Kakarek ge ngabantah eusi pidato “pidato presiden Bush
menjelang kedatangannya ke Indonesia”, tadi isuk di UI
kuring ngahadiran acara “Presentasi Sosialisasi PT
Freeport Indonesia (FI)”, salah sahiji pausahaan
Amerika anu ngokolakeun tambang tembaga, emas,  jeung
perak di Papua, dianggap tambang anu panggedena
sadunya. 
Aya  sababaraha informasi penting. Diantarana,
geuningan loba oge lulusan UI anu gawe di pausahaan
eta, anu jadi presiden direktur, akunting,  ahli
hukum, korporat sekertaris, tehnisi, jrrd (naha ieu
teh hiji tanda, UI jadi antekna Amerika?).

Saham pausahaan FI, komposisina 9,36 % dipiboga ku
pamarentah Indonesia, 9,36% dipiboga ku PT Indocoper
Investama (swasta) jeung 81,28% bogana Freeport
McMoRan & Gold inc. Ari komposisi pagawena  per 31
Desember 2005 aya 19.000 jalma, 503 urang (2,5%)
pagawe asing. (anu jadi pertanyaan, sabaraha gedena
gajih pagawe asing dibandingkeun jeung jumlah gaji
pagawe pribumi? Lamun lobana gajih pagawe asing leuwih
punjul batan  jumlah sakabeh gaji pagawe pribumi,
berarti memang urang the geus dijajah ku bangsa
asing).

Atuh dina perkara setoran pajak, taun 2005 PT FI
nyetor ka pamarentah Indonesia Rp 11 Triliun (U$ 1,2
milyar). Pajakna wae sakitu gedena, komo deui
panghasilan kotorna. Sabab taun 2005 PT FI
ngahasilkeun 1,7 milyar pounds tambaga jeung 3,4 juta
ounces emas,  mangrupa konsentrat. Atuh perkara
ngokolakeun taun 1991 (jaman Orde Baru) Kontrak Karya
kadua kalaur, dimana PT FI dibere kawenangan pikeun
neruskeun pausahaanana  salila 30 taun deui.


Ngobrol jeung salah saurang wakil Dekan, cenah mah can
tangtu presiden Bush, “mendarat” di Bogor, sabab aya
sababaraha skenario tempat pertemuan salin di Bogor.
Beja ieu the ceuk tukang motong jukut Istana Bogor.
Tukang jukut, meunang informasi waktu rame-rame keur
ngawangun helipad, tempat “eunteupna papatong Bush”.
Lamun  ngadeukeutan poe “H” kota bogor teu aman,
pasamoan bisa wae dipindah ka jakarta atawa Bali. Jadi
Bogor beuki rame ku anu demo teh, bisa dijadikeun
alesan pikeun mindahkeun acara pasamoan (=pertemuan).

Aya naon Bush ngahaja nganjang ka Indonesia, sok
sanajan ngan 6 jam? Tah, ceuk salah sahiji dosen anu
oge analis politik, saenyana Bush rek menta jaminan ka
SBY, perkara, pengeboran di lepas pantai Natuna, Exxon
mobil jeung menta jaminan supaya Dirut PT Newmont (si
Ness tea), anu jadi tersangka dituduh “mencemarkan
lingkungan”, aman atawa diringankeun tina tuntutan
hukum. ( bandungan wae, engke sabada pertemuan, Sby
atawa Bush, ngaluarkeun pernyataan naon).

 Jadi kasimpulanana naon? Nutup PT FI, berarti aya 19
rewu anu bakal teu digawe. Tapi ketang bisa
nyalametkeun kahirupan 200 juta rahayat Indonesia,
nagara jadi ajeg/mandiri.
Jadi pilih nu mana atuh?

Baktos,

mrachmatrawyani





 
____________________________________________________________________________________
Sponsored Link

Mortgage rates near 39yr lows. 
$420k for $1,399/mo. Calculate new payment! 
www.LowerMyBills.com/lre

Kirim email ke