--- In [email protected], [EMAIL PROTECTED] wrote:
>Kang OTA, ralat deui sauted yeuh.. hehheeee...
 saur na 1 troy ounce emas teh lewih ageung deui, nyaeta 31,103 gram.
 Harga 1 troy emas teh  1 troy ounce nyampe 640$...
 Wah upami kitu mah lewih gede tuh etanganana..
 
  mangga ah...


> Kang Buyung, punten ralat sauted yeuh...
> 1 ounce teh ceuk kuring mah ekivalen jeung 28.35 gram. Jadi mun 3.4
juta 
> ounce emas = 96.39 juta gram emas (sanes 105.75 juta gram emas).
> Harga emasna teuing euy kurang apal....
> 
> Cag ah...
> 
> 
> Baktos,
> OTA
> 
> 
> 
> 
> "Buyung" <[EMAIL PROTECTED]> 
> Sent by: [email protected]
> 11/16/2006 03:56 PM
> Please respond to
> [email protected]
> 
> 
> To
> [email protected]
> cc
> 
> Subject
> Re: [Urang Sunda] Freeport,,Bush jeung agendana - emas
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 3.4 juta ounce emas = 105.751.800 gram x Rp 180.000/gram = Rp 
> 19.035.324.000.000
> ari tembaga sabarahanya hargana????
> pajak 11 trilliun, candak wae 10% - jadi penghasilan kotor sekitar Rp 
> 110.000.000.000.000.000 (anu katingal/dilaporkeun)
>  
> eh, bener teu yeuh itunganna
>  
>  
> ----- Original Message ----- 
> From: MRachmat Rawyani 
> To: [email protected] 
> Sent: Thursday, November 16, 2006 2:58 PM
> Subject: [Urang Sunda] Freeport,,Bush jeung agendana
> 
> Kakarek ge ngabantah eusi pidato “pidato presiden Bush
> menjelang kedatangannya ke Indonesia”, tadi isuk di UI
> kuring ngahadiran acara “Presentasi Sosialisasi PT
> Freeport Indonesia (FI)”, salah sahiji pausahaan
> Amerika anu ngokolakeun tambang tembaga, emas, jeung
> perak di Papua, dianggap tambang anu panggedena
> sadunya. 
> Aya sababaraha informasi penting. Diantarana,
> geuningan loba oge lulusan UI anu gawe di pausahaan
> eta, anu jadi presiden direktur, akunting, ahli
> hukum, korporat sekertaris, tehnisi, jrrd (naha ieu
> teh hiji tanda, UI jadi antekna Amerika?).
> 
> Saham pausahaan FI, komposisina 9,36 % dipiboga ku
> pamarentah Indonesia, 9,36% dipiboga ku PT Indocoper
> Investama (swasta) jeung 81,28% bogana Freeport
> McMoRan & Gold inc. Ari komposisi pagawena per 31
> Desember 2005 aya 19.000 jalma, 503 urang (2,5%)
> pagawe asing. (anu jadi pertanyaan, sabaraha gedena
> gajih pagawe asing dibandingkeun jeung jumlah gaji
> pagawe pribumi? Lamun lobana gajih pagawe asing leuwih
> punjul batan jumlah sakabeh gaji pagawe pribumi,
> berarti memang urang the geus dijajah ku bangsa
> asing).
> 
> Atuh dina perkara setoran pajak, taun 2005 PT FI
> nyetor ka pamarentah Indonesia Rp 11 Triliun (U$ 1,2
> milyar). Pajakna wae sakitu gedena, komo deui
> panghasilan kotorna. Sabab taun 2005 PT FI
> ngahasilkeun 1,7 milyar pounds tambaga jeung 3,4 juta
> ounces emas, mangrupa konsentrat. Atuh perkara
> ngokolakeun taun 1991 (jaman Orde Baru) Kontrak Karya
> kadua kalaur, dimana PT FI dibere kawenangan pikeun
> neruskeun pausahaanana salila 30 taun deui.
> 
> Ngobrol jeung salah saurang wakil Dekan, cenah mah can
> tangtu presiden Bush, “mendarat” di Bogor, sabab aya
> sababaraha skenario tempat pertemuan salin di Bogor.
> Beja ieu the ceuk tukang motong jukut Istana Bogor.
> Tukang jukut, meunang informasi waktu rame-rame keur
> ngawangun helipad, tempat “eunteupna papatong Bush”.
> Lamun ngadeukeutan poe “H” kota bogor teu aman,
> pasamoan bisa wae dipindah ka jakarta atawa Bali. Jadi
> Bogor beuki rame ku anu demo teh, bisa dijadikeun
> alesan pikeun mindahkeun acara pasamoan (=pertemuan).
> 
> Aya naon Bush ngahaja nganjang ka Indonesia, sok
> sanajan ngan 6 jam? Tah, ceuk salah sahiji dosen anu
> oge analis politik, saenyana Bush rek menta jaminan ka
> SBY, perkara, pengeboran di lepas pantai Natuna, Exxon
> mobil jeung menta jaminan supaya Dirut PT Newmont (si
> Ness tea), anu jadi tersangka dituduh “mencemarkan
> lingkungan”, aman atawa diringankeun tina tuntutan
> hukum. ( bandungan wae, engke sabada pertemuan, Sby
> atawa Bush, ngaluarkeun pernyataan naon).
> 
> Jadi kasimpulanana naon? Nutup PT FI, berarti aya 19
> rewu anu bakal teu digawe. Tapi ketang bisa
> nyalametkeun kahirupan 200 juta rahayat Indonesia,
> nagara jadi ajeg/mandiri.
> Jadi pilih nu mana atuh?
> 
> Baktos,
> 
> mrachmatrawyani_,___
>




Kirim email ke