Hapunten, nembe tiasa kawaler dinten ieu, jalaran dinten Saptu sareng Minggu 
kamari ngajoprak keuna ku muriang ditambih, beresin sareng batuk, namung 
alhamdulilah saparatos dicecer ku landong, tadi enjing tiasa maksakeun ngantor.
  Perkawis sakola SR sareng sakola agama (madrasah) kirang langkung 800 meteran 
ti rorompok, upami tajug mah mung 50 meteran tirorompok.
  Kasakola waktos harita (SR), benten sareng ayeuna, margi sanes buku anu 
dikelek atanapi tas buku anu disorendang teh, namung "sabak" anu dikelek 
atanapi disorendang teh, disorendang pedah bae dina pigurana diliangan teras 
ditalian kanggo nyorendang, dina saku lancingan atanapi kameja saragam, 
solobong atanapi ruas kanggo nyimpen "gerip" paranti nulis.
  Janten disakola diajar ngetang, nyerat sareng ngagambar teh cekap ku "sabak" 
hiji, beres diajar ngetang, kantun mupus diteraskeun dianggo diajar nyerat, 
kitu deui upami diteraskeun diajar ngagambar, seratan anu tadi kantun mupus.
  Janten teu aya palajaran anu kacandak ka rorompok, estu sanapelna dina otak 
we.
  Buku-buku kanggo diajar maca sapertos Taman Pamekar, Taman Sekar, Bahasaku 
sadayana dipasihan nambut tisakola, waktos jam palajaranana.
  Sapertos kitu teh dugika kelas 3 SR, tengah taun pangajaran nembe ngawitan 
nyerat dina buku serat.
  Bumi pun aki harita, rorompok panggung heubeul, dikurilingan ku kebon 
bungbuahan,  
  kentengna mah biasa nganggo kenteng, mung dasar rorompok ku "lampit" (anyaman 
hoe),
  paparabotan mah parabot jaman kapungkur, 1 set korsi tamu di tepas (ruang 
tamu) sareng korsi males hoe, 2 set korsi tamu dirohangan tengah, 1 set korsi 
paranti tuang, bufet, lomari, dipan, meja serat, ranjang beusi, jam neng nong 
sareng sajabina.
  Upami dirohangan paranti tuang mah sajabina korsi/meja makan, gramophone (anu 
diengkol tea), gondewa panah sareng wadah paserna (aya 4 set upami teu lepat 
mah).
  Sim abdi waktos harita mondok mah sok sasarengan sareng aki sareng nene.
  Ke upami "rurukan" teh naonna...??
  Upami maksadna cacah jiwa di Sindangbarang waktos harita, duka sabaraha 
kuren, mung bae sakola (SR) Negeri aya 2, madrasah ibtidaiyah 1, SMP negri 1, 
SPG C/I (satingkat SLTP), teras kantor-kantor pamarentahan, kantor kawadanaan, 
kantor kacamatan, kantor desa, kantor Koramil, kantor Polsek, teras 
kantor-kantor dinas sanesna sapertos ; Penmas, KUA, Pertanian, BPMD, Klinik, 
Gudang Uyah, PGRI sareng sajabina.
  Upami tajug mah, palih kuloneun rorompok, persis sisi Cisadea, waktos harita 
mah masih keneh weweg, pernahna palih tengeneun (katuhu) rorompok.
  Sim abdi di Sindangbarang tibarang emut, lahir sasih Oktober 1954, dugika 
kelas dua SMP taun 1968.
   
  Aya kapanasaran, manawi aya anu uninga :
  1. Nuju alit upami aya barudak pasea pan sok siling ciduhan,
     Tah ku sepuh teh sok dihulag ; "Cudah-ciduh kawas "aul"......!!
     Tataros kaditu kadieu naon "aul" teh, aya anu nerangkeun (hilap deui 
saha), cenah ;
     Aul teh sabangsa sato, pakarangna cai ciduh, upami keuna ku ciduhna tiasa 
tutung 
     sapertos kabeuleum, rupina siga "oa" (monyet anu buluna abu-abu, 
beungeutna hideung
     teu aya buntutan) jangkungna saageung budak kirang langkung sameteran, 
leumpangna
     ku dua suku, dampal sukuna siga dampal suku jalmi mung pendek, sareng 
pabalik, 
     keuneungna dihareup, ramona palih tukang.  Wallahu alam, leres aya sato nu 
kitu..??
   
  2. Upami pasosore ngebak di wahangan, atanapi kokojayan di leuwi, ku sepuh 
sok dicaram,
      pajar teh : "Bisi aya "lulun samak".....!!
      Turas-taros kaditu kadieu, kenging katerangan ti pun nini (almarhum), 
saurna ;
      Waktos pun nini alit, kantos aya nu nyandak bangke "lulun samak" ka 
kantor kacamatan
      nya harita oge pada ngarogrog, ari eta bangke lulun samak teh kandelna 
dua ramo, 
      ageungna 3 atanapi 4 kalian sajadah, namung pinuh ku duka mata duka 
sungut.
      Eta sato lulun samak sok ngamparkeun maneh, ngantosan mahluk darat anu 
mentas 
      wahangan, upami kaleressan katincak, kumargi pinuh ku panon/sungut 
tangtos leueur,
      tah sato-sato darat teh biasana sok tisoledat, gebrug labuh luhureun 
amparanana, nya 
      teras we digulung dijantenkeun parab manehna. Wallahu alam..., aya kitu 
sato eta..??
   
  Uluh naha geuning janten kamalinaan.
   
  Pihatur
  ssw
      
  mamangantra2000 [EMAIL PROTECTED]
          Tuh, Pih: Ngajentrekeun hiji hal, aya hal sanesna nu abdi teu terang 
deui bae. Tapi, samentawis, perkawis kocap eta mah urang simpen 
heula bae. 

Abdi hoyong gaduh gambaran nu langkung jentre ngeunaan sakola, 
tajug, oge bumi nu dilinggihan ku Apih. Eta bumi teh kumaha 
kaayaannana. Boh wangunananan, oge sakurilingna. Kumaha kaayaan bumi 
tuang eyang teh? Abdi hoyong terang gambarananana. Kalebet, parabot 
naon bae nu aya harita? Naha Apih kulem nyalira? Maksadna kagungan 
kamar ku anjeun atanapi kumaha?

Perkawis lingkungan, leres dina posting Apih sateuacanna tos aya 
sapalih. Nanging, abdi hoyong terang kumaha kaayaan rurukan di palih 
dinya harita. Kinten-kinten sabaraha kuren nu caralik di eta rurukan 
teh? Tajugna palih mana? Sareng kumaha kaayaan fisik/materina? 
Kinten-kinten sabaraha meter ti bumi Apih? Palih mana? Tengen 
atanapi kiwa? (Nanging punten deui, sanaos abdi terang kocap tengen 
sareng kiwa eta, abdi saleresna teu terang: Mana nu "kiri", mana 
nu "kanan". Pon kitu deui katuhu atanapi kenca).

Oge, Apih di Sindangbarang teh ti taun sabaraha dugi ka taun 
sabaraha?

Baktos,
Pun Maman


      Recent Activity
    
      13
  New Members
  
      1
  New Files

Visit Your Group 
  SPONSORED LINKS
      
   Culture change  
   Corporate culture  
   Cell culture  
   Organization culture  
   Tissue culture

      Y! Messenger
  Quick file sharing
  Send up to 1GB of
  files in an IM.

    Yahoo! Mail
  Get it all!
  With the all-new
  Yahoo! Mail Beta

    Yahoo! Photos
  Upload & Order
  Same-day pickup
  at Target



  .

 
         


http://cikundul3.multiply.com
  Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
  Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda

Kirim email ke