Wallahu alam ...tiasa janten...mung kanggo nyingsieuna budak.
  Namung aya hiji deui yeuh, ieu mah estu kaalam ku sim abdi kalayan teu nambut 
panon.
  Mung hilap deui taunna, duka nuju kelas 5/6 SR atanapi kelas 1 SMP, emut teh 
usum katiga wanci magrib, kumargi nuju usum katiga, cai wahangan Cisadea teh 
ngorotan, janten jalmi-jalmi anu bade abdas/wudhu teh katarengah wahangan.
  Duka saha anu ngawitanana : "Hantu.., hantu...!!", cenah.
  barang cengkat (da nuju wudhu..), dipalih girang di luhureun wahangan 
kinten-kinten 100 meteran tina luhureun wahangan, aya cahaya ngagebur, 
ditenget-tenget bentukna sapertos
  lauk emas kumpay (lauk emas koki), persis lauk emas kumpay ngageboy majeng ti 
wetan ka kulon......., dugi ka lesna teu katinggal aya panginten 10 menitan, da 
sadaya nu wudhu di wahangan naringgal.
  Mahluk naon upami nukitu...??
   
  ssw
  Daerah abdi anu disebat hantu teh = jurig mangrupi lauk emas.

mh [EMAIL PROTECTED]
          numutkeun beja tina kamus mah, 'aul' sareng 'lulun samak' teh cenah 
sato
imajinatif dina dongeng. 'lulun samak' di garut mah katelahna 'leled
samak'. sok dipake nyingsieunan budak upama resep ngojay kamalinaan. 

upama ninggal kadinya, geuning daya imajinasi karuhun baheula teh teu eleh
ku jepang. aya 'aul', 'leled samak', 'nini anteh', jeung sajabana. eta
kabeh mahluk aheng di jamanna. ngan hanjakalna nepi ka kiwari jigana urang
teu bisa ngabungkus hasil imajinasi warisan teh nepi ka jadi barang
dagangan nu laku di jual. padahal upama noong filem-filem imaji jepang,
jiga 'satria waja hideung', tokoh-tokoh gelona geuning katoongna hasil
ngamekarkeun imajinasi rupa simeut diraksasakeun. hahaha.

salam,
mh


      Recent Activity
    
      19
  New Members
  
      1
  New Files

Visit Your Group 
  SPONSORED LINKS
      
   Culture change  
   Corporate culture  
   Cell culture  
   Organization culture  
   Tissue culture

      Need traffic?
  Drive customers
  With search ads
  on Yahoo!

    Yahoo! Mail
  Next gen email?
  Try the all-new
  Yahoo! Mail Beta.

    Y! Messenger
  Instant smiles
  Share photos while
  you IM friends.



  .

 
         


http://cikundul3.multiply.com
  Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
  Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda

Kirim email ke