--- In [email protected], Eddy Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> 
> Dina kalakuan: kawas jogjog mondok, kawas bueukmeunang
> mabuk, Leumpang lir maung teunangan, Ngahudangkeun
> macan turu, (jawara nu siap nyanghareupan) maung
> ngamuk gajah meta.. jrrd
> 
> Dina sopan santun jeung tarapti diri;
> Kudu Tata (tatanan), titi (titinggi), duduga (uncal
> jalu), prayoga (hap-hap)
> 

Reseplah maca "dongeng-dongeng kampung" Kang Eddy teh. Nembongkeun 
Sunda nu jero, oge jembar. Ngan, rumasa boloho. Lain bae perkara 
kasundaan atawa eusi pedarannana. Tapi, perkara kocap. Aya bae kocap 
nu teu kawadahan. Teu kaharti. Di antarana, teu pira: Jogjog mondok.

Ka para wargi sadaya, naon saleresna maksad eta paribasa teh? Jeung 
nu kumaha sato nu disebut "jogjog" teh? Oge, "tata"? (Nu nyangkrung 
na uteuk: jogjog teh sarupaning kendang atawa dogdog. Tata? Beus 
kota di Bandung, buatan India).

Khususon ka Kang Eddy: Teraskeun pedaran teh. Tong pambeng-pambeng. 
Abdi sapuk sareng MH: Tong diwiji-wiji. Alungkeun bae ka milis naon 
nu aya dina emutan teh. Insya Allah nerap sareng mangpaat. Hanas aya 
jalma boloho siga abdi, don't care teuing. Teraskeun.

Kukituna, diantos pisan  terasna "dongeng" perkawis tapa teh. 
Hatur nuhun, Kang. Wiat pangbaktos ka Kang Benny sareng Abah Surya.

Baktos,
Pun Maman   


Kirim email ke