--- mamangantra2000 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Reseplah maca "dongeng-dongeng kampung" Kang Eddy teh. Nembongkeun > Sunda nu jero, oge jembar. Ngan, rumasa boloho. Lain bae perkara > kasundaan atawa eusi pedarannana. Tapi, perkara kocap. Aya bae kocap > nu teu kawadahan. Teu kaharti. Di antarana, teu pira: Jogjog mondok. > > Ka para wargi sadaya, naon saleresna maksad eta paribasa teh? Jeung > nu kumaha sato nu disebut "jogjog" teh? Oge, "tata"? (Nu nyangkrung > na uteuk: jogjog teh sarupaning kendang atawa dogdog. Tata? Beus > kota di Bandung, buatan India).
Mireungeuh kecap jogjog teh, jadi inget ka lembur. Jaman diajar ngaderes di masigit. Ceuk ki guru teh, "Barudak, cing silaing teh sing repeh, pagawean teh ngan ribut, jiga jogjog mondok wae." Berekah, salila di lembur tacan kungsi ninggali bungkeuleukana, jiga kumaha manuk jogjog teh. Kakarek apal kana jogjog teh, nalika ngadon ngalalana ka pulo Langkawi di Malaya. Unggal balik ka pamondokan, wanci sareupna, dijajalaneun teh sok dipapageun ku galecokna jogjog nu rek ngampih. Ngan rarasaan teh, waktu kuring ngaliwat, aya jogjog nu nyarita ka baturna, "Tong ribut siah, repeh sakeudeung, aya urang Sunda ngaliwat, bisi dibedil," cenah. Hahaha. Rumasa di lembur sorangan mah eta sakadang jogjog teh geus jadi mangkeluk langka. Alatan pada moro ku manusa. salam, mh ___ _ _ _ ___ ____ ___/ __| |_ _ _ __| (_)___| __|__ / _ \\__ \ _| || / _` | / _ \__ \ / /\_, /|___/\__|\_,_\__,_|_\___/___//_/ /_/ __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com

