deui ah .. heu heu heu ....

tah beasiswa teh keur nu pinter pan ... lamun ku cara nu adil ceuk kuring
tadi, duit kaleuwihan tadi keur nu teu mampu .. sugan ieu oge

seragam ceuk kuring mah ngan simbol wungkul, enya ari seragam mah sarua ..
ngan ari dianteurkeun ka sakola tinu nikreuh nepi ka leumpang oge aya eh
maksudna kanu mobil panganyarna .. ari di dieu mah teu kitu, sanajan baju
teu seragam, tapi sarua nikreuh .. heu heu

budhi
kurono kopo 241


On 11/28/06, ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  numutkeun sim kuring mah kieu (heu..heu...basa baku ieu teh) :

sakola mah hakna sakabeh lapisan masarakat. nu beunghar, nu sangsara
nu bodo jeung nu pinter. Ayana sakola gratis teh teu kudu dipilah-
pilah ku hal eta. Justru adilna teh kitu.

Numatak mun urang sakola, apan make seragam. Tujuanana mah
nya hade, meh teu dibeda-bedakeun. kacipta mun sakola marake pakean
bebas jiga kuliahan teh, bakal loba pisan hal-hal anu nyirikeun
perbedaan eta.

Sakapeung mah kuring sok mikir, loba nu mere bea siswa teh keur
budak anu teu mampu tapi palinter. saratna nilaina kudu aralus.
tapi nu teu mampu tuluy bodo, jarang aya nu mere bea siswa teh.
atuh keur mah geus bodo, teu sakola pisan, jadi we tambah bodo.

ku ayana sakola gratis mah, nu pinter jeung nu bodo angger meunang
hak anu sarua. Adil pan ?

kituw..

-dul-
tukangteuing

--- In [email protected] <urangsunda%40yahoogroups.com>, "Budhi
Setiawan" <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
>
> kuring mah lain teu resep kanu gratisan teh, ngan leuwih resep
deui kanu
> adil.
> sakola gratis lain teu hebat, ngan lamun nu asup sakola ka dinya
anak
> direktur BUMN upamana, nu gajina sabulan leuwih ti saratus juta,
ceuk kuring
> mah asa teu adil. meureun hadena mah bayaran sakola teh ditempo
tina
> pangasilan kolotna, asa wajar mun anakna pa direktur mayar SPP 5
juta
> upamana, ari keur pantaran kuring mah cukup we 25 rebu oge...
>
> aya kitu sakola model kitu nya ?
>
> budhi
> kurono kopo 241
>
>
>
>
> On 11/28/06, [EMAIL PROTECTED] <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >
> > Kang, nu ngaranna hak pendidikan gratis, ceuk kuring mah kudu
sarua, teu
> > kudu ngabeda-bedakeun suku, agama atawa warna kulit. Atuh eta
cenah dana na
> > tina anggaran pemkab/pemkot/pemprov nu notabene aya di tatar
sunda, keun we
> > teu nanaon salian ti urang sunda oge ngarasakeun 'hak kesamaan
dalam
> > pendidikan'.
> >
> > Ayeuna balikeun ka diri urang. Kumaha mun urang dumuk lain di
tatar sunda,
> > misalna we di pulo Borneo, terus pamarentah satempat ngaluarkeun
kabijakan
> > yen putra-putri daerah mah pendidikanna gratis. Aduh karunya
kuring mah ka
> > si ujang jeung si euis heuheuheu...didiskriminasi eung...
> >
> > Mun masalahna kasieunan eleh ku pendatang, nya lain ku cara
> > ngadiskriminasi pendidikan gratis, ngabeda-bedakan antara
pribumi jeung
> > pendatang. Meureun ketang....
> >
> > Cag ah...,
> >
> >
> > Baktos,
> > OTA
> >
> >
> >
> > Anu meunang gratisanana teh urang bandung atanapi
> > sanes? Lebar atuh lamun gratisan tapi lain urang
> > bandung asli anu digratiskeun. :-/
> > Kuduna mah diprioritaskeun ka urang asli ngarah teu
> > eleh wae ku pendatang.
> > Peace.
> >
> >
>
>
>
> --
> budhi at urang-sunda dot or dot id
>






--
budhi at urang-sunda dot or dot id

Kirim email ke