19 rebu di banding 200 jeti. ngan 0.0095%

by
anu keur resep itung-itungan

  ----- Original Message ----- 
  From: MRachmat Rawyani 
  To: [email protected] 
  Sent: Thursday, November 16, 2006 2:58 PM
  Subject: [Urang Sunda] Freeport,,Bush jeung agendana


  Kakarek ge ngabantah eusi pidato "pidato presiden Bush
  menjelang kedatangannya ke Indonesia", tadi isuk di UI
  kuring ngahadiran acara "Presentasi Sosialisasi PT
  Freeport Indonesia (FI)", salah sahiji pausahaan
  Amerika anu ngokolakeun tambang tembaga, emas, jeung
  perak di Papua, dianggap tambang anu panggedena
  sadunya. 
  Aya sababaraha informasi penting. Diantarana,
  geuningan loba oge lulusan UI anu gawe di pausahaan
  eta, anu jadi presiden direktur, akunting, ahli
  hukum, korporat sekertaris, tehnisi, jrrd (naha ieu
  teh hiji tanda, UI jadi antekna Amerika?).

  Saham pausahaan FI, komposisina 9,36 % dipiboga ku
  pamarentah Indonesia, 9,36% dipiboga ku PT Indocoper
  Investama (swasta) jeung 81,28% bogana Freeport
  McMoRan & Gold inc. Ari komposisi pagawena per 31
  Desember 2005 aya 19.000 jalma, 503 urang (2,5%)
  pagawe asing. (anu jadi pertanyaan, sabaraha gedena
  gajih pagawe asing dibandingkeun jeung jumlah gaji
  pagawe pribumi? Lamun lobana gajih pagawe asing leuwih
  punjul batan jumlah sakabeh gaji pagawe pribumi,
  berarti memang urang the geus dijajah ku bangsa
  asing).

  Atuh dina perkara setoran pajak, taun 2005 PT FI
  nyetor ka pamarentah Indonesia Rp 11 Triliun (U$ 1,2
  milyar). Pajakna wae sakitu gedena, komo deui
  panghasilan kotorna. Sabab taun 2005 PT FI
  ngahasilkeun 1,7 milyar pounds tambaga jeung 3,4 juta
  ounces emas, mangrupa konsentrat. Atuh perkara
  ngokolakeun taun 1991 (jaman Orde Baru) Kontrak Karya
  kadua kalaur, dimana PT FI dibere kawenangan pikeun
  neruskeun pausahaanana salila 30 taun deui.

  Ngobrol jeung salah saurang wakil Dekan, cenah mah can
  tangtu presiden Bush, "mendarat" di Bogor, sabab aya
  sababaraha skenario tempat pertemuan salin di Bogor.
  Beja ieu the ceuk tukang motong jukut Istana Bogor.
  Tukang jukut, meunang informasi waktu rame-rame keur
  ngawangun helipad, tempat "eunteupna papatong Bush".
  Lamun ngadeukeutan poe "H" kota bogor teu aman,
  pasamoan bisa wae dipindah ka jakarta atawa Bali. Jadi
  Bogor beuki rame ku anu demo teh, bisa dijadikeun
  alesan pikeun mindahkeun acara pasamoan (=pertemuan).

  Aya naon Bush ngahaja nganjang ka Indonesia, sok
  sanajan ngan 6 jam? Tah, ceuk salah sahiji dosen anu
  oge analis politik, saenyana Bush rek menta jaminan ka
  SBY, perkara, pengeboran di lepas pantai Natuna, Exxon
  mobil jeung menta jaminan supaya Dirut PT Newmont (si
  Ness tea), anu jadi tersangka dituduh "mencemarkan
  lingkungan", aman atawa diringankeun tina tuntutan
  hukum. ( bandungan wae, engke sabada pertemuan, Sby
  atawa Bush, ngaluarkeun pernyataan naon).

  Jadi kasimpulanana naon? Nutup PT FI, berarti aya 19
  rewu anu bakal teu digawe. Tapi ketang bisa
  nyalametkeun kahirupan 200 juta rahayat Indonesia,
  nagara jadi ajeg/mandiri.
  Jadi pilih nu mana atuh?

  Baktos,

  mrachmatrawyani

  __________________________________________________________
  Sponsored Link

  Mortgage rates near 39yr lows. 
  $420k for $1,399/mo. Calculate new payment! 
  www.LowerMyBills.com/lre


   

  __________ NOD32 1868 (20061115) Information __________

  This message was checked by NOD32 antivirus system.
  http://www.eset.com

Kirim email ke