Wilujeng siang teh ely... abdi bade mairan anu paragraf ieu weh, da
anu lainna mah teu aya waktos.

Para Mahasiswa, ieu teh calon pemimpin bangsa atanapi calaon
penganggur oge, maranehna boga tugas utama belajar supaya duit ti
kolotna manfaat. Maenya teu karunya ka ema ka bapa, nu kuli macul
ngabedug, atawa dagang bongsang, atawa tani kacang panjang, ari pek
duitna ku siujang kalahka dipakai macaan milist, waktu keur diajar
dipakai mukaan milist. Komo kang BOHAY mah nu sakolana adiministrasi
(tata tuliuis) diluar negri LN anu tangtu duitna lain saeutik, komo
lamun make beasiswa ti nagara mah, duh lebar teuing waktuna dipake
mukaan milist, komo dipake ngareply ka Ely bari hayang kapuji pedah
sakola di LN, sing karunya kanu mere biaya atuh kang, atuh lamun
maksakeun oge mukaan milist bisa, ngan hasilna engke jadi BOHAY MBA
(Master Bari Andekak) da mukaan milistna bari andekak.


teh, kuring teu pisan2 hayang kapuji ku teteh. teu aya gunana pisan
dipuji ku teteh. da teteh mah inohong oge lain. rek nanahaon, moal
jadi matak.
teh, asal teteh terang, kuring teu dibiayaan ku nagara, murni ieu mah
duit pribadi jeung company kuring. kuring samangsa kuliah bare usaha,
dadagangan, leuleutikan, anu akhirna jadi gede.Alhamdulillah, salaah
sahiji hasilna tiasa ngabiayaan kuring sakola deui.
jadi kuring mah teu ngarasa ngarugikeun nagara.
Teh, asal teteh terang, abdi mah macaan milisna oge teu bare andekak,
kadang2 ngadapang, kadang2 emok,,, atanapi bare ngojay...

Tos, heup teh elly, tong tebar pesona wae ka abdi. da sawios abdi
bujangan, abdi mah atos gaduh calon. anu pastina leuwih geulis ti
teteh. da teteh mah emang teu geulis, bakating ku hayang disebut
geulis, eta dina alamat surelek nepi ka dipasang "cantik". kunaon teh?
teu aya deui anu nyebat geulis ka teteh iwal ti teteh nyalira?
heuehuehue...

Insya Alloh teh, engke pami abdi aya waktos, bade nyimpang ka Jongko
DVD bajakan teh Elly di Dalem Kaum...

cag ah,,,

-Bohay-




On 12/20/06, ely evalita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Wilujeng siang baraya,
>
> Kang BOHAY, kang Waluya, teh Ika, kang Jaka,  neng IVA, kum wae sadaya warga 
> US,  wilujeng tepang deui didunia maya.
>
> Kamari abdi ngantunkeun warnet wanci kieu, teras ka dalem kaum, ngabaso, 
> teras kukurilingan, uih sonten, atuh ahirna ayeuna ka warnet deui jam sakieu 
> oge, langsung muka milist US, tos aya 78 posting.
>
> Abdi maca sadayana, hiji-hiji dibaca, dibaca anca, tapi dibaca wungkul, upami 
> saur murangkalih  sakolaanmah menangkap informasi, hartosna  masih tingkat 
> panghandapna, eta informasi heunteu diolah (dianalisa), mung dibaca wungkul 
> we, janten nu nempel dina pikiran mung 1% kitu oge upami nempel, teu 
> kairongrong acan hoyong ngadamel sintesa posting kanggo kaperyogian nga reply.
>
> Sabaraha jam anu diperyogikeun ?
>
> Abdi seep du jam satengah mung kanggo maca wungkul.
>
> Ayeuna mulai permainana:
>
> Saha jalmi anu gaduh waktos sadinteun kersa maca hiji milist dugi ka dua jam 
> satengah ? Pastina jalma pangangguran, atanapi nu nuju stress, atuh oge jalmi 
> anu teu tiasa gaul langsung (direct conversation), tangtos dina kelompok ieu 
> teh aya pensiunan, aya mahasiswa kuulen jsb.
>
> Ayeuna tinjau:
>
> Kaum profesional,  mangga hoyong kelompok mana nu didamel conto, pialang, 
> dokter, pengacara, rekayasawan, pilot. Candak we pengacara, misalna Rohut S. 
> Si abang Rohut tarifna US $ 400/jam (tiga juta enam ratus ribu rupiah/jam), 
> upami dua jam maca posting milist US, hartosna anjeuna ical artos 
> kinten-kinten 7 juta/2jam/hari, upami sataun sami sareng 1,4 milyar (untuk 
> 200 jam kerja yang hilang), atuh pamarentah Indonesia oge ical artos 30% tina 
> pajak Rohut. Upami macana weungi, kanggo naon ? mending dianggo istirahat 
> atanapi membina keluarga.
>
> Kaum buruh, mangga kelompok mana anu bade dianggo conto, naha buruh anu 
> didamel dinagara nu disebat pagawe negri, atanapi buruh swasta. Candak we 
> dua-duana.
>
> Misal buruh swasta, anu pang hebatna misalna teh IKA, anu tisusut 
> tidungdungdung, buburuh nepi kasubuh, kuli nepi ka janari hanya untuk sesuap 
> nasi. Cobi candak waktosna 2,5 jam kanggo maca milist, sabaraha energi + 
> artos nu ical, mending dianggo istirahata atuh, pasti teh IKA teu tiasa maca 
> milist, upami dipaksakeun pasti ngajoprak. upami teh IKA tetep maksakeun, 
> pasti mukana sakainget curuk mencet nu mana, replyna oge asal jadi, kadang 
> anu diserat tebih sareng nu aya dina fikiran, antukna sabulang bentor.
>
> Misal buruh nagara, diantawisna guru, dosen, pagawe pemda, pagawe kecamatan. 
> Atosmah gajih leutik, waktosna 2,5 jam dipaksakeun maca milist, teu nalar 
> namina, saur pun bapamah teu nalipak maneh, mending oge dianggo mikir kumaha 
> tiasa usaha diluar sarengsena ngalaksanakeun tugas utama, kanggo nambih 
> risiko dapur. Upami maksakeun, contona  kang Waluya guru fisika, atuh hasilna 
> oge upami nga reply pasti seueur lepatna, margi emutanana pagunyeng-gunyeng 
> sareng kumaha carana ngatur risiko dapur, artina daya nalarna katutupu ku 
> kasusah, atuh nya replyna oge sahabekna we duka kamana arahna, anu penting 
> aya we, anu penting kang Waluya posting, padahal sacara teu sadar kang engke 
> nuju ngawulang murid oge pikiranana kangganggu, dina pikran kang Waluya nuaya 
> ngan "kumaha carana ngareply Ely nu baong, nu calutak". Komo pangkat dosen 
> mah moal aya anu kersa ngaluangkeun waktos muka  atanapi maca milist model 
> kieu, upami aya tiasa dipastikeun eta dosen nuju prustasi atanapi bade 
> kehilangan existensina, bahasa kerenamah menuju "Post power sindrom"
>
> Usahawan atau kelompok wiraswastawan, aduh akang nu karasep, teteh anu 
> gareulis, moal aya usahawan maksakeun muka milist, maranehnamah motona oge 
> "Time is money", kanggo naon muka milist nu jelas miceun artos, tukang cukur 
> we misalna dua jam maca milist hartosna jam 10000 rupiah ngalayang, hartosna 
> 2 langganan kabur, komo deui usahawan tingkat Bakri atanapi Sudono Salim anu 
> sajamna tiasa menciptakan 2 milyar, naha kersa miceun waktos maca milist.
>
> Penguasa, misalna direpresentasikeun ku lurah, camat, bupati, walikota, 
> gubernur jsb, aduh bakal ancur atuh pamarentahan upami penguasa menghabiskan 
> 2,5 jam perhari kanggo mukaan e-mail di milist, bade kumaha ngatur 
> pemerintahan atuh. Malih kelompok nu kieu mah no HP na oge mung kanggo 
> sababaraha jalmi, untuk keluarga, untuk atasan, untuk bawahan langsung, untuk 
> relasi.
>
> Para Mahasiswa, ieu teh calon pemimpin bangsa atanapi calaon penganggur oge, 
> maranehna boga tugas utama belajar supaya duit ti kolotna manfaat. Maenya teu 
> karunya ka ema ka bapa, nu kuli macul ngabedug, atawa dagang bongsang, atawa 
> tani kacang panjang, ari pek duitna ku siujang kalahka dipakai macaan milist, 
> waktu keur diajar dipakai mukaan milist. Komo kang BOHAY mah nu sakolana 
> adiministrasi (tata tuliuis) diluar negri LN anu tangtu duitna lain saeutik, 
> komo lamun make beasiswa ti nagara mah, duh lebar teuing waktuna dipake 
> mukaan milist, komo dipake ngareply ka Ely bari hayang kapuji pedah sakola di 
> LN, sing karunya kanu mere biaya atuh kang, atuh lamun maksakeun oge mukaan 
> milist bisa, ngan hasilna engke jadi BOHAY MBA (Master Bari Andekak) da 
> mukaan milistna bari andekak.
>
> Para penganggur, pensiunan. Tah ieu anu paling cocok, sabab killing time 
> namina, waktu terasa cepat, teu karaos nganggur, teu karaos pensiun, terang 
> terang tos bade maot weh. Cobi upami penganggur teu aktif kana milist, dua 
> setengah jam itu terasa setahun, upami sabar teu nanaon, upami teu sabar 
> lumpatna kana DUGEM, kana nyepet, malah bisa-bisa gogodeg sorangan  jsb, kitu 
> oge pensiunan atuh bisa ngalamun wae gawena mikiran nasib .....
>
> Berapa waktu yang terbuang ?
>
> Upami anggauta milist US 1500, sadayana maca (wungkul) heunteu ngareply, 
> ditaksir 3000 jam/hari energi warga sunda ngalayang.
>
> Tapi kanggo abdi  anu nuju nganggur meuni asa katulungan yeuh ku milist US 
> teh, "Killing time" tea atuh. Tuh geuning teu karaos tos opat jam di Warnet, 
> janten 20000 rupiah eun yeuh.
>
> Tah kitu akang, ceuceu ngacaprukan Ely teh.
>
> Tapi Elly-mah resep gaul jeung sasama sunda teh, sababna karasa urang sunda 
> mah gede hampura, tara neuteuli, ngambek teh ngambek nyaah, janten upami 
> ayena Ely dibenduan ku sadaya anggauta milist teh Ely mah bungah, hartosna 
> para warga masih nyaah ka Ely.
>
> Tapi abdi sebagai urang sundateh ngaraos heran, kunaon dididik sieunan, jadi 
> we bodo, buktosna urang sunda bodo teh teu bisa milih pimpinan, buktosna 
> hasilna dimana-mana di tatar sunda seueur pimpinan hasil pilihan rakyat mun 
> teu korupsi eh kalakuanana ka arah dzolim. Padahal mun urang dididik pinter, 
> engkena bisa kritis, bisa wani nuduhkeun ka pimpinan yen tindakana salah, ari 
> ayeunamah pan heunteu !
>
> Tah ayeunamah sebagai tantangan pertama, kumaha upami urang 
> Galakeun/embarkeun/iklankeun Yen nu kudu diajenan/dipieling ku urang sunda 
> teh IBU DEWI SARTIKA, urang ayakeun tiap tahun hari Dewi Sartika dengan 
> meriah ..... sok deur ah.
>
> Sakieu heula atuh ti Ely, ieu patuangan tos kukurubukan, bade ka "SAWIOS" 
> heula, hayu kang BOHAY, teh IKA, Kang Waluyo ka sadayana di Antos jam 02.30 
> di SAWIOS.
>
> Sok kang Waluya, kang Bohay seuseulan deui Ely, awas mun heunteu, hartosna 
> teu nyaah ka Ely wew........
>
> Insya Allah, sanes waktos Ely bade nyobi sadaya posting dibaca, dianalisa, 
> disintesa teras di reply, mung bade ngayaktoskeun yeun milist teh ageung 
> pisan gunana kanggo jalmi pangangguranmah.
>
> salam
> Ely Evalita nu geulis tea.
>
> Note:
> Posting selanjutnya Ely ingin membahas isi posting milist kebanyakan tak 
> mengarah, amburadul, asal-asalan dll, karena ditulis oleh orang awam atau 
> orang yang bukan ahlinya, bahkan orang iseng.
>
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
> http://mail.yahoo.com
>
>                   

Kirim email ke