Munjung ka sato

Panganteur II

Ku deukeutna kahirupan urang sunda baheula jeung
kahirupan sabudeureuna kayaning jeung sato margasatwa
nepikeun ka :

(1) loba ajaran tur sesebutan ngeunaan hiji hal/ngaran
nu di tepikeun loba nu make lambang sato supaya bisa
gampang kahartieun kunu narima, misalna bae:  

Dina kadugalan:
sima maung,  sima welang, Gerakan Pamonyet, pamacan,
belut putih,  jrrd.

Dina cara neangan/ngumpulkeun rajakaya:
Kawas bagong, kawas ula (oray), kawas monyet jrrd

Dina kalakuan: kawas jogjog mondok, kawas bueukmeunang
mabuk, Leumpang lir maung teunangan, Ngahudangkeun
macan turu, (jawara nu siap nyanghareupan) maung
ngamuk gajah meta.. jrrd

Dina sopan santun jeung tarapti diri;
Kudu Tata (tatanan), titi (titinggi), duduga (uncal
jalu), prayoga (hap-hap)

Dina gelar:
Sweta Liman Sakti, Tajimalela, Badak pamalang, Kidang
pananjung, Gagak lumayung, Singaperbangsa, 

===
(Catetan: 3 taunan kapengker waktos terakhir ngiring
ngariung di ‘Sundanet’ di suka senang (mun teu lepat
harita teh aya Kang Oman, Kang Beny, Mang J, Kang
Maman Gantra serang Abah Surya, assalamualaikum ka
sadayana)  kantos aya istilah nu didugikeun ‘lauk
gurame’ nyindiran birokrat nu lambat nampi aspirasi
masyarakat (khususna ide ti kisunda harita) ku
sesebatan lauk gurame (ngageboy teu rikat)
====


(2) Aya oge nu sabab nyilibkeun hiji kajadian ‘satire’
penting nu kaalaman ku luluhur supaya bisa kaharti ku
jalma-jalma budiman wungkul, ari ka jalma-jalma ‘bodo’
mah ‘dipiharep’ bakal dianggap sakadar dongeng ubar
tunduh  jadi moal aya nu ngarasa ‘dinyerikeun tur di
uar-uar’, urang caritakeun salah sahiji conto nu kadua
dina carita sangkuriang: 

Sangkuriang: hiji jalma nu bapana Anjing indungna
Bagong. 

Jalma umum mah geus teu bireuk deui kana Sangkuriang
nu jadi carita.  Malah pernah rame nyebutkeun yen
urang sunda cenah turunan anjing jeung bagong. 

Ari maksud nu saenyana mah, nu kapanggih, kieu:

Baheula aya raja sunda nu hiji waktu ‘safari’ ka
kampung-kampung. Hiji waktos anjeuna kaleresan
mendakan wanoja donto matak pantes dikias keun bagong
(bagong oge sato leuweung nu dagingna ngeunah pisan
–kalandepan jaman harita – ayeuna ge loba keneh nu
moro bagong keur jadi daharan mahal pikeun nu beuki 
umumna urang tionghoa). Nya dasar raja sagala kenging.
Teras weh ‘kiih’na di inum ‘bagong’ (saresmi). Gaduh
putra istri geulis kasebat Dayang Sumbi.

Sanaos ahirna dicandak ka karaton diangkat janten
putra, ieu putri teh ngaraos prihatin margi sanes
putra ti menak - putra selir ti kalangan cacah-
dugikeun ka dilingkungan karaton ge ‘kaasingkeun’
seueur ‘kapoyok’. Ku papada putra sa Bapa ti
istri-istri raja sareng kalangan karaton sok
dibentenkeun, da umumna mah sanaos ti selir tapi
paling henteu istri raja mah kedah ti putri raja
daerah atanapi raja bawahan/patalukan.

Nya sadidinten  gaduh ‘realm’ (pagawean umumna jaman
harita keur awewe ninun) nyalira tara seueur ngumpul
jeung kalangan karaton. Dibaturan ku para pangawal
sareng emban wungkul. Diantara pangawal teh aya nu
satia (silibna anjing sato nu satia kadunungana). Nya
diantawis eta dua jalmi papada ‘akrab’ tur lunsur
asih, sanaos teu tiasa nembrak sabab benten pangkat.
Dugikeun ka dina hiji waktos gaduh kasesah nu nulungan
teh teu aya deui iwal ti eta pangawal. 

Ahirna saparantos ngaraos  linggih di karaton ge
di’bentenkeun’ ku papada, nu karaos asih haat nulung
sadidinten mung eta pangawalna nya terasnamah
mutuskeun anjeun nikah sareng pangawal ngantunkeun
karaton.

Sok sanaos kaputusan  anjeuna ‘mahiwal’ nikah sareng
pangawal, bari asalna oge putra raja mahiwal margi ti
‘cacah’, ku raja tetep dina ngantunkeun karaton teh
dititipkeun di hiji mandala (patapaan) da gaduh
pangkat putri raja….di eta mandala mah Dayang Sumbi
kenging panghormat somah nu nyugemakeun….terasna mah
hiji waktos putrana ge kakoncara gaduh gelar Sang
Guriang  lain sangkuriang (Guriang hartosna patapa
lalaki, lamun awewe ngarana Indang = kongas istrina
Wong Agung Cirebon Pangeran Cakrabuana ti gunung
marapi jenengan nu kawarti Nyi Indang geulis = patapa
istri nu geulis) nu matih mampuh nepi ka ngawasa
karaton…

….. jeung satuluyna (dina bab ulikan mepeg Sanghyang
Tikoro).

Catetan didieumah nyatana, anjing silib jalma satia,
bagong silib jalma cacah kampung tapi dipikabogoh
menak da ngeunah.
 
Urang balik deui ka no 1. nu jadi poko dina ieu
carita:

Dina ulikan sunda nu penting kumaha carana supaya JADI
jalma satia, supaya JADI jalma alus sanajan lingkungan
goreng. Kumaha JADI bisa nyakar kawas macan bari
leungeun angger kawas ramo jelema. Kumaha beungeut
angger beungeut jelema  tapi JADI boga ‘aura’ kawas
sorot na macan (lamun peru) jrrd.  Aya  oge nu
nepikeun ka kumaha supaya awak-awakan  bisa robah JADI
macan.  Kumaha supaya bisa JADI mampuh neangan rijki
nu jadi parijkian. Kumaha supaya JADI kawas tata kawas
titi kawas duduga siga peryoga.  Lain kaasup jeung
ulah nepi ka kawas jalma nu nyaritakeun ajaran bari
teu bisa migawena.

Dina neuleuman supaya bisa kawas diluhur ‘apresiasi’
diperlukeun. Apresiasi kana hiji hal bisa dipigawe
lamun aya sikep munjung (ngahargaan)…museurkeun ku
puja (muja) ..…supaya bijil sari..katelah puja sari….
Kumaha carana? Jeung naha kadieunakeun jadi aya elmu
ambatan?…malah nyampur jeung urusan nyembah dedemit?

urang teraskeun deui upami pareng


baktosna
Eddy NUgraha



 
____________________________________________________________________________________
Need a quick answer? Get one in minutes from people who know.
Ask your question on www.Answers.yahoo.com

Kirim email ke