Kang, nu ngaranna hak pendidikan gratis, ceuk kuring mah kudu sarua, teu 
kudu ngabeda-bedakeun suku, agama atawa warna kulit. Atuh eta cenah dana 
na tina anggaran pemkab/pemkot/pemprov nu notabene aya di tatar sunda, 
keun we teu nanaon salian ti urang sunda oge ngarasakeun 'hak kesamaan 
dalam pendidikan'.

Ayeuna balikeun ka diri urang. Kumaha mun urang dumuk lain di tatar sunda, 
misalna we di pulo Borneo, terus pamarentah satempat ngaluarkeun kabijakan 
yen putra-putri daerah mah pendidikanna gratis. Aduh karunya kuring mah ka 
si ujang jeung si euis heuheuheu...didiskriminasi eung...

Mun masalahna kasieunan eleh ku pendatang, nya lain ku cara 
ngadiskriminasi pendidikan gratis, ngabeda-bedakan antara pribumi jeung 
pendatang.  Meureun ketang....

Cag ah...,


Baktos,
OTA



Anu meunang gratisanana teh urang bandung atanapi
sanes? Lebar atuh lamun gratisan tapi lain urang
bandung asli anu digratiskeun. :-/
Kuduna mah diprioritaskeun ka urang asli ngarah teu
eleh wae ku pendatang.
Peace.

Kirim email ke