numutkeun beja tina kamus mah, 'aul' sareng 'lulun samak' teh cenah sato
imajinatif dina dongeng. 'lulun samak' di garut mah katelahna 'leled
samak'. sok dipake nyingsieunan budak upama resep ngojay kamalinaan. 

upama ninggal kadinya, geuning daya imajinasi karuhun baheula teh teu eleh
ku jepang. aya 'aul', 'leled samak', 'nini anteh', jeung sajabana. eta
kabeh mahluk aheng di jamanna. ngan hanjakalna nepi ka kiwari jigana urang
teu bisa ngabungkus hasil imajinasi warisan teh nepi ka jadi barang
dagangan nu laku di jual. padahal upama noong filem-filem imaji jepang,
jiga 'satria waja hideung', tokoh-tokoh gelona geuning katoongna hasil
ngamekarkeun imajinasi rupa simeut diraksasakeun. hahaha.

salam,
mh

--- Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>    
>   Aya kapanasaran, manawi aya anu uninga :
>   1. Nuju alit upami aya barudak pasea pan sok siling ciduhan,
>      Tah ku sepuh teh sok dihulag ; "Cudah-ciduh kawas "aul"......!!
>      Tataros kaditu kadieu naon "aul" teh, aya anu nerangkeun (hilap
> deui saha), cenah ;
>      Aul teh sabangsa sato, pakarangna cai ciduh, upami keuna ku ciduhna
> tiasa tutung 
>      sapertos kabeuleum, rupina siga "oa" (monyet anu buluna abu-abu,
> beungeutna hideung
>      teu aya buntutan) jangkungna saageung budak kirang langkung
> sameteran, leumpangna
>      ku dua suku, dampal sukuna siga dampal suku jalmi mung pendek,
> sareng pabalik, 
>      keuneungna dihareup, ramona palih tukang.  Wallahu alam, leres aya
> sato nu kitu..??
>    
>   2. Upami pasosore ngebak di wahangan, atanapi kokojayan di leuwi, ku
> sepuh sok dicaram,
>       pajar teh : "Bisi aya "lulun samak".....!!
>       Turas-taros kaditu kadieu, kenging katerangan ti pun nini
> (almarhum), saurna ;
>       Waktos pun nini alit, kantos aya nu nyandak bangke "lulun samak"
> ka kantor kacamatan
>       nya harita oge pada ngarogrog, ari eta bangke lulun samak teh
> kandelna dua ramo, 
>       ageungna 3 atanapi 4 kalian sajadah, namung pinuh ku duka mata
> duka sungut.
>       Eta sato lulun samak sok ngamparkeun maneh, ngantosan mahluk darat
> anu mentas 
>       wahangan, upami kaleressan katincak, kumargi pinuh ku panon/sungut
> tangtos leueur,
>       tah sato-sato darat teh biasana sok tisoledat, gebrug labuh
> luhureun amparanana, nya 
>       teras we digulung dijantenkeun parab manehna. Wallahu alam..., aya
> kitu sato eta..??
>    
>   Uluh naha geuning janten kamalinaan.
>    
>   Pihatur
>   ssw


___ _           _ _     ___ ____ ___/ __| |_ _  _ __| (_)___| __|__  / _ \\__ \ 
 _| || / _` | / _ \__ \ / /\_, /|___/\__|\_,_\__,_|_\___/___//_/  /_/


 
____________________________________________________________________________________
Do you Yahoo!?
Everyone is raving about the all-new Yahoo! Mail beta.
http://new.mail.yahoo.com

Kirim email ke