di cigugur - ciamis kidul oge 'leled samak' ... ngan aul mah sato nu siga anjing beda jeung ajag oge ...
ngobrolkeun imajinasi urang Jepun, jadi inget ka Aiko nu di TK. unggal bulan ngumpulkeun dus urut susu, bungkus endog, jeung sabajana, barang-barang nu bisa di daur ulang. sihoreng eta teh dipake keur nyieun prakarya barudak. unggal genep bulan dipamerkeun di sakolana, kolot barudak, alumni tatangga sakola diondang keur nempoan. mimitina mah kuring oge ngarasa, ah nanaonan ieu teh, balik dititah mamawa runtah .. heu heu heu... kabeh dieunakeun sanggeus Aiko bisa maca jeung nulis huruf jepang, manehna boga karesep nyieun buku komik. dongengna teu pira, dongeng sapopoe, make gambar jeung barang-barang daur ulang tea, nu kadang kala kuring hayang seuri sorangan. budhi kurono kopo 241 On 12/11/06, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
numutkeun beja tina kamus mah, 'aul' sareng 'lulun samak' teh cenah sato imajinatif dina dongeng. 'lulun samak' di garut mah katelahna 'leled samak'. sok dipake nyingsieunan budak upama resep ngojay kamalinaan. upama ninggal kadinya, geuning daya imajinasi karuhun baheula teh teu eleh ku jepang. aya 'aul', 'leled samak', 'nini anteh', jeung sajabana. eta kabeh mahluk aheng di jamanna. ngan hanjakalna nepi ka kiwari jigana urang teu bisa ngabungkus hasil imajinasi warisan teh nepi ka jadi barang dagangan nu laku di jual. padahal upama noong filem-filem imaji jepang, jiga 'satria waja hideung', tokoh-tokoh gelona geuning katoongna hasil ngamekarkeun imajinasi rupa simeut diraksasakeun. hahaha. salam, mh --- Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED] <cikundul3%40yahoo.com>> wrote: > > Aya kapanasaran, manawi aya anu uninga : > 1. Nuju alit upami aya barudak pasea pan sok siling ciduhan, > Tah ku sepuh teh sok dihulag ; "Cudah-ciduh kawas "aul"......!! > Tataros kaditu kadieu naon "aul" teh, aya anu nerangkeun (hilap > deui saha), cenah ; > Aul teh sabangsa sato, pakarangna cai ciduh, upami keuna ku ciduhna > tiasa tutung > sapertos kabeuleum, rupina siga "oa" (monyet anu buluna abu-abu, > beungeutna hideung > teu aya buntutan) jangkungna saageung budak kirang langkung > sameteran, leumpangna > ku dua suku, dampal sukuna siga dampal suku jalmi mung pendek, > sareng pabalik, > keuneungna dihareup, ramona palih tukang. Wallahu alam, leres aya > sato nu kitu..?? > > 2. Upami pasosore ngebak di wahangan, atanapi kokojayan di leuwi, ku > sepuh sok dicaram, > pajar teh : "Bisi aya "lulun samak".....!! > Turas-taros kaditu kadieu, kenging katerangan ti pun nini > (almarhum), saurna ; > Waktos pun nini alit, kantos aya nu nyandak bangke "lulun samak" > ka kantor kacamatan > nya harita oge pada ngarogrog, ari eta bangke lulun samak teh > kandelna dua ramo, > ageungna 3 atanapi 4 kalian sajadah, namung pinuh ku duka mata > duka sungut. > Eta sato lulun samak sok ngamparkeun maneh, ngantosan mahluk darat > anu mentas > wahangan, upami kaleressan katincak, kumargi pinuh ku panon/sungut > tangtos leueur, > tah sato-sato darat teh biasana sok tisoledat, gebrug labuh > luhureun amparanana, nya > teras we digulung dijantenkeun parab manehna. Wallahu alam..., aya > kitu sato eta..?? > > Uluh naha geuning janten kamalinaan. > > Pihatur > ssw ___ _ _ _ ___ ____ ___/ __| |_ _ _ __| (_)___| __|__ / _ \\__ \ _| || / _` | / _ \__ \ / /\_, /|___/\__|\_,_\__,_|_\___/___//_/ /_/ __________________________________________________________ Do you Yahoo!? Everyone is raving about the all-new Yahoo! Mail beta. http://new.mail.yahoo.com
-- budhi at urang-sunda dot or dot id

