Anggapan jelema baheula umurna leuwih panjang, beda jeung nu sabenerna. Mummi2 nu kapanggih di Mesir, lolobana nunjukkeun umurna kurang ti 40 taun!. Alexander The Great (aya nu nyebutkeun eta teh Iskandar Zulkarnain nu aya dina Al Qur'an) lamun teu salah umurna teu nepi ka 50 taun.
Panyakit, kalaparan, peperangan salah sahiji nu nyababkeun jalma baheula umumna parondok umurna. Ayeuna harepan hirup manusa, beda- beda diunggal nagara, gumantung kana kamakmuran hiji nagara. harepan hirup urang Jepang, sabudeureun 70 taun. Indonesia, di taun 1970'an mah ngan tepi ka umur 45 taun, ayeuna rada ningkat, 50-55 taun (lamun teu salah), ngan acan tepi ka 60 taun mah. Baktos, WALUYA --- In [email protected], mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > cek beja, yuswa nabi Adam, Nuh, sarebu tahun. kuring mah ngabayangkeun teh > kaayaan alamna. pastina sagalana leuwih badag ti batan lingkungan hirup > jelema nu umurna saratus taun. malah bisa jadi jaman nabi adam mah, balita > teh, bawah lima puluh taun. hehe.

