaduh kayakinan yen sakabeh agama > tiasa ngajurungkeun > umatna ka surgana Allah. Tah kalakuan nu kieu teh > anu disebat ku QS Ash > Shaf ayat 2 - 3. > > Yeuh, dulur saparakanca..... > Keur naon urang hog hag, adu tonggong, pagede-gede > urat beuheung, > megatkeun silaturahim, ngotoran hate, ngenaan > pluralisme bari jeung teu > diamalkeun. Beu, naha jadi marebutkeun paisan > kosong tur tutung. Har, > ari hirup teh keur naoh atuh. Bet waktos anu sakitu > mahalna, kalah ka > dimurah mareh ngaributkeun anu teu aya mangpaatna > kanggo uang sampeureun > jaga.... > > Geus ayeuna mah, urang buleudkeun hate, bismillah > ngamimitian amal > sholeh, urang sami'na wa ato'na kana aturan Allah > anu tos eces, jentre > conto amalna. Islam teh ngan ukur hiji, nyaeta > ISLAM. Teu kudu make > embel-embel isme-isme-an. Pokona mah Islam. > Beresihan hate, lobakeun > amal ka sasama, tedunkeun kawajiban fardhu/mahdoh. > Terus sabisa-bisa > maneh ninggalkeun maksiat. Cik impleng ku sadulur > kabeh, sanes kawajiban > anu tumiba teh, langkung seueur dibandingkeun waktos > anu aya! Cobian > etang geura. > > Aya jelema nu teu eling, ngimplengkeun yen di surga > teh aya Mahatma > Gandhi, Bunda Theresia, Paus Johanees II, Abu Bakar, > Umar, Dalai Lama, > Simon Peres jrrd (dicutat bebas tina buku nu judulna > Lobang Hitam > Agama). Beu ieu teh narima info timana. Iraha > manehna ka surga teh. > Padahal, Gusti Nu Maha Suci, anu gaduh surga, teu > acan pernah > ngawartosan kitu! Har, jalma nu keiu mah ngalindur. > Naha pantes urang > anu beunta, ngaluyuan, nga-amin-keun, ka jelema keur > ngalindur. > > Mugia dilenyepan, saleresna urang teh ka dunya, > kanggo naon? > Kanggo amal sholeh tur babaktos ka Gusti Allah > sapertos anu tos > dicontokeun ku Kangjeng Nabi Muhammad Saw. Peun. > > Hatur nuhun ah. Punten panjang teuing. > > Syaripudin Niskala. > > > > ____________________________________________________________________________________ Sponsored Link Mortgage rates near 39yr lows. $510k for $1,698/mo. Calculate new payment! www.LowerMyBills.com/lre

