Babaturan kuring kungsi ngadongeng ngeunaan seleksi gedena SPP kuliah. Cenah, salah sahiji patokan pihak admin pikeun nangtukeun gedena SPP teh ku nempo rekening listrikna: beuki beunghar, nya beuki gede konsumsi listrikna, kitu asumsina mah. Ari babaturanana eta babaturan, listrikna teh sarekening dipake ku sababaraha KK nu saimah (kolot-budak/minantu-incu). Atuh puguh bae, tagihan bulanan listrikna teh kaitung badag, da dipakena rereongan...
Beu, kudu geuwat2 misah ti mitoha yeuh... heuheu... bisi ngke budak ditarik SPP badag... hahahah On 11/28/06, Budhi Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
kuring mah lain teu resep kanu gratisan teh, ngan leuwih resep deui kanu adil. sakola gratis lain teu hebat, ngan lamun nu asup sakola ka dinya anak direktur BUMN upamana, nu gajina sabulan leuwih ti saratus juta, ceuk kuring mah asa teu adil. meureun hadena mah bayaran sakola teh ditempo tina pangasilan kolotna, asa wajar mun anakna pa direktur mayar SPP 5 juta upamana, ari keur pantaran kuring mah cukup we 25 rebu oge...

