Kang Oman ....

Jepang nu masang EWS sakitu pabalatakna, duka sabaraha rebu .... ngajaga oge
basisirna ku tembok nu ngajuringkining rata-rata opat meteran di basisir nu
aya masarakatna. Imah, hotel, restoran henteu langsung sisi basisir tapi aya
di tukangeun eta tembok. Jarak ti sisi laut ka eta tembok rata-rata 50
meteran, basisir di Jepang ngarupakeun "ruang publik" sing saha wae meunang
ulin di beulah dinya. Coba bandingkeun Pangandaran, aya basisir nu
"dikapling" ku hotel husus keur tamu hotelna.

Taun 94-an caritana mah jadi penggembira tim nu nalungtik gumuk pasir di
parangtritis, harita aya investor nu aya rencana nyieun hotel di sisi
basisir. hasil pananglutikan harita, eta gumuk pasir teh salah sahiji gumuk
pasir pantai nu perlu di-"lestari"-keun, nepi ka taun 2000-an asana mah teu
aya hotel nu diwangun di eta wewengkon, duka ayeuna mah, geus heubeul teu
nyaba ka beh dinya.

budhi
kurono kopo 241
urang pangandaran beh jero


On 11/17/06, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

   Kang Budhi oge baraya sadaya,

Ngiring mairan, soal bencana wae heula, bubuhan keur katindihan ku
tugas-tugas di kantor geus meh 3 minggu. Bane wae ieu mah kataji ku uran
bencana anu ngarupakeun masalah urang sarerea.

Bencana gempabumi, tsunami, gunungapi oge tanah urug (longsor) ceuk PBB,
sakumaha dina modul pelatihan manajemen bencana itu kaasup bencana geologi
anu sifatna pangjorag (serangan) bencanana ngadadak. Mangga geura pariosan
dina modul pelatihan ti "Disaster Management Training Programme" (DMTP), PBB
dina alamat ieu:   http://www.undmtp.org/modules_i.htm ieu modul sae pisan
diakses ku sadayana anu aya perhatosan kana bencana, sareng sabagean ageun
informasi di dinya baris kahartos ku masyarakat umum (lepas tina basa
Indonesia eta tarjamahan anu ceuk kuring mah rada amburadul).

Numutkeun PBB, sakumaha dina eta modul, bencana geologi (gunung bitu,
lini, tsunami jeung tanah longsor), kaasup "bencana serangan mendadak" anu
dina kaayaan eta lengkah "peringatan dini" atawa "early warning system"
(EWS) teu efektif, malah dina loba kasus mah bisa disebut teu aya gunana
(tapi hal ieu oge teu mutlak, kumaha kasusna sewang-sewangan wae, ngan
umumna kitu). Kusabab kitu, memeh Indonesia mekarkeun atawa nerapkeun, asana
leuwih efektif upama urang ngalaksanakeun mitigasi (usaha-usaha ngurangan
risiko) bencana, utamana mitigasi jangka panjang.

Sakumaha urang terang, ari bencana (kajadian anu mawa korbana jiwa jeung
harta banda) teh mekar tina bahaya (ancaman bencana, fenomena alam anu can
mawa korban, karek nyingsieunan) anu patarema jeung tingkat "kerentanan"
masyarakat (risiko bencana = bahaya x kerentanan). Tah, usaha mitigasi
bencana jangka panjang teh teu aya sanes nurunkeun risiko bencana ku cara
nurunkeun "kerentanan" (sabab bahaya mah - utamana bahaya alam - moal bisa
dihulag (kumaha ngeunahna alam wae). Cara-cara nurunkeun kerentanan
diantarana ku sosialisasi, ngawanohkeun karakter bahaya jeung sifat-sifat
bencana anu bisa ditimbulkeun ku eta bahaya, mikawanoh daerah-daerah anu
hengker (rawan) ngalaman bahaya/bencana, jst. Tindakan panungtungna nya
ngajauhan sumber-sumber bahaya, kaasup daerah hengker bencana, atawa
ngaluyukeun budaya jeung karakter alam (bahan jeung jenis bangunan,
bangunan keur ngalemahkeun panarajang ombak tsunami, jst).

Dina raraga mitigasi bencana, budaya urang potensial pisan dipateakeun
(diberdayakeun). Upamana wae, hasil luha-loho ka wewengkon Jabar pakidulan,
ti mimiti Cipatujah nepi ka Pangandaran, 5 Agustu 2006, sanggeus kajadian
bencan tsunami di eta wewengkon, aya sababaraha tangtungan alam anu bisa
ngahulag datangna bencana (emutkeun: bencana mah geus ngalibetkeun korban
jiwa jeung, sanenyana, karugianan bisa dikurangan). Misalna, aya pasir-pasir
( B.Ind: bukit-bukit) hunyudan keusik anu jangkungan 3 meter nepi ka 5
meter di basisir Cipatujah, kl 25 meteran ka beungeut cai laut. Imah-imah
anu aya satukangeun eta pasir salamet pon kitu deui pangeusina, dina
kajadian tsunami Jabar kidul 17 Juli 2006 anu geus kaliwat. Sabalikna,
imah-imah sisi laut anu antara eta imah jeung laut teu aya pasir keusik mah
lapur, ancur pisan oge pangeusina loba anu jadi korban. Tah...pasir sarupa
kitu teh matak naon upama dijadikeun "kabuyutan" (fisik kabudayaan jeung
ajen inajenna) satempat anu teu meunang diganggu sabab fungsina keur
nyalametkeun masyarakat tina panarajang bencana geus kabuktian. Carana? Bisa
wae, upamana, pupuhu masyarakat di dinya ngayakeun upacara adat ngukuhkeun
eta jajaran psir-pasir salaku daerah pantrangan (kabuyutan, tempat angker
atawa karamat) masyarakatna anu teu meunang diganggu gugat salilana.
Hampurana wae, si kuring leuwih percaya kana lengkah-lengkah adat/budaya
sarupa kabuyutan tinimbang aturan-aturan, sabab aturan mah nyaeta, sok
gampang dirempag tea.

Jadi........sanes teu panuju kana alat canggih EWS, tapi, keur bangsa
jeung wilayah urang, asa masih keneh aya PR dasar anu kudu dilakonan
samemehna : sosialisasi ngeunaan bahaya alam jeung sifat-sifat bencana anu
mungkin ditimbulkeunana.

Cag, sakitu heula.

baktosna,
manAR







 On 11/17/06, Budhi Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>    sigana amrik bade ngajual alat early warning system, padahal asana
> teu aya panaliti amrik nu "aktif" nalungtik gempa di ina. kapal-kapal nu
> metakeun "zona subduksi", asana kapal jerman tur kapal jepang salian ti
> geomarine nu bppt (eh ppgl kitu).
>
> duka pami amrik sieun industri migas na di"hugo chaves"keun siga kasus
> caltex (ayeuna chevron texaco) nu salah sahiji lapanganna di riau (rumbai
> kitu), di akuisisi ku pertamina tur bumd riau. jadi teu kudu hariwang, yen
> mun di bumd-keun bakal dikorupsi, asalna sistimna geus puguh mah geuning,
> aman-aman wae. di sumsel oge kabupaten muba nu aktif nga-akuisisi minyak,
> malah batubara tur listrik mah kerja samana jeung parusahaan ti china.
>
> lumpur "lapindo" oge dina panempo tukang geol mah kaasup kajadian "mud
> volcano", sabab disebut volcano mangka teu bisa dieureunkeun, saperti
> kajadian gunung bitu, nu hese ngeureunkeunna lamun geus kajadian. dina
> panempo ahli minyak, bisa dieureunkeun ku cara "relief well" alias nyieun
> sumur anyar di gigireunna, duka tah kumaha hasilna ... ngan geuning nepi ka
> kiwari, lumpurna angger keneh mudal.
>
> budhi
> kurono kopo 241
>
> On 11/17/06, MRachmat Rawyani < [EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >
> >
> > pengamat hubungan internasional, agenda Bush ka
> > Indonesia "ngamankeun" usaha migas di Indonesia.
> > Sigana tsunami oge jadi salah sahiji eusi agenda Bush.
> > Ke urang nyaliksik deui ka pengamat internasional,
> > sugan wae kapendak dina shalat jumat di masigit
> > kampus.
> >
> > rebo kamari teh, aya ceramah ti Dr.Ing. Ir. Rudi
> > Rubiandini R.S. dosen ITB & Ketua MAjelis Ahli Ikatan
> > Ahli teknik Perminyakan Indonesia, anu janten ketua
> > Tim penanggulangan Kasus Sidoardjo( Lapindo Brantas).
> > Hanjakal kuring teu dugi ka ngiring acara diskusi
> > panelna, jadi teu tiasa ngonfirmasi peranan pausahaan
> > cina dina kasus Porong Sidoardjo. Soalna rebo harita
> > aya deui acara pengukuhan Gurubesar FISIP, anu kedah
> > ditingali (eh.. katewak "dijepret" Kang Hasan
> > Supriadi).
> >
> > baktos,
> >
> > mrachmatrawyani
> >
> > baktos,
> >
> > mrachmatrawyani
> >
> > --- Budhi Setiawan < [EMAIL PROTECTED]<budhi%40urang-sunda.or.id>>
> > wrote:
> >
> > > Natuna lapangan "heubeul" tur kasusna rek mirip siga
> > > Freeport, di dieu Exxon
> > > "meunang" perpanjangan deui ...
> > > Di millist tukang geol, teu pati rame
> > > dipadungdengkeun sabab cenah mah geus
> > > "teu bisa" diungkit-ungkit deui...
> > >
> > > Ceuk detik, aya 9 tokoh nu diondang keur diskusi
> > > jeung mang bush memeh
> > > jamuan makan malam. salah saurangna aya sekjen
> > > tukang geol (iagi), kang
> > > ridwan jamaludin (RJ meureun mun disingket mah), eta
> > > oge diondang salaku
> > > ahli early warning system tsunami, teu aya sangkut
> > > pautna kana dunya minyak.
> > >
> > > Teu apal, lapangan Lapindo Brantas nu mana nu
> > > ngandung gas teh ? nu apal mah
> > > lapangan Lapindo masih dina tahap "cadangan terukur"
> > > teu acan "cadangan
> > > terbukti". nyungkeun "panyaangna" (nyutat tina basa
> > > bah Willy kanggo
> > > pencerahan). uil kumpeni cina di indonesia nu kuring
> > > apal ngan CNOOC jeung
> > > Petrochina, nu sanes mah duka ....
> > >
> > > Diantos dongeng "mafia"-na ...
> > >
> > > budhi
> > > kurono kopo 241
> > >
> > >
> >
> > __________________________________________________________
> > Sponsored Link
> >
> > Rates near historic lows -
> > $200,000 mortgage for $660/ month -
> > http://yahoo.ratemarketplace.com
> >
> >
>
>
> --
> budhi at urang-sunda dot or dot id
>
>





--
budhi at urang-sunda dot or dot id

Kirim email ke