He he...eta aya sumpahna sagala, mangga bade ningali mah ke diringkid ka Kliningan, sugan we Ua tiasa hadir tabuh satu, margi enjing teh aya balad sakantor kapungkur jaman di Ende Flores. Karunya upami teu pendak teh.
MSas ----- Original Message ----- From: "mamangantra2000" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Sent: Friday, December 08, 2006 8:10 PM Subject: [Urang Sunda] Re: Wawanohan jeung Apih Sidik > --- In [email protected], "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Kang MGT, ieu aya gambar namnam jeung jambu samarang. > > > > Hatur nuhun pisan, Ua. Leres kasauran teh: Eta sarjana Walanda teh > kedah diconto. Nyambungkeun kaweruh lokal sareng universal. Komo > bari aya gambarna. Rumaos, Ua, hirup teh di "kota" -- bari heureut > ku bacaan. Seueur kocap-kocap barang nu ngan sakadar "konsep". Teu > kabayang kumaha bungkeuleukannana. > > Nanging, pangapunten: Abdi teu tiasa ningali naon nu ditangkodkeun > ku Ua. Da, abdi ngangge modus no email. Ieu kaleresan nuju di > warnet, sakantenan browsing. Tapi teu iasa ningali naon nu > ditangkodkeun ku sadaya posting nu aya. > > Kituna mah, sigana, janten jalan kangge urang tepang: Engke wengi > abdi ka Bandung. Kaleresan aya kaperyogian, sareng hoyong ngahadiran > acara di Taman Karawitan tea. Janten, abdi tiasa langsung ningali > bukuna. (Sumpah, moal difotocopy, Ua. Komo ditambut mah. Ukur > ningali. Hehehe...). > > Baktos, > Pun Maman >

