--- In [email protected], "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kang MGT, ieu aya gambar namnam jeung jambu samarang.
> 

Hatur nuhun pisan, Ua. Leres kasauran teh: Eta sarjana Walanda teh 
kedah diconto. Nyambungkeun kaweruh lokal sareng universal. Komo 
bari aya gambarna. Rumaos, Ua, hirup teh di "kota" -- bari heureut 
ku bacaan. Seueur kocap-kocap barang nu ngan sakadar "konsep". Teu 
kabayang kumaha bungkeuleukannana.

Nanging, pangapunten: Abdi teu tiasa ningali naon nu ditangkodkeun 
ku Ua. Da, abdi ngangge modus no email. Ieu kaleresan nuju di 
warnet, sakantenan browsing. Tapi teu iasa ningali naon nu 
ditangkodkeun ku sadaya posting nu aya.

Kituna mah, sigana, janten jalan kangge urang tepang: Engke wengi 
abdi ka Bandung. Kaleresan aya kaperyogian, sareng hoyong ngahadiran 
acara di Taman Karawitan tea. Janten, abdi tiasa langsung ningali 
bukuna. (Sumpah, moal difotocopy, Ua. Komo ditambut mah. Ukur 
ningali. Hehehe...).

Baktos,
Pun Maman 


 

Kirim email ke